Babarit
Pidangan
Babarit nyaéta hajat nyalametkeun (salametan) lebur. Babarit ogé nunjul kana salametan pikeun anu keur kakandungan.[1] Carana, salembur nyangu kawas rék lebaran. Kayaning nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipingpin ku kokolot lembur, ngariung di hiji tempat, atawa ngajajar sisi jalan désa. Sanggeus kokolot lembur nyeungeut menyan, terus ménta-ménta ka karuhun, supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa misibat.[2] Acara saterusna dahar balakecrakan disambi ku ngabagikeun rujak kanistrén.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa SundaLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. hlm. 23. ISBN 9786026475275. Disungsi25 Désémber 2024
- 1 2 Ajip, Rosidi (2000). Edible Medicinal and Non-Medicinal Plants: Volume 1, Fruits. Universitas Michigan: Universitas Michigan. hlm. 553. ISBN 9789794192597.
- Rosidi,Ajip.2007.Pamager Basa.Bandung:Geger Sunten
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |