Bahan Tambahan Pangan
Bahan tambahan pangan nyaéta bahan atawa zat nu sangaja ditambahkeun kana pangan dina jumlah nu kawilang saeutik, sangkan bisa ningkatkeun kualitas pangan diantarana; kanampakan, tekstur, ningkatkeun cita rasa jeung manjangkeun umur simpan.[1] Bahan tambahan pangan téh asal muasalna bisa asalna tina bahan alami nyaéta sato jeung tutuwuhan atawa bisa ogé tina bahan sintétis.[2] Salain éta, bahan tambahan pangan bisa ningkatkeun kandungan gizi saperti; protéin, mineral jeung vitamin. [3] Bahan tambahan pangan (BTP) ogé bisa kaasup kana jinis bahan pangan nu sacara teu langsung (aditif teu langsung) digunakeunnana pas dina prosés jieun; nyaéta prosés mungkus (kemas) atawa bisa ogé salila prosés panyimpenan/pangangkutan. [1]
Jumlah bahan atawa zat nu biasa ditambahkeun kana pangan téh kudu dumasar kana aturan Food and Drug Administration (FDA) [1] atawa Badan Pengawas Obat dan Makanan Amerika Serikat nu miboga tugas ngatur makanan atawa kadaharan, suplemén makanan, obat-obatan jeung kosmétik di Amerika Serikat.[4] Sangkan jumlah bahan atawa zat anu ditambahkeun kana pangan téh aman jeung henteu miboga éfék racun (GRAS/Generally Recognized as Safe).[5]
Jinis Bahan Tambahan Pangan
[édit | édit sumber]Dumasar kana Peraturan Menteri Keséhatan RI No. 722/Ménkés/Per/IX/88, bahan tambahan pangan (BTP) digolongkeun kana sababaraha jinis[6].
Pewarna, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngahadéan rupa pangan.
Pemanis buatan, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nambahkeun rasa amis kana pangan.
Pangawét, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur manjangkeun umur simpan; nyegah atawa ngahambat férméntasi, pengasaman dina pangan nu disebabkan mikroba.
Antioksidan, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngahambat prosés oksidasi lemak, sangkan lemak teu bau tengik.
Antikempal, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nyegah ngagumpalna pangan nu mangrupa serbuk saperti tipung atawa bubuk.
Penyedap rasa jeung aroma, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nambahkeun rasa jeung aroma.
Pangatur keasaman, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngatur keasaman, nétralkeun jeung mertahankeun darajat keasaman pangan.
Pemutih jeung pematang tepung, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngagancangkeun kana prosés pemutihan atawa kematangan tipung, sangkan mutu tina bahan pangan jadi leuwih alus.
Pangémulsi, pamantap jeung pangentel, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngabantu kabentukna sistem dispérsi dina bahan pangan nu homogén.
Pangheuras, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngaheuraskeun atawa ngabantu bahan pangan henteu jadi leuleus.
Sekuéstran, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur ngiket ion logam nu aya di jero pangan, sangkan mantapkeun kana warna, aroma jeung tékstur.
Salain jinis BTP nu dicantumkan dina Peraturan Menteri Keséhatan RI No. 722/Ménkés/Per/IX/88, aya ogé jinis BTP lainna nu sering digunakeun kana bahan pangan, nyaéta diantarana :
Énzim, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nguraikeun dina jero bahan pangan sacara énzimatis, sangkan ngajieun bahan pangan jadi leuwih empuk, leuwih larut jeung sajabana. Énzim téh bisa dihasilkeun tina sato, tutuwuhan atawa mikroba.
Panambah gizi, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nambahan atau ningkatkeun gizi dina bahan pangan, nu bisa mangrupa asam amino, mineral atawa vitamin.
Humektan, nyaéta jinis BTP nu digunakeun keur nyerap lembab atawa uap cai, sangkan bisa mertahankeun kadar air dina bahan pangan méh henteu gancang bari atawa bulukan.
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ a b c Nutrition, Center for Food Safety and Applied (2020-02-20). "Overview of Food Ingredients, Additives & Colors" (dalam bahasa en). FDA. https://www.fda.gov/food/food-ingredients-packaging/overview-food-ingredients-additives-colors.
- ↑ "Food additives". www.who.int. Diakses tanggal 2020-11-26.
- ↑ Direktorat Surveilan dan Penyuluhan Keamanan Pangan (2006). Pemanfaatan Zat Aditif Secara Tepat. Lampung: Badan Pengendalian Obat dan Makanan (BPOM). p. 12.
- ↑ Commissioner, Office of the. "U.S. Food and Drug Administration". FDA. Diakses tanggal 2020-10-25.
- ↑ Nutrition, Center for Food Safety and Applied (2020-10-05). "Food Additive Status List" (dalam bahasa en). FDA. https://www.fda.gov/food/food-additives-petitions/food-additive-status-list.
- ↑ Peraturan Menteri Kesehatan RI No: 722/Menkes/Per/IX/1998Tentang Bahan Tambahan Pangan. Jakarta: Depkes RI. 1998.