Balé Kota Sukabumi
Balé Kota Sukabumi nyaéta tempat atawa kantorna wali kota Sukabumi.[1] Dumasar kana sajarahna, Kota Sukabumi ditetepkeun jadi hiji wilayah di Jawa Kulon 1 April 1914. Nanging, teu boga kantor mandiri anu répréséntatif. Salasahiji alesanana nyaéta teu boga anggaran pikeun ngawangun gedong pamaréntahan.[2] Ampir dua puluh taun, Kota Sukabumi teu boga kantor sekretariat daérah anu mandiri. Pikeun ngajalankeun program pamaréntahan, Déwan Kota ngilu di salasahiji rohangan di Afdelingsbank, anu kiwari lokasina deukeut jeung kantor Bank Mandiri. Kagiatan rapat mimiti di éta tempat dilaksanakeun di 29 April 1914. Kurang leuwih opat taun kagiatan pamaréntahan ngilu di Afdelingsbank. Tuluy, pindah deui ka gedong urut sakola anu kiwari lokasina deukeut jeung Mapolrés Sukabumi Kota. Lantaran Kota Sukabumi, teu boga kantor pamaréntahan anu mandiri, status wilayahna pernah rék dicabut ditaun 1924, nanging lantaran loba nu nyawad éta usulan ahirna ditolak.[3]
Walikota Mimiti jeung Lie Ek Tong
[édit | édit sumber]Taun 1925, G.F. Rambonnet kapilih jadi wali Kota mimiti di Kota Sukabumi. Oktober 1925, pikeun ngajalankeun sistem pamaréntahan, Pamaréntah Kota Sukabumi nyéwa tempat, anu pernahna di Tjikoleweg No. 23. Lie Ek Tong mangrupakeun pangusaha Tionghoa anu miboga éta tempat. Kagiatan operasional anu aya patalina jeung pamaréntahan mulai aktif di éta tempat. Éta tempat téh dingaranan Balé Kota atawa door de Gemeente Sukabumi Gebruikt als Gemeentehuis. Balé Kota ogé mindeng dipaké pikeun tempat ibadah Jemaat Gereja Reformasi, lantaran nalika harita jemaat garéja masih kénéh hésé néangan tempat pikeun ibadah. Ku kituna, Wali kota G.F. Rambonnet méré solusi, yén Balé Kota sementara gaé dijadikeun tempat pikeun ibadah, sedengkeun kantor pikeun Wali Kota G.F. Rambonnet pindah di salasahiji imah Lie Ek Tong di Cikoleweg Nomor 15.[2]
Taun 1932 aya résési ékonomi, anu ngalantarankeun pangusaha Lie Ek Tong bangkrut. Lantaran pangabutuh anu makin réa, ahirna wangunan anu dijadikeun Balé Kota Sukabumi ahirna dijual ka Pamaréntah Sukabumi kalawan harga 12.600 Gulden.[2]
Eugene Knaud: the right man in the right place
[édit | édit sumber]Eugene Knaud mangrupakeun arsiték ti Surabaya anu miboga pangalaman gawé dua puluh taun leuwih. Karya-karyana di antarana pangwangunan Palabuan Surabaya, wangungan-wangunan Aniem jeung proyék torowongan Merawa, nepi ka proyék pangwangunan karéta api. Méi 1920, G.F Rambonnet ngirim télégram ka Eugene Knaud sangkan bisa mantuan pangwangunan di Kota Sukabumi.[4]
Eugene Knaud kapapancénan pikeun ngarancang Balé Kota Sukabumi, anu miboga konsép art deco sarta nyokot konsép has suhunan Sunda Julang Ngapak. Eugene Knaud gawé bareng jeung mandor utama ngaranna Atmosoejono jeung mandor Djudin. 22 Fébruari 1934, wali kota Sukabumi G.F Rambonnet ngaresmikeun Balé Kota Sukabumi.[3]
Plaza Balé Kota Sukabumi
[édit | édit sumber]Plaza Balé Kota Sukabumi mangrupakeun ikon anyar di Kota Sukabumi. Ieu tempat diresmikeun 10 Novémber 2022. Plaza Balé Kota Sukabumi mangrupakeun ruang publik anu bisa dimangpaatkeun fasilitasna ku masarakat.[5]
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Mardiyyah, Nida Salma. "Berwawasan Sejarah, Intip 4 Fakta Jejak Historis Balai Kota Sukabumi - Sukabumi Update". Berwawasan Sejarah, Intip 4 Fakta Jejak Historis Balai Kota Sukabumi - Sukabumi Update (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-04-01.
- ↑ a b c Sumardi, Endang. "BALAI KOTA SUKABUMI SEBELUMNYA MERUPAKAN SEBUAH BANGUNAN BESAR MILIK LIE EK TONG – Portal Resmi Kota Sukabumi". portal.sukabumikota.go.id. Diakses tanggal 2023-04-02. Archived 2023-04-02 di Wayback Machine
- ↑ a b Uploader. "Catatan di Balik Sejarah Balai Kota Sukabumi | Radar Sukabumi" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-04-02.[tumbu nonaktif]
- ↑ Thommy, Ardhian. "J.M. Knaud: Herinneringen Aan Soeka Boemi (Sukabumi Dalam Kenangan) - Bagian 4". Ngaji Arsip dan Sejarah Kota Sukabumi. Diakses tanggal 2023-04-02. Archived 2023-04-02 di Wayback Machine
- ↑ -, Hendriansyah. "Plaza Balai Kota, Ikon Kebersamaan Pemerintah dan Masyarakat – Portal Resmi Kota Sukabumi". portal.sukabumikota.go.id. Diakses tanggal 2023-04-02. Archived 2023-04-02 di Wayback Machine