Basa Manusa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bahasa[édit | édit sumber]

Bahasa mangrupi kakhususan nu ngabédakeun manusa sebagai sato nu miboga akal.[1] Ku kituna, manusa ku ayana bahasa bisa hirup ngalakonan peran nu dipibogana dina kahirupan sosial, kahirupan ékonomi, jeung kahirupan beragama. Sacara khusus, bahasa mangrupi anugrah ti Gusti nu pohara pentingna dina kahirupan manusia, nu mana ku alatan bahasa manusa bisa wanoh ka dirina, wanoh ka lingkunganna, jeung wanoh ka Pangeranna.

Pengertian para ahli[édit | édit sumber]

  1. 1. Ahli Psikologi

Numutkeun kana pendapat ahli psikologi, bahasa nyaéta sakur-sakur alat nu dipaké nalika nepikeun sagala rupa nu dirakauen manusa ka lianna.

  1. 2. Ahli Sosial

Edgar Steele miboga pendapat yén bahasa mangrupi aturan tina sistem kekecapan nu miboga harti, dipaké ku anggahota masarakat tinangtu pikeun interaksi tur sosialisasi.

  1. 3. Ahli Logika

Sawaréh ahli logika nyebutkeun yén bahasa téh miboga tilu pungsi dina kahirupan manusa : a. Sabagé wasilah pikeun komunikasi, nyaéta pikeun ngomunikasikeun kaperluan, emosi, pemikiran, jeung sajabana. b. Sabagé alat nu ngabantu inteléktual. c. Alat pikeun ngarékam jeung rujukan. Bahasa nu dimaksud nyaéta bahasa tulis nalika dituliskeun ku manusa ngeunaan hiji kaayaan atawa pasualan atawa buah pamikiran jeung pendapat, tulisan bisa dijadikeun alat rujukan dina waktu-waktu tinangtu.

  1. 4. Ahli Filsafat

Bahasa nyaéta panglarapan sistem bunyi/sora anu terstruktur pikeun nétélakeun pamikiran jeung logika hiji jalma kanu lianna.

Téori medalna bahasa manusa[édit | édit sumber]

  1. Téori Revelasi

Numutkuen kana téori ieu, bahasa manusa mimiti medalna dina kahirupan manusa mangrupi wahyu ti Gusti Alloh langsung ka manusa. Téori ieu mibanda dalil tina QS. Al-Baqarah:31, "وعلم آدم الأسماء كلها" Jeung Alloh parantos ngajarkeun Adam sakumna ngaran-ngaran.

  1. Téori Mimésis

Numutkeun kana téori ieu, manusa mimitina nyieun istilah-istilah pikeun hiji banda atawa lingkungan, atawa kajadian numutkeun kana rupa jeung sorana. Misalna, sasatoan nu aya di lingkungan hirupna dingaranan dumasar kana sorana. Dingaranan 'embé' ku sabab sok ngaluarkeun sora 'embééé...', jeung sajabana.

  1. Téori Perumusan Bahasa

Téori ieu ngasumsikeun yén bahasa di hiji paguyuban manusa mangrupi hasil badami masarakatna dina ngarumuskeun istilah-istilah.

  1. Téori Insting Bahasa

Téori ini ngasumsikeun yén bahasa téh aya dina kahirupan manusa numutkeun kana insting jeung rasa manusa kana lingkugan sabudeureunnana. antukna ku ngandelkeun kana perasaan jeung instingna eta, manusa bisa méré ngaran kana sakur-sakur paralatan jeung istilah-istilah komunikasi di lingkunganna.

Référénsi[édit | édit sumber]

Sikkien, Abd Hamid. 2014. Al-Madkhol Fi 'Ilmi Al-Lughoh. Kairo : Al-Azhar University Press.

  1. [Descartes, Sikkien, Abd Hamid. 2014. Al-Madkhol Fi 'Ilmi Al-Lughoh. Kairo : Al-Azhar University Press], Kaca 35.

https://id.wikipedia.org/wiki/Bahasa