Britney Spears
| Britney Spears | |
|---|---|
Britney Spears in 2013 | |
| Gumelar | Britney Jean Spears 2 Desémber 1981 McComb, Mississippi, USA |
| Atikan | |
| Pagawéan | Artis, Panyanyi, Penari |
| Taun aktip | 1992 - ayeuna |
| Pasangan |
|
| Anak | 2 |
| Kolotna | |
| Kulawarga |
|
| Anugrah | Full list |
| Karir musik | |
| Aliran | |
| Lébel | |
| Tanda tangan | |
| Situs web | |
| www | |

Britney Jéan Spéars atawa nu dipikawanoh ku ngaran Britney Spéars (gumelar di McComb, Mississippi Amérika Serikat, 2 Desember 1981; umur 44 taun) nyaéta saurang panyanyi asal Amérika Serikat.[2] Ti leuleutik manéhna resep senam jeung jogéd.[2]
Karir
[édit | édit sumber]Nalika umur sabelas taun, Britney Spéars miluan audisi pikeun serial The New Mickey Mouse Club sarta ditarima.[2] Di serial ieu, Britney papanggih jeung Justin Timberlake anu ahirna jadi kabogohna.[2] Taun 1997, Britney ngagabung jeung grup Innosense anu anggotana awéwé hungkul.[2] Britney ogé mimiti jadi artis dina acara bubuka konser 'N Sync jeung Backstreet Boys.[2] Lagu kahiji na,...Baby One More Time dirilis ahir taun 1998, lagu ieu asup ka MTV's 100 Greatest Pop Songs of all time.[2]
Bulan Desember 1999, Britney meunang opat penghargaan dina acara Billboard Music Awards, kaasup kategori Female Artist of the Year.[2] Dina Grammy Awards 2000, Britney meunang dua ketegori nyaéta salaku Best New Artist jeung Best Female Pop Vocal Performance.[2]
Kahirupan Pribadi
[édit | édit sumber]Sanggeus opat taun bobogohan jeung Justin Timberlake, ahirna papisah di taun 2002.[2] Tuluy di taun 2003, Britney nikah jeung Jason Allen Alexander tanggal 3 Januari 2004 di The Little White Wedding Chapel, Las Vegas.[2] Tapi pernikahan ieu ngan tahan nepi ka 55 jam.[2] Britney tuluy bobogohan jeung penari latarna Kevin Federline.[2] Britney nikah jeung Kevin tanggal 18 Séptember 2004.[2] Britney ngalahirkeun anak kahijina, nyaéta Sean Preston Federline tanggal 14 Séptember 2005, anak kadua na nyaéta Jayden James Federlier lahir tanggal 12 Séptember 2006.[2]
Lagu Nu Paling Kasohor
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Peters, Beth (1 July 1999). True Brit: The Story of Singing Sensation Britney Spears. Random House Digital, Inc. hlm. 11–12. ISBN 978-0-345-43687-0. Diaksés tanggal 10 July 2012.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 Britney Spears (Diakses tanggal 14 November 2011)
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Lagu Archived 2011-07-02 di Wayback Machine (Diakses tanggal 14 November 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |