Déklarasi Bangkok

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Runtuyan taun nagara ASEAN ngahiji

Déklarasi Bangkok (basa Inggris: Bangkok Déclaration) nyaéta dasar kapentingan nasiona, letak géografis, nasib nu sarua sarta kabudayaan di Asia Tenggara. Déklarasi ieu anu jadi dasar dijieuna ASEAN (Association of South East Asian Nation).[rujukan?] Ditandatangan kaping 8 Agustus 1967 kalawan ditandatangan ku lima wakil nagara nyaéta Adam Malik (Indonésia), Rajaratnam (Singapura), Tun Abdul Razak (Malaysia), Narcisco Ramos (Filipina) jeung Thanat Khomat (Thailand) di Bangkok, Thailand.[1]

Tujuan jeung Eusi Déklarasi Bangkok[édit | édit sumber]

Déklarasi Bangkok teu bisa leupas tina maksud diadegkeuna organisasi di Asia Tenggara nyaéta ASéaN. Dasar nu dijadikeun adegan Déklarasi Bangkok nyaéta:[2]

  1. Sakabéh nagara anggota ASéaN boga tanggungjawab pikeun mancegkeun stabilitas ékonomi jeung sosial budaya di Asia Tenggara.[rujukan?]
  2. Sakabéh nagara anggota ASéaN ngajamin yén pembangungan nasional masing-masing baris lumangsung sacara damai jeung progrésif.[rujukan?]
  3. Sakabéh nagara anggota ASéaN baris ngajaga stabilitas jeung kaamanan nasional ti pihak luar dina sagala wangun maniféstasi.[rujukan?]
  4. Sakabéh pangkalan militér asing sipatna sementara teu digunakeun pikeun ngalakukeun subversi ka kemerdékaan jeung kabébasan nasional nagara anggota ASéaN.[2]

Opat pokok pikiran éta dijadikeun tolak ukur pikeun dijieuna Déklarasi Bangkok nu eusina:[3]

  1. Ngagancangkeun kamekaran ékonomi, kamajuan sosial jeung kamekaran kabudayaan di kawasan Asia Tenggara ngaliwatan usaha-usaha gawé bareng dina sumanget persamaan jeung himpunan sangkan nguatan dadasar pikeun masarakat bangsa-bangsa Asia Tenggara nu makmur jeung tingtrim.[rujukan?]
  2. Ngaronjatkeun katingtriman jeung stabilitas régional kalawan jalan naatan kaadilan tata hukum dina hubungan antara nagara-nagara Asia Tenggara sarta manceg dina prinsip-prinsip PBB.[rujukan?]
  3. Ngaronjatkeun gawé bareng jeung silih bantuan pikeun kapentingan babarengan dina widang ékonomi, sosial, téknik, élmu pangaweruh jeung administrasi.[rujukan?]
  4. Miara gawé bareng nu pageuh di tengah organisasi régional jeung internasional nu aya.[rujukan?]
  5. Ngaronjatkeun gawé bareng pikeun ngamajukeun atikan, profési, téknik, administrasi, latian jeung panalungtikan di Asia tenggara.[rujukan?]
  6. Gawé bareng leuwih éféktif pikeun ngahontal daya guna nu leuwih gedé di widang tatanén, industri jeung padagangan, kaasup nalungtik masalah padagangan internasional bahan atah, transportasi jeung komunikasi sarta ngaronjatkeun taraf hirup rahayat.[rujukan?]
  7. Ngamajukeun studi ngeunaan Asia Tenggara[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Mustopo, M.Habib. 2005. Sejarah: SMA Kelas XII. Jakarta: Yudhistira
  2. a b Chotib, dkk. 2007. Kewarganegaraan 2. Jakarta: Yudhistira
  3. a b Rachmat. 2009. Ringkasan Pengetahuan Sosial. Jakarta: Grasindo