Lompat ke isi

Déménsia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Déménsia (Basa Inggris: dementia, senility) nyaéta istilah anu digunakeun keur ngajelaskeun turunna fungsional uteuk anu disababkeun ku kelainan nu aya dina uteuk.[1] Ieu sindrom patali jeung turunna kamampuan fungsi uteuk saperti kurangna daya inget, turunna kamampuh mikir, kamapuh paham kana hiji hal, ngalakukeun pertimbangan, jeung paham kana basa sarta turunna kacerdasan méntal.[2] Ieu sindrom umumna dialaman ku jalma-jalma lansia anu umurna luhureun 65 taun.[2]

Déménsia ditandaan ku kagangguna méntal hiji jalma anu nyababkeun gangguan mikir jeung leungitna ingetan.[3] Déménsia ogé bisa nyababkeun parobahan sipat jeung laku lampah hiji jalma.[3]

Penderita déménsia umumna bakal ngalaman déprési, parobahan suasana haté jeung kalakuan, hésé sosialisasi, jeung halusinasi.[2] Penderita henteu mampu hirup sorangan jeung ngabutuhkeun dukungan jalma lain.[2] Déménsia sok sering disalahartikeun minangka pikun atawa leungit ingetan padahal henteu bener yén turunna méntal anu serius mangrupa bagéan normal tina penuaan.[4] Loba déménsia anu progrésif, anu hartina gejala mimiti kaciri lalaunana tuluy sacara bertahap jadi makin parah.[4] Henteu sakabéh jalma anu ngalaman turunna daya inget atawa turunna kamampuh fungsi uteuk bisa diasosiasikeun jeung déménsia.[2] Riksakeun ka dokter keur mikanyaho kondisi anu dialami sacara tepat.[2]

Panyabab

[édit | édit sumber]

Déménsia disababkeun ku ruksakna sél-sél uteuk. Ieu karusakan ngaganggu kamampuah sél-sél uteuk keur komunikasi antara hiji jeung nu lainna.[4] Waktu sél-sél uteuk henteu bisa komunikasi sacara normal, mangka fungsi uteuk saperti kamampuan mikir, laku lampah, jeung ngatur émosi bisa kapangaruhan.[4]

Uteuk miboga daérah anu béda-béda, masing-masing boga tanggung jawab anu béda (misalna mémori, pertimbangan, jeung gerakan).[4] Waktu sél-sél di hiji titik ruksak, éta daérah henteu bisa ngalaksanakeun fungsina sacara normal.[4] Contona, dina panyakit Alzheimer, tingkat salah sahiji protéin nu luhur di jéor jeung di sél-sél uteuk luar nyababkeun sél-sél uteuk hésé keur hirup séhat jeung komunikasi jeung nu lianna.[4] Wilayah uteuk anu disebut hippocampus mangrupa puseur pembelajaran jeung mémori di uteuk, jeung sél-sél uteuk di ieu daérah anu mindeng ruksak.[4] Ku lantaran éta, leungitna ingetan sering jadi salah sahiji gejala awal alzheimer.[4]

Gejala-gejala

[édit | édit sumber]

Penderita déménsia umumna ngalaman gejala saluyu jeung panyababna kalawan parobahan kognitif jeung psikologis minangka gejala utama.[2] Gejala anu umumna dirasakeun tina segi kognitif nyaéta:

  • Leungitna ingetan.[2][3] Gejala anu paling umum tina déménsia nyaéta leungitna ingetan, pikun, jeung penuaan.[3] Gejala awal nu mindeng kapanggih nyaéta pohoan contona poho neundeun konci atawa dompét.[3] Gejala ieu bakal makin parah sairing jalanna waktu.[3]
  • Hésé komunikasi jeung néangan kekecapan anu pas.[2][3] Penderita déménsia mindeng hésé néangan kekecapan anu pas keur nepikeun kahayangna.[3] Waktu hal ieu nambah parah, kadang-kadang pasién jadi gancang frustasi jeung gampang ambek.[3]
  • Hésé dina nyieun rarancang jeung ngatur hiji hal.[3] Penderita déménsia kadang hésé pisan migawé tugas-tugas anu hésé.[3] Ieu hal bisa katingali tina hal-hal anu basajan saperti nyeuseuh baju atawa nyiapkeun kadaharan.[3]
  • Disoriéntasi atawa bingung.[3] Salian ti leungitna ingetan, penderita déménsia mindeng bingung.[3]

Salian ti ayana parobahan tina sisi kognitif pasien, penderita déménsia ogé ngalaman parobagan psikis atawa méntal lantaran kurangnga kamampuh uteuk keur mikir jeung nginget sacara jelas.[3] Gejala anu dirasakeun tina sisi psikologis nyaéta déprési, gelisah, parobahan perilaku jeung émosi, ngarasa kasieunan (paranoid), agitasi, jeung halusinasi.[2]

Jenis-jenis

[édit | édit sumber]

Déménsia dibédakeun jadi dua kategori nyaéta déménsia anu bisa cageur jeung nu teu bisa cageur.[3] Kategori nu kahiji nyaéta katégori anu bisa cageur ku cara diubaran kalawan hadé. Panyabab déménsia anu bisa dicageurkeun nyaéta:[3]

  1. panyalahgunaan konsumsi zat terlarang dina waktu anu panjang,
  2. tumor uteuk anu bisa diangkat,
  3. hématoma subdural (pendarahan dina sirah perenahna dina rongga subdural),
  4. gangguan kelenjar tiroid,
  5. kurangna vitamin utamana vitamin B12,
  6. hipoglikemia atawa kurang gula darah,
  7. hidroséfalus tekenan normal (ventrikel uteuk ngagedéan anu ngabalukarkeun leungitna ingetan).[3]

Panyabab déménsia anu teu bisa cageur nyaéta:

  1. Panyakit Alzheimer. Ieu panyakit mangrupa sabab déménsia anu paling umum.[3] Sanajan biasana ieu panyakit dialaman ku nu umurna 65 taun ka luhur, tapi Alzheimer ogé bisa dialaman ku nu umurna sahandapeun éta.[3] Panyabab Alzheimer masih can dipikanyaho sacara pasti, tapi hasil pencitraan uteuk ngagambarkeun yén ayana plak (timbunan protéin béta-amyloid) jeung masa jaringan protéin.[3]
  2. Déménsia vaskular.[3][5][6] Ieu kondisi disababkeun ku ayana karusakan uteuk akibat kurangna aliran getih kana uteuk anu nyababkeun paéhna sababaraha sél uteuk jeung stroke.[3] Déménsia biasa dialaman ku penderita tekanan darah tinggi jeung pasién anu miboga riwayat stroke atawa serangan jantung.[3] Dina tahap ieu numutkeun skala MMSE (Basa Inggris: Mini-Mental State Examination), penderita ngalaman gangguan minor dina oriéntasi tempat, waktu jeung ingetan dina 3 taun mimiti.[7] Ieu tahap disebut MCI (Basa Inggris: mild cognitive impairment) ku turunna ketebalan jeung volume uteuk dina korteks entorinal, hipokampus jeung girus supramarginal.[8]
  3. Déménsia Lewy Body.[3][5] Gejala anu aya nyaéta halusinasi visual jeung gejala panyakit parkinson saperti leungeun ngadégdég (trémor) jeung otot kaku.[3] Penderita Lewy Body bisa ngalaman gangguan saré, kaasup ngalakukeun kagiaatan waktu manéhna ngimpi.[3]
  4. Déménsia Frontotemporal (temporal bagian hareup).[3] Ieu hal disababkeun ku sél-sél uteuk anu aya dina lobus temporal jeung frontal (daérah hareup) ngalaman panurunan fungsi anu ngabalukarkeun kelainan perilaku, basa, jeung hésé mikir, hésé konséntrasi, jeung hésé usik.[3]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. (en) "Dementia". MedlinePlus. Diakses tanggal 2010-06-05. 
  2. a b c d e f g h i j "Demensia". Alo Dokter. Diakses tanggal 19 Desember 2017. 
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac "Apa itu Demensia: Gejala, Penyebab, Diagnosis, dan Cara Mengobati". Docdoc. Diakses tanggal 19 Desember 2017. 
  4. a b c d e f g h i "Demensia Penyebab Gejala dan Pengobatan". Dokter sehat. Diakses tanggal 20 Desember 2017.  Archived 2017-12-22 di Wayback Machine
  5. a b (en) "Recommendations for the diagnosis and management of Alzheimer's disease and other disorders associated with dementia: EFNS guideline". Memory Disorders Research Group, Department of Neurology, Rigshospitalet, Copenhagen University Hospital; Waldemar G, Dubois B, Emre M, Georges J, McKeith IG, Rossor M, Scheltens P, Tariska P, Winblad B; EFNS. Diakses tanggal 2010-06-29. 
  6. (en) "Cognitive deficits in preclinical Alzheimer's disease and vascular dementia: patterns of findings from the Kungsholmen Project.". Karolinska Institutet, Aging Research Center; Bäckman L, Small BJ. Diakses tanggal 2010-06-29. 
  7. (en)"A preclinical phase in vascular dementia: cognitive impairment three years before diagnosis". Aging Research Center, Division of Geriatric Epidemiology, Neurotec, Karolinska Institutet, and Stockholm Gerontology Research Center; Jones S, Laukka EJ, Small BJ, Fratiglioni L, Bäckman L. Diakses tanggal 2010-06-29. 
  8. (en)"MRI software accurately IDs preclinical Alzheimer’s disease". Massachusetts General Hospital; Rebekah Moan. Diakses tanggal 2010-06-29.  Archived 2011-08-09 di Wayback Machine