Lompat ke isi

Daptar istilah ngeunaan sasatoan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Dina basa Sunda réa istilah-istilah anu patali jeung sasatoan, di antarana[1]:

  1. Badot = embé jalu nu meujeuhna begér, kaambeu bau.
  2. Bajir/majir = munding, domba, embé nu teu daékeun anakan, jadi lintuh loba gajihna.
  3. Bangus = sungut sasatoan suku opat.
  4. Balung = 1. Jawér hayam nu ka luhur (bagian luhur); 2. Tulang.
  5. Bibit = ingon-ingon indungna nu (bakal) diarah anakna: lauk emas, domba émbe, munding.
  6. Borontok = warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas
  7. Buntut = bagian awak sato nu pangtukangna.
  8. Burih = bagian eusi beuteung bangsa manuk tempat ngancurkeun (ngagiling) kahakananana.
  9. Camani = hayam camani, hayam nu hideung nepi ka tulang-tulangna, sok dipaké ubar atawa tumbal.
  10. Cécépét = anggahota lauk cai pikeun kasaimbangan awakna.
  11. Cungur = tungtung irung sasatoan sabangsa munding, jsb.
  12. Dada mento = daging dada hayam jeung bangsa manuk lianna.
  13. Danten = sato bikang nu tacan ngendog atawa anakan, tapi geus gedé (hayam danten, embé danten, jsb).
  14. Daringanti = tanduk munding nu hiji ka luhur, hiji deui ka handap.
  15. Dongkol = munding dongkol, munding nu tandukna duanana ngeluk (ngulapés) ka handap.
  16. Jago = hayam jaluna.
  17. Jajalon = munding, jsb. Jalu anu mimiti resep ka bikang.
  18. Jajangkar = hayam jago nu mangkat begér
  19. Jambul = bulu anu jadi luar biasa dina hulu hayam, jsb.
  20. Jarah = munding jarah, munding nu teu diurus, diantep sakarepna di sampalan, di leuweung.
  21. Jawér = gagabér (hayam, jsb) handapeun caréham.
  22. Kondang = warna bulu hayam semu konéng.
  23. Kukuncung = bulu nu ngacung atawa ngacir dina huluna (merak, jsb.)
  24. Kumahkar = hayam bikang nu kokotak rék ngendog.
  25. Leker = bangun tanduk munding anu tungtung jeung tungtung méh padeukeut.
  26. Pamatuk = sungut sasatoan sabangsa manuk, hayam, jsté. Paranti macok.
  27. Pancawarna = manuk titiran/purukutut nu sorana pohara alusna, langka tur hésé ngalana.
  28. Palén = munding jalu nu mangkat begér.
  29. Pelung = hayam pelung, hayam nu tarik sarta lambat kongkorongokna, kadéngé ka jauhna.
  30. Ranggah = tanduk ranggah, tanduk munding nu melung ka luhur; tanduk uncal nu ranggakgak.
  31. Renggé = warna bulu hayam nu méh siga célé leutik.
  32. Rintit = hayam rintit, hayam nu tungtung buluna carentik.
  33. Sanggadulang = bangun tanduk munding anu melengkungna rubak ka gigir.
  34. Sasapihan = anak hayam nu geus disapih ku indungna.
  35. Sisit = bagian kulit sasatoan tina sabangsa tanduk nu nyusun.
  36. Telih = sarupa kantong handapeun beuheung hayam jeung bangsa manuk lianna, tempat ngumpulna kahakanan.
  37. Tumang = anjing nu buluna hideung meles.
  38. Tunggir = bagal buntut hayam jeung bangsa manuk, ngandung gajih pikeun ngaleuciran buluna.
  39. Tutul = maung tutul, maung nu buluna konéng totol-totol hideung.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Hadi, Ahmad, spk. 2013. Peperenian: Kandaga, Unak-anik, Tutungkusan jeung Rusiah basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: CV Geger Sunten

Tempo ogé

[édit | édit sumber]