Dominic Howard
| Dominic Howard | |
|---|---|
Dominic Howard nalika konsér Muse di Toronto]] | |
| Profil | |
| Nami | Dominic James Howard |
| Gumelar | 7 Desémber 1977 Stockport, Greater Manchester, England |
| Aliran | |
| Pacabakan | Musisi, multi-instrumentalis |
| Alat musik | Drum, perkusi |
| Taun aktip | 1994–ayeuna |
| Lébel | |
| Maén di |
|
| Ramatloka | muse |
Dominic James Howard nyaéta drummer grup musik Muse anu lahir tanggal 7 Désémber1977 di Stockport, kota leutik deukeut Manchester, Inggris[1][2]. Faktana, Dominic nyaéta personil pangkolotna di Muse, tapi wajahna anu bubudakeun jeung lucu bisa nyamunikeun umurna[1]. Dominic boga seléra humor nu alus, Dominic ogé resep papanggih jeung jalma réa[1]. Saacan jadi dummer, pagawéan Dominic nyaéta asistén di kantin sakola, jeung buruh di Pabrik tékstil (bagian packing)[2].
Dominic mimitina maén drum umur 11 taun, nalika aya konsér musik jazz di Sakolana, ieu minat terus dikembangkeun nepi ka kuliah[3]. Howard kuliah di Teignmouth Community, terus manéhna asup jadi personil grup musik[3]. Grup musikna teu pati kasohor saméméh Matthew Bellamy asup, terus teu lila Chris Wolstenholmes ogé asup[3]. Sabada sababaraha kali ganti ngaran, ahirna ieu grup musik disebut Muse[3].
Nalika Muse keur naék daun, Howard kudu ngarandapan tragédi nalika tur taun 2004 di Glastonbury, Bapana Dominic Howard maot alatan serangan Jantung[3]. Howard hampir ninggalkeun Muse harita, tapi kalayan dukungan ti personil séjénna, Muse jeung konsérna terus lumangsung[3].
Howard boga kontrak husus jeung perusahaan drum, Tama, Howard maké produk-produk drum Tama anu boga ciri has drum transparan[3]. Howard ogé boga kabiasaan ngarusak drumna nalika manggung[3]. Simbal anu dipakéna nyaéta mérek Zildjian, Howard ogé maké stik drum séri tanda tangan Zildjian Dennis Chambers[3].
Référénsi
[édit | édit sumber]- 1 2 3 (en)Biografi Dominic Howard (diaksés tanggal 14 Nopémber 2011)
- 1 2 (en)Muse- Dominic Howard (diaksés tanggal 14 Nopméber 2011)
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 (en)Profil Dominic Howard Archived 2008-04-08 di Wayback Machine (diaksés tanggal 14 Nopémber 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |