Dudukuy
Pidangan
Dudukuy nyaéta istilah umum anu dipaké pikeun sebutan anu nutupan sirah sangkan iuh teu kapanasan jeung teu kahujanan.[1] Istilah dudukuy patali jeung patani ku sabab para patani sok maraké dudukuy.[1] Dudukuy téh basa lemesna tudung, langgukan, tutup sirah, sabangsaning topi.[2] [3]
Dudukuy kabagi jadi opat nyaéta :
- Dudukuy galabag bahanna tina wilahan awi anu teu pati ipis, jeung henteu di ayam tapi dientep seureuh nepi ka euweuh celah pikeun asup cahaya panon poé atawa cai hujan.[1]
- Dudukuy beletok, dijieuna tina haté awi disambungkeun sagedé-gédé payung jeung cekong pisan, nu matak disebut dudukuy beletok sabab lamun katinggang cai hujan ramé sorana.[2] Dudukuy beletok bangunna rék satengah buleudan.[2]
- Dudukuy samak bahan dasarna tina samak.[1] Lolobana dipaké ku patani nalika macul atawa keur gawé di sawah atawa di kebon.[1] Salain ti éta ku para padagang atawa tukang kuli.[1] Bentukna sederhana jeung babari rusak lamun sering dipaké.[1]
- Boni nyaéta galabag dudukuy beletok tapi teu cekung saperti dudukuy beletok sarta hampang.[2]
Kamekaran dudukuy
[édit | édit sumber]Kamekaran jaman mangaruhan ngeuyeubanna rupa-rupa dudukuy, dudukuy disebut ogé topi atawa helem, misalna dudukuy kadatuan (helmhoed, B1) jeung dudukuy laken (topi laken).[1]
Galeri
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h Rosidi,Ajip Spk. 2000.Ensiklopedi Sunda, Alam, Manusa, dan Budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi. Jakarta:Pustaka Jaya. Halaman 698-700
- ↑ a b c d Panitia Kamus Lembaga Basa jeung Sastra Sunda.(2007).Kamus Umum Basa Sunda.Bandung: Geger Sunten.
- ↑ drukkerij, Lands; Sa’idah (1862). Verhandelingen van het Bataviaasch genootschap der kunsten en wetenschappen, Volume 29. Jakarta: Perpustakaan Nasional Austria. p. 110. ISBN - Check
|isbn=
value (bantuan).