Lompat ke isi

Febri Haryadi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pébri Haryadi ᮕᮦᮘᮢᮤ ᮠᮛᮡᮓᮤ (gumelar di Bandung, 19 Februari 1996; umur 29 taun) nyaéta salah saurang pamaén maénbal Indonesia anu maén keur persib bandung di Liga Indonésia.[1] Pébri Haryadi kaasup salah sahiji pamaén tim nasional nu diandelkeun malah kagolong kana pamaén anu pangsibukna dipanggil tim nasional nu dilatih ku Luis Milla Aspas.[1]

Pébri Haryadi ᮕᮦᮘᮢᮤ ᮠᮛᮡᮓᮤ
Informasi pribados
Nami lengkep

Pébri Haryadi

ᮕᮦᮘᮢᮤ ᮠᮛᮡᮓᮤ
Lahir 19 Februari 1996 (1996-02-19) (yuswa 29)
Tempat lahir Bandung ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ, Indonesia
Posisi Sayap
Informasi klub
Klub ayeuna ᮕᮨᮁᮞᮤᮘ᮪
Nomor 13
Karir junior
Taun Tim
2005–2015 INDONESIA
Tim nasional
Taun Tim Midang
2017– Indonesia 8 (1)

Persib Bandung

[édit | édit sumber]

Pébri Haryadi téh asli jebolan Diklat Persib.[2] Asup tim Maung Ngora U-21 Persib Bandung kalawan maén di Indonésia Super Léague U-21 dina umur 17 taun.[2] Sanggeus kitu tuluy ngeusi kuota pamaén U-21 dina turnamén Piala Jendral Sudirman 2016.[2] Karirna ti waktu ka waktu beuki ngaronjat luyu jeung kamampuhna nepi ka bisa mawa Pasundan jadi pinunjul kahiji dina PON (Pekan Olahraga Nasional) 2016.[2] ) Pébri Haryadi mimiti jadi bagian tim Persib Bandung dina turnamén Indonesia Soccer Championship A 2016 jeung dikontrak salila 4 tahun.[1] Pébri Haryadi ngalaman jadi pamaén inti mimiti waktu Indonesia Soccer Championship A 2016 ngalawan Sriwijaya FC.[2] Febri dipaénkeun ku pelatih Déjan Antonic di menit ke-78 ngagantikeun Samsul Arif.[2] Sanajan ukur maén 12 menit dina waktu normal, Pébri miboga pangalaman anu matak nyugemakeun komo maén ngalawan tim nu sarua kuat Sriwijaya FC.[2]

Pamaén Pangmahalna

[édit | édit sumber]

Pébri Haryadi dina taun 2017 kaasup salah sahiji pamaén élit Indonesia anu miboga harga transper anu mahal. Nurutkeun data traspermarket harga Pébri téh 158 rebu euro (2,5 Milyar).[3] Malah taun 2018 mah naék jadi 175 rebu euro (3 Milyar).[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 "Febri Haryadi, Pemain Persib Bandung yang Jadi Pemain Timnas Indonesia Tersibuk Selama Tahun 2017 - Tribunnews.com". Tribunnews.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2018-02-18.
  2. 1 2 3 4 5 6 7 "Profil, Biodata dan Perjalanan Karir Febri Haryadi | MATA BOLA". www.mata-bola.com (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2018-02-18. Archived 2017-09-12 di Wayback Machine
  3. "Profil dan Biografi Febri Hariyadi Pemain Termahal Indonesia - Sepakbolalokal.com". Sepakbolalokal.com (Dina basa Indonesia). 2017-09-02. Diaksés tanggal 2018-02-18.[tumbu nonaktif]
  4. "Febri Haryadi - Player Profile 2018" (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2018-02-18.