Guguritan laut kidul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ambox warning pn.svg Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Guguritan ieu mangrupa pangapungan “imajiner” Mundinglaya Dikusumah di luhur Tatar Pasundan) Dangdanggula

Laut Kidul kabéh katingali, ngembat paul kawas dina gambar, ari rét ka tebéh kalér, Batawi ngarunggunuk, lautna mah teu katingali, ukur lebah- lebahna, semu-semu biru, ari rét ka kalér wétan. Gunung Gedé jiga nu ngajakan balik, méh baé kapiuhan.

Matak waas pacampur jeung sedih, gunung-gunung kabéh narémbongan, Gunung Pangrango ngajogo, bangun nu diharudum, ngadagoan nu tacan sumping, nyeri duméh ditilar, mani alum nguyung, nguyung wuyung karungrum, nya dijieun Pangrango ciciran nagri, Nagara Pajajaran.

Pajajaran tilas Siliwangi, wawangian nu kari ayeuna, ayeuna mah dayeuh Bogor, Batutulisna kantun, kantun liwung jaradi pikir, mikir nu disadana, henteu surud liwung, teuteuleuman kokojayan, di Ciliwung nunjang ngidul Siliwangi, nuus di Pamoyanan.

Pamoyanan jadi tepis wiring, dayeuh maneuh nagara baheula, cirina nya Gunung Gedé, kiwari nya Cianjur, kalér wétan sajajar deui, jiga Gunung Mandala, Mandalana hayu, hayu sotéh hayu mulang, langlang-lingling dina luhur méga miring, nyangsang ‘na méga malang.

Reg ngarandeg lebah Gunung Putri, Demahduwur dayeuh Pancatengah, dirérét ngabréngréng konéng, Gunung cupu ngariung, kawas anu eukeur badami, rangrang Sagalahérang, parongpong ka Bandung, Burangrang nu ngarangrangan, parahuna nangkub dugi ka kiwari, teu jadi lalayaran.

Ngan dijieun tunggul ciri nagri, dayeuh Bandung sirahna Priangan, urut nu rék paparahon, ngabendung Cikapundung, pundung sotéh bongan teu jadi, teu jadi lalayaran, henteu tulus ngalun, Sangkuriang kabeurangan, sanggup mendet Citarum tutas sapeuting, cidra tina subaya.

Kiwarina permana ngabukti, patilasan tapak nu baheula, jadi basa jadi omong, Bandung heurin ku tangtung, tunggul payung indungna nagri, pada hayang ngiuhan, nu deukeut nu jauh, loba anu kapanasan, riab lunta anu ka mana ka mendi, tinggal dayeuh maneuhna.

Aya deui anu katingali, matak waas Gunung Tampomas, témbong téngtong rawas katon, dina sukuna gunung, aya dayeuh nu katingali, dayeuh naon ngaranna, diriung ku gunung, gunung ti kulon ti wétan, semuna téh patapan anu sarakti, nawing cadasna bodas.

Saur Radén moal salah deui, nu katémbong dayeuhna Sumedang, Kutamaya héjo lémbok, dayeuh galudra ngupuk, pangupukan putra jeung putri, Sumedang Sukawayana, carék sindir pantun, sok ngawula ka wayahna, ngapak ngapung kapindingan indung peuting, kalampat méga bodas.

Kari itu anu hiji deui, témbong katon jeg Gunung Ciremay, tayohna dayeuh Cirebon, rebun- rebun halimun, samar-samar nu katingali, Cirebon sakadomas, jatining rahayu, tilas pacaremanana, ngaluhuran renting sagedé papanting, rentang sagedé bangbara.

Mipir-mipir dina katumbiri, mapay nyukang dina kilat panjang, awor dina méga héjo, gunung pating parentul, pasir- pasir di sakuriling, témbong ti méga malang, kabéh méré semu, nagara mangunjar-ngunjar, anu ngapung sumiriwik tanding walik, jég heulang pateuh jangjang.

Sumiriwing angin ngahariring, rarandegan Radén pangapungna, ngadongdon nu kapiomong, nalutur nu kacatur, ngilik-ngilik geusan keur ngancik, anggang mo burung datang, jauh wandé cunduk, témbong daun kalapana, tingarulang oyag katebak ku angin, dayeuh di Pajajaran.

Kidul wétan katingal deui, remeng-remeng jég Gunung Cikuray, ngadaweung semu nu ngantos, cicirén dayeuh Grut, pangirutan ka nu teu sumping, sumping urut paturay, ngamanggungan lungsur, nagara di pameungpeukan, leuleuy eureun ningali ka Kandangwesi, bongan Galuh kabandan.

Saur Déwi geuning aya deui, teu kabilang keur di méga malang, némbongan kawas nu ambon, horéng Gunung Galunggung, patilasan Galuh nu mulih, suka kari dukana, purana di payun, kahalangan ku Ciwulan, reg ngarandeg kairid ku Cimawati, luyuh-layah keusikna.

Ayeuna katelah kalindih, ciri dayeuh di Tasikmalaya, Sukapura narikolot, Galuh Agung ngan gunung, pangeunteungan Galuh Ciamis, onom kantun onamna, asiwung ngan sarung, Lakbok ngan kari botrokna, teu karasa kapindingan ku Parigi, Mangunharja ngan ngaran.

Déwi Asri geulis ti ngajadi, pamidangan dayeuh Pajajaran, matak hookeun nu nénjo, nyaur tungtungna imut, sieun majah sok goréng budi, soca peupeureundeuyan, bari ngomé sanggul, ka handap ngarompés sinjang, hadé lémék ngabagéakeun nu sumping, lugay ti pangcalikan.

Lay keupatna rék ka Banjarsari, ngagandeuang sahandapeun pucang, kalilaan angkat alon, eureun di aub tanjung, kapindingan ku nagasari, sahandapeun katapang, patepang-patepung, nya cadas- cadas harérang, kahibaran nya keusik-keusik barentik, sumping ka kebon kembang.

Kembang teleng reujeung rincikbumi, kembang larang wijayakusumah, sarangéngé jeung taraté, kembang anggoan ratu, turut sisi ku pakuhaji, sinagarna ngajajar, suwangkung ngariung, kumambang Nusakambangan, sisindiran Déwi Asri ngahariring, keur jemplang- jempling pisan.

Jemplang-jempling ngantosan nu sumping, yandak jimat nya Langlayang Domas, keur upah oléng pangantén, meunang nyandak ti musuh, pareng tanding di jabaning langit, mélaan kasukaan, jeung Guriang Tujuh, teu burung unggul arangna, jadi hiji Guriang Tunggal kacangking, kacandak bungkeuleukan. Kencarnakeun di mana geus sumping, pipamukeun Dayeuh Pajajaran, nu numpeskeun musuh kabéh, ti méga malang lungsur, anu ngapung mulih ka jati, kebo mulang ka kandang, jeung Kidang Pananjung, udeg- udeg di buana, Mundinglaya lalaki di kolong langit, tedak Galuh Pakuan. Wantu-wantu sindir mah sasindir, wantu-wantu basa mah sabasa, ngan béda nu kapiraos, catur ti jurupantun, jurupantun anu berbudi, pantun ti Pajajaran, ti kun-payakun, nyamos pieusieunana, sindir hiji di mana waliwis mandi, mandi di pangguyangan. Pangguyangan pangguyangan kuring, pangguyangan pangguyangan urang, urang nu keur ngalalakon, lalakon nu keur ngalun, pada-pada boga pamanggih, pada boga carita, pada boga galur, gok amprok jeung sasamana, mararantun aya nu pait nu amis, baralik kari ngaran. http://www.kalangsunda.net/