Haiku

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Haiku, hokku nyaéta salah sahiji génré sajak Jepang anu kauger ku aturan anu disebut teikei.[1] Sakalaku génré, haiku mangrupa sajak pondok, malah  mah dianggap pang pondokna di dunya, dina wangun nu mimiti kawangun ku 31 silabel (5-7-5-7-7), anu di ahir barobah jadi 17 silabel (5-7-5). Salaku sajak sorangan, salaku karya individual wangenan nu kieu teu bisa lumaku sacara umum sabab dina hazanah sastra Indonésia ogé ngabogaan sajak-sajak pondok saperti “Malam Lebaran”: //Bulan di atas kuburan//.[1] Sacara historis (Shipley, 1962: 242—243) haiku mangrupa kamekaran wangun tanka (abad ka-10) kawangun ku 31 silabel (5-7-5-7-7), mekar jadi renga, sajak nu ngaruntuy dibawakeun sacara silih tempas (bales) abadka-13 kalawan  komposisi 14 (7-7) dan 17 (5-7-5).[1] Abad ka-16 kalawan ngaran hokku, kawangun ku tilu baris 17 silabel (5-7-5), sedengkeun haiku éta sorangan karék populér abad ka-19.[1] Bagian nu mimiti 5 engang disebut kamigo atawa shougo, bagian nu tengah 7 engang disebut nakashichi, bagian nu ahirna 5 engang disebut shimogo.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia (2000 Istilah, Biografi, Karya Metode, dan Teori Sastra). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.