Lompat ke isi

Kabupatén Bangka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kabupatén Bangka nyaéta salah sahiji kabupatén nu aya di Propinsi Kapuloan Bangka Belitung, Indonésia. Pernahna Kabupatén Bangka téh aya di Pulo Bangka, nu miboga luas wilayah kurang leuwih sakitar 302.879,47 Ha atawa 3.028,794 Km², sarta miboga luas daratan sakitar 3.021 Km² atawa 302.100 Ha nu can kaasup kana pulo leutik jeung Kapuloan Tujuh. Kabupatén Bangka téh wawatesan langsung jeung sababaraha daratan wilayah kabupatén/kota lainna nu aya di Propinsi Kapuloan Bangka Belitung, nyaéta jeung wilayah Kota Pangkalpinang, Kabupatén Bangka Tengah jeung Kabupatén Bangka Kulon.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Baheulana Bangka téh mangrupa Asisten Residence atawa wilayah nu adeg langsung di bawah Pamaréntah Pusat di Batavia Jakarta, nyaéta salila saratus taun. Kitu ogé jeung wilayah Belitung nu dikepalai langsung ku saurang Residen.[2]

Dumasar kana dasar ordonansi tanggal 2 Desember 1933 kabentuk “Residentie Bangka en Ouderhoregheden", di mana wilayah Belitung téh ditetapkeun jadi salah sahiji “Onderafdeling” nu dikepalai ku saurang “Controleur” nu pangkatna mangrupa Asisten Residen ti Kerisidenan Bangka. Pulo Bangka sorangan kabagi jadi lima Onderafdeling, nu masing-masing dikepalai ku saurang controleur.[2]

Dina taun 1942, Kerisidenan Bangka-Belitung diparéntah ku pamaréntah militér nu disebut “Bangka Biliton Gunseibu”, sabab ku ayana perang Asia Timur Raya téh Kapuloan Indonésia nu asalna dikuasai ku Walanda, jadi direbut ku Nippon. Istilah pamaréntahan nu saacana diganti ku sababaraha istilah jepang, saperti Residence jadi "Chokan", tuluy Controleur jadi "Sidokan". Aya ogé istilah saperti “Gunco” jeung “Fuku Gunco” nyaéta petugas asal Jepang nu ditugaskeung jadi pembantu jang Bangsa Indonésia.[2]

Dina waktu Dai Nippon pahibut ngalawan Sekutu, di Bangka dibentuk sarupaning DPRD nu disebut Bangka Syu Sangikai, dipingpin ku Masyarif Datuk Bendaharo Lelo.[2]

Dina tanggal 14 Agustus 1945 ahirna Jepang ditalukkeun ku pihak Sekutu, tuluy tokoh -tokoh di Sumatera kidul ngusulkeun jang ngabentuk Pamaréntahan Otonomi Sumatera Kidul nu dipingpin Gubernur Militer. Pulo Bangka kaasup kana Pamaréntahan Otonomi Sumatera Kidul, nu mingpin pamaréntahanna nyaéta Masyarif Datuk Bendaharo Lelo atawa nu baheulana ketua Bangka Syu Sangikai nu miboga gelar Residen jeung dibantu ku saurang asisten residen jeung saurang kontrolir.[2]

Géografis

[édit | édit sumber]

Kabupatén Bangka miboga sababaraha hiji wahangan, diantarana nyaéta Sungai Baturusa jeung Sungai Layang nu dijadikeun sarana transportasi di daérah Bangka. Di Kabupatén Bangka teu miboga situ, tapi ayana kolong nu mangrupa situ buatan tapak penambangan bijih timah nu lega. Iklim di daérah ieu nyaéta iklim tropis tipe A, variasi curah hujanna antara 0,8 nepi ka 311 mm tiap bulan.[1]

Motto kiwari Kabupatén Bangka nyaéta "Sepintu Sedulang", nu hartina migawé babarengan jang ngahontal hiji tujuan.

Kabupatén Bangka
كابوڤاتين بڠک

Lambang Kabupatén Bangka
كابوڤاتين بڠک


Moto: Sepintu Sedulang




Peta lokasi Kabupatén Bangka
كابوڤاتين بڠک di Kapuloan Bangka Belitung
Koordinat: -
Propinsi Kapuloan Bangka Belitung
Dasar hukum -
Tanggal diresmikeun -
Puseur dayeuh Sungailiat
Pamaréntahan
-Bupati Ir. H. Tarmizi Saat , MM
APBD
-DAU Rp. 444.188.100.000.-(2013)[3]
Lega 302.879,47 Ha atawa 3.028,794 Km²
Pangeusi
-Total 309.065 jiwa (2015)[4]
-Kepadatan 93.4 jiwa/km2
Démografi
-Agama Islam 84.11%
Buddha 9.18%
Kristen Protestan 2.43%
Konghucu 1.74%
Agama Suku 1.33%
Katolik 1.19%
Hindu 0.02%[5]
-Kode area telepon +62 717
Pembagian administratif
-Kacamatan 8
-Kalurahan -
Simbol has daerah
-Flora resmi -
-Fauna resmi Tarsius Bangka
Ramat loka www.bangka.go.id

Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Kabupatén Bangka dibagi kana 8 kacamatan[6], nyaéta :

Wisata jeung Ékonomi

[édit | édit sumber]

Kabupatén Bangka miboga sababaraha poténsi wisata boh wisata pantai, wisata budaya jeung tempat sajarah[7], nyaéta di antarana:

Wisata Pantai Wisata Sajarah Wisata Budaya
  • Pantai Matras
  • Pantai Parai Tenggiri
  • Pantai Batu Bedaun
  • Pantai Teluk
  • Pantai Tanjung Pesona
  • Pantai Tikus
  • Pantai Air Anyir
  • Pantai Penyusuk
  • Pantai Romodong
  • Pantai Kuala
  • Pantai Tj. Belayar
  • Pantai Rebo
  • Pantai Tj. Ratu
  • Pantai Bedukang
  • Makam N Leveysen
  • Tugu Kemerdekaan
  • Makam Akek Siam
  • Makam Depati
  • Makam Nek Pok
  • Benteng Kota Waringin
  • Makam Pahlawan IV
  • Benteng kuto Panji
  • Tugu dan Pahlawan XII
  • Situs Kota Kapur
  • Makam Cermin Jati
  • Makam Keramat Batu
  • Makam Nek Wet
  • Makam Umar Mansyur
  • Bedug Terbesar Masjid Agung
  • Vihara Dewi Kwan Im
  • Puri Tri Agung
  • Padepokan Babel
  • Klenteng Cetya Dharma Abadi
  • Phak Kak Liang
  • Klenteng Amal Bakti
  • Klenteng Jaya Bakti
  • Klenteng Kuto Panji
  • Klenteng Fajar
  • Klenteng Kwam Im
  • Klenteng Gedong Lumut
  • Gua Bunda Maria
  • Mandi Belimau
  • Desa Wisata Gedong

Dina sektor ékonomi di Kabupatén Bangka dihasilkeun tina sababaraha séktor, nyaéta tanaman pangan, perikanan, peternakan, perkebunan, kahutanan, industri jeung tambang.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b "Deskripsi Wilayah". www.bangka.go.id. Diakses tanggal 2020-08-28.  Archived 2020-09-26 di Wayback Machine
  2. a b c d e "Sejarah Terbentuknya Kabupaten Bangka". www.bangka.go.id. Diakses tanggal 2020-08-28.  Archived 2020-09-30 di Wayback Machine
  3. "Perpres No. 10 Tahun 2013". 2013-02-04. Diakses tanggal 2013-02-15.  Archived 2013-02-14 di Wayback Machine
  4. "Kabupaten Bangka Dalam Angka 2016" Archived 2017-08-13 di Wayback Machine
  5. "Kabupaten Bangka Dalam Angka 2016" Archived 2017-08-13 di Wayback Machine
  6. "Deskripsi Wilayah". www.bangka.go.id. Diakses tanggal 2020-09-30.  Archived 2020-09-26 di Wayback Machine
  7. "Bidang Pariwisata". www.bangka.go.id. Diakses tanggal 2020-09-30.  Archived 2020-09-26 di Wayback Machine