Lompat ke isi

Kabupatén Pringséwu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Kabupatén Pringséwu

Lambang Kabupatén Pringséwu


Moto: Jejama Secancanan
(Bahasa Lampung: Bersama-Sama Saling Bergandeng Tangan)


Landmark Pringsewu
Landmark Pringsewu
Landmark Pringsewu

Peta lokasi Kabupatén Pringséwu di Lampung
Koordinat: 104°48'-105°08' BT dan 05°12'-33' LS
Propinsi Lampung
Milangkala 3 April 2009[1]
Dasar hukum UU RI Tahun 2008 Nomor 48
Tanggal diresmikeun 29 Oktober 2008
Puseur dayeuh Pringsewu
Pamaréntahan
-Bupati H. Sujadi Saddat
-Wakil Bupati Dr. Hi. Fauzi
APBD
-DAU Rp 633.088.784.000,-(2017)[2]
Lega 625 km2
Pangeusi
-Total 386.891 jiwa (2016)[3]
-Kepadatan 619,03 jiwa/km2
Démografi
-Suku bangsa Jawa, Lampung, Sunda
-Agama Islam, kristen, katolik, kepercayaan
-Basa Jawa, Lampung, Jawa Barat, Indonesia
-Zona waktu WIB
-Kode area telepon 0729
Pembagian administratif
-Kacamatan 9
-Kalurahan 5
-Désa 126
Simbol has daerah
Ramat loka http://www.pringsewukab.go.id/

Pringséwu nyaéta salah sahiji kabupatén di Provinsi Lampung, Indonésia. Kabupatén Pringséwu ieu mangrupa daérah otonom nu diremsikeun tanggal 3 April 2009 jeung dumasar kana Undang-Undang nomer 48 taun 2008. Kiwari Kabupatén Pringséwu téh tina segi wilayah mangrupa salah sahiji kabupatén paling leutik sakaligus paling padet di Propinsi Lampung nu miboga lega wilayah sakitar 652 Km2, jumlah pendudukna 475.353 jiwa[4][5], nu kawengku ti 126 Pekon jeung 5 kalurahan nu kasebar kana 9 kacamatan nyaéta Kecamatan Pringséwu, Pagelaran, Pardasuka, Gadingrejo, Sukoharjo, Ambarawa, Adiluwih, Kécamatan Banyumas jeung Pagelaran Utara. Tina segi wilayah Kabupatén Pringséwu téh mangrupa salah sahiji kabupatén paling leutik sakaligus paling padet di Propinsi Lampung.[4]

Géografi

[édit | édit sumber]

Kabupatén Pringséwu sacara géorafis pernahna di antara 104045'25"–10508'42" BT dan 508'10"-5034'27" LS. [5]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sajarah Pringséwu dimimitian ku diadegkeunnana salah sahiji perkampungan (tiuh) Margakaya dina taun 1738 Maséhi, nu dihuni ku masyarakat asli suku Lampung-Pubian nu pernahna di sisi walungan Way Tebu (4 Km ti puseur dayeuh Pringséwu ka arah kidul). Dina taun 1925, sakelompok masyarakat ti Pulo Jawa, ogé ngabuka aréal pamukiman anyar kalayan ngagunakeun cara ku ngababad leuweung nu cukup loba ku tangkal awi di sakitar tiuh Margakaya éta. Kusabab saking lobana tangkal awi di leuweung anu ku maranéhna buka teh, masyarakat nyebut desa nu kakara dibuka éta téh jeung sebutan Pringséwu, nu artina Sarébu Tangkal Awi nu asalna tina basa Jawa.

Kiwari, daérah ieu nu baheula leuweung tangkal awi téh geus ngajalma jadi hiji Kota nu cukup maju jeung ramé di Propinsi Lampung, nyaéta nu kiwari dipikawanoh ku "Pringséwu" kiwari ogé kaasup salah sahiji kota paling gedé di Propinsi Lampung.

Dina taun 1936, diadegkeun pamaréntahan Kawedanan Tataan nu ngarébu kota di Pringséwu, Wedana nu kahiji nyaéta Bapak Ibrahim nepi ka taun 1943.

Tuluy di taun 1943 Kawedanan Tataan dipimpin ku Bapak Ramelan, dina taun 1949 ku Bapak Nurdin, taun 1951 ku Bapak Hasyim Asmarantaka, taun 1957 ku Bapak Saleh Adenan, sarta dina taun 1959 nu diangkat jadi Wedana nyaéta Bapak R.Arifin Kartaprawira nu mangrupa Wedana terakhir nepi ka taun 1964, wanci pemaréntahan Kawedanan Tataan dihapuskeun.

Poténsi Wisata

[édit | édit sumber]

Kecamatan Pringséwu téh miboga sababaraha hiji poténsi wisata nu hadé boh tina segi wisata réligi ogé wisata alamna. Objék wisata alamna nyaéta Talaga Gupit nu pernahna di Kecamatan Gadingrejo, Curug Pagasan di Kecamatan Pagelaran Kalér, Guha Maria di daérah Fajar Bulan, Curug Taman Harimau di Kecamatan Pardasuka nu miboga dua titik curug nu boga tingkat kaluhuran 15 m jeung 12 m, Talang Indah di Kecamatan Pringséwu nu mangrupa objék wisata alam nu ngagambarkeun aliran irigasi paninggalan Walanda taun 1928.[5]

Sedengkeun tina wisata réligi aya Rest Area Tugu Selamat Datang miboga pamandangannu éndah sarta didukung sarana jeung prasarana keur istirahat para pangandara. Makam Kyai Haji Kholil di Kelurahan Pringséwu Kulon nu biasa dijadikeun wisata réligi ku pajiarah ti rupa-rupa daérah. Pendopo Pringséwu nu pernahna di tengah puseur kota.[5]

Salain éta aya ogé Nggruput nu mangrupa féstival jajanan jeung kaulinan tradisional, diayakeun satiap hari minggu di sakitar komplek perkantoran pamaréntah daérah Kabupatén Pringséwu. Féstival ieu digagas ku salah sahiji komunitas nu aya di Pringséwu nyaéta Pringséwu Community . Ku ayana acara ieu jadi salah sahiji daya tarik wisatawan ti rupa-rupa daérah.[5]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Sejarah Pringsewu Archived 2021-07-26 di Wayback Machine. Diakses 23 Juni 2014.
  2. "Rincian Alokasi DAU Murni T.A. 2017" (PDF).  Archived 2018-08-26 di Wayback Machine
  3. Statistik Daerah Kabupaten Pringsewu 2016. BPS Kabupaten Pringsewu. 2016-08-04. p. 1. 
  4. a b Pringsewu, Kabupaten. "Halaman - Sejarah Kabupaten Pringsewu". Website Resmi Kabupaten Pringsewu (dalam Indonesia). Diakses tanggal 2019-12-14.  Archived 2021-07-27 di Wayback Machine
  5. a b c d e Pringsewu, Kabupaten. "Halaman - Tentang Pringsewu". Website Resmi Kabupaten Pringsewu (dalam Indonesia). Diakses tanggal 2019-12-14.  Archived 2019-12-14 di Wayback Machine