Karya Ilmiah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Karya ilmiah (basa Inggris : scientific paper) nyaéta laporan tinulis jeung dimedalkeun anu maparkeun hasil panalungtikan atawa kajian anu geus dilakukeun ku hiji jalma atawa hiji tim salawan saluyu jeung kaédah sarta étika kaélmuan anu dipageuhkeun sarta ditaatan ku masarakat kaélmuan.[1]

Aya sababaraha rupa karya ilmah, nyaéta laporan panalungtikan, makalah seminar atawa simposium, jeung artikel jurnal nu dasarna mangrupa produk ti kagiatan ilmuwan.[1] Data, kasimpulan, jeung informasi lain nu kawengku dina karya ilmiah dijadikeun patokan ku ilmuan séjén dina ngalaksanakeun panalungtikan atawa kajian saterusna.[1]

Di paguron luhur, hususna tingkat S1. mahasiswa dilatih pikeun ngahasilkeun karya ilmiah saperti makalah, laporan praktikum, jeung skripsi (tugas akhir)..[2] Skripsi umumna mangrupa laporan panalungtikan skala leutik, tatapi dilakukeun kalawan nyusuk jero.[2] Lian ti éta, makalah anu ditugaskeun ka mahasiswa leuwih mangrupa simpulan jeung pamikiran ilmiah mahasiswa dumasar talaah ka karya-karya ilmiah anu ditulis ku pakar dina widang pasualan anu ditalungtik.[2] Panyusunan laporan praktikum dipancénkeun ka mahasiswa salaku wahana pikeun ngamekarkeun kamampuh nyusun laporan panalungtikan.[2]

Tujuan Karya Ilmiah[édit | édit sumber]

  • Salaku wahana ngalatih ngungkapkeun pamikiran atawa hasil panalungikanna dina wangun tulisan ilmiah nu sistematis jeung metodologis.
  • Numuwuhkeun étos ilmiah di kalangan mahasiswa, nepi ka teu ngan saukur jadi konsumén élmu pangaweruh, tapi ogé mampuh jadi produsén pamikiran jeung karya tulis dina widang élmu pangaweruh. Utamana sanggeus ngaréngsékeun studina.
  • Karya ilmiah nu geus ditulis, dipiharep jadi wahana transformasi pangaweruh antara sakola jeung masarakat, atawa jalma-jalma anu minat maca.
  • Ngabuktikeun potensi jeung wawasan ilmiah anu dipiboga mahasiswa dina nyanghareupan atawa ngaréngsékeun masalah dina wangun karya ilmiah sanggeus nu nyusun mibanda pangaweruh jeung atikan di jurusanna.
  • Ngalatih kaparigelan dasar pikeun ngalakukeun panalungtikan.[3]

Mangpaat Karya Ilmiah[édit | édit sumber]

Mangaat nyusun karya ilmiah keur panulis nyaéta:

  • Ngalatih ngamekarkeun kaparigelan maca nu éféktif;
  • Ngalatih ngagabungkeun hasil bacaan ti sababaraha sumber;
  • Ngawanohkeun jeung kagiatan kapustakaan;
  • Ngaronjatkeun kaorganisasian fakta/data sacara jelas jeung sistemastis.;
  • Ngarasa kapuasan intelektual;
  • Ngajembarkeun cakrawala élmu pangaweruh.[3]

Sistematika Panulisan Karya Ilmiah[édit | édit sumber]

Bagéan Bubuka[édit | édit sumber]

  • Halaman judul.
  • Lembar pengesahan.
  • Motto jeung Persembahan
  • Pangjajap.
  • Daptar eusi.
  • Daptar Timpahan.[4]

Bagéan Eusi[édit | édit sumber]

Bubuka[édit | édit sumber]

  • Kasang tukang masalah.
  • Rumusan masalah.
  • Tujuan penelitian.
  • Mangpaat penelitian.[4]

Kajian teori atawa tinjauan kapustakaan[édit | édit sumber]

  • Pedaran téori
  • Rangka pamikiran jeung argumentasi kaélmuan
  • Ajuan hipotésis.[4]

Metodologi panalungtikan[édit | édit sumber]

  • Waktu jeung tempat panalungtikan.
  • métodeujeung rarancang panalungtikan.
  • Populasi jeung sampel.
  • Instrumen panalungtikan.
  • Ngumpulkeun data jeung analisis data.[4]

Hasil Panalungtikan[édit | édit sumber]

  • Jabaran varibel Panalungtikan.
  • Hasil panalungtikan.
  • Ajuan hipotesis.
  • Diskusi panalungtikan, ngungkapkeun sawangan téoritis ngeunaan hasil nu dibeunangkeun.
  • Saran.[4]

Bagéan Pangrojong[édit | édit sumber]

  • Daptar pustaka.
  • Timpahan-timpahan.[4]
Conto Skripsi

Catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c Indriati, Etty.2001.Menulis Karya Ilmiah.Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama
  2. a b c d A.G, Haryanto, dkk.2000.Metode Penulisan dan Penyajian Karya Ilmiah.Jakarta: Penerbit Buku Kedokteran EGC
  3. a b Frick, Heiz.2008.Pedoman Karya Ilmiah.Yogyakarta: Penerbit Kanisius.
  4. a b c d e f Rahayu, Minto.2007.Bahasa Indonesia Di Perguruan Tinggi.Jakarta: PT. Grasindo