Ki amis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Kayu manis)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kiamis
Cinnamomum verum1.jpg
Daun jeung kembang kayu manis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
C. verum
Ngaran binomial
Cinnamomum verum
Ki Amis

Ki amis atawa kai amis (Cinnamomum verum, sinonim C. zeylanicum; basa Indonésia: Kayu manis) nyaéta sabangsaning tatangkalan. Tangkal ieu kaasup kana golongan rempah-rempah nu kacida aromaan, amis, jeung ladana. Biasana rempah-rempah dipaké dina kadaharan amis nu dibeuleum, anggur panas, atawa miras.[1]

Kayu manis atawa ki amis nyaéta salah sahiji bungbu kadaharan pangkolotna nu dipaké ku manusa. Bungbu ieu dipaké di Mesir Kuno kira-kira 5000 taun katukang, tur disebutkan sababaraha kali dina kitab-kitab Perjangjian Heubeul.

Guaran[édit | édit sumber]

Ki amis mangrupa tumuwuh subur di wewengkon dataran handap atawa pagunungan atawa sakitar 2000 méter di luhureun laut, anu taneuhna gembur sarta henteu réa teuing cai nu miboga kalembaban sakitar 70-90%. [1] Ki amis bisa dipelak dina polibég atawa di kebon nu taneuhna geus dipacul jeung bébas tina gulma, henteu baseuh teuing sarta di tempat nu teu katutup aling-aling, sarta kudu cukup sinar panon poé.[1]

Tumuwuh ki amis miboga daun, kembang, buah jeung kai. Bagéan nu bisa dimangpaatkeun nyaéta kaina. Salian ti éta bisa dimangpaatkeun panyedep rasa kadahareun atawa kué, bahan keur nyieun sirup, jeung rasa pedes kana awak. Ki amis oge bisa digunakeun keur bahan wangunan, mebel jeung suluh.[2] Sababaraha hiji Panelitian nyebutkeun sangkan ki amis téh bisa ngontrol kadar gula darah keur jelema nu miboga panyakit diabetés tipeu 2.[3] Panelitian lianna nyebutkeun bubuk ki amis nu ditambahkeun kana suplemén bisa nurunkeun tekanan darah sistolik (SBP).[4]

Nyumebarna ki manis[édit | édit sumber]

Ki manis téh geus nyumebar ka sababaraha daérah keur didagangkeun sacara ekspor atawa lokal. Tina sababaraha jinis ki manis nu aya di Indonésia, ngan aya opat jinis nu dipikawanoh dina pardagangan ekspor atawa lokal, nyaéta.

  • Cinnamomum burmanni, tutuwunan ieu biasana tumuwuh dina lahan anu luhurna sakitar 600-1.500 m dpl. Biasana aya di daérah Sumatera Kulon, Jambi, Sumatera Kalér, Bengkulu, Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur jeung Maluku. Ciri-cirina nyaéta miboga tangkal nu luhurna bisa nepi ka 15 m, daunna leutik jaba kaku, pucukna warna beureum. Warna kulit kaina abu-abu, miboga harum nu khas nyaéta amis. Ki amis ieu téh bisa dipanén lamun umurna geus aya 10 taun, jeung miboga ukuran buleudan batangna sakitar 1 m.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Wiratno, M (2019). Informasi Teknologi Tanaman Rempah dan Obat. Bogor: Balai Penelitian Tanaman Rempah dan Obat. ISBN 978-979-548-056-3. 
  2. Emilda (2018). Emilda. 2018. EFEK SENYAWA BIOAKTIF KAYU MANIS Cinnamomum burmanii NEES EX.BL.) TERHADAP DIABETES MELITUS: KAJIAN PUSTAKA. urnal Fitofarmaka Indonesia. 5(1): 246-252. 
  3. JawaPos.com. "Penelitian Buktikan Manfaat Kayu Manis Untuk Kendalikan Gula Darah". JawaPos.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-07-17. 
  4. Wainstein, Julio; Stern, Naftali; Heller, Shimrit; Boaz, Mona (2011-12). "Dietary Cinnamon Supplementation and Changes in Systolic Blood Pressure in Subjects with Type 2 Diabetes". Journal of Medicinal Food 14 (12): 1505–1510. doi:10.1089/jmf.2010.0300. ISSN 1096-620X. https://www.liebertpub.com/doi/full/10.1089/jmf.2010.0300. 
  5. Yusarman (2016年). "Buletin:Mengenal Kayu Manis". https://banten.litbang.pertanian.go.id/new/index.php/publikasi/folder/966-mengenal-kayu-manis. Diakses pada 17 Juli 2021