Lompat ke isi

Kebon Raya Bogor

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kebon Raya Bogor mangsa kiwari

Kebon Raya Bogor nyaéta musieum hirup kalawan koléksi pepelakan panglengkapna sadunya, nu perenahna di Kota Bogor. Ku euyeubna koléksi botani, jadi tempat dongdonan pariwisata. Koléksi botanina ngawengku 3504 rupa pepelakan, 3142 spésimen angkrék tina 442 wanda jeung 89 marga[1].

Kebon Raya Bogor taun 1900-1930an

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sacara resmi ngadegna tanggal 18 Méi 1817. Saméméhna mah (1811-1816), mangrupa taman Istana Bogor nu dijieun ku Sir Thomas Stamford Rafflés mangsa inyana jadi Létnan Gubernur Jenderal Inggris pikeun Indonésia. Harita Rafflés ngahaja ngadatangkeun dua ahli kebon ti Kebun Raya Kew ti London[1].

Mimitina mah dingaranan s'Lands Plantentuin. Sanggeus balik deui ka pamaréntahan Walanda, nu nguruskeun kebonna ditangkes ku Casper Georg Carl Reinwardt, urang Jérman anu pindah ka Amsterdam tur diangkat jadi dirékturna nu munggaran (1817-1822). Salila kapangurusanana, Reinwardt geus melak leuwih kurang 900 rupa pepelakan. Dina taun 1830, Johannes Elias Teijsman, panata kebon urang Walanda nu jadi kuratorna, méakkeun waktu méh lima puluh taun pikeun mekarkeun kebon raya Bogor. Teijsman ngaropéa deui pola tanam dumasar sélér taksonomina. Ku jasa-jasana ngaropéa Kebon Raya Bogor ieu, Tiejsman dibéré pangajén mangrupa tugu di Taman Tijsman jeung 4 spésiés tangkal jati jeung verbena ti marga Teijsmaniodendron, dicokot tina aran Tiejsman[2].

Kabeungharan Koléksi

[édit | édit sumber]

DATA KOLÉKSI KEBON RAYA BOGOR PER-DÉSÉMBER 2018

Family : 231

Genus : 1.202

Species : 3.156

Specimen : 12.141


DATA KOLÉKSI ANGGRÉK KEBON RAYA BOGOR PER-AGUSTUS 2015

Family : -

Genus : 106

Spesies : 572

Specimen : 6.169

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431. 
  2. "Sejarah Kebun Raya Bogor". krbogor.lipi.go.id. Diakses tanggal 2019-11-23.  Archived 2019-05-11 di Wayback Machine