Lompat ke isi

Koréd

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Koréd


Koréd, pakakas paranti ngabérésihan jukut.

Jenis Pakakas Tatanén / Kebon
Bahan Beusi (wilah) sarta Kai (gagang)
Fungsi Ngabérésihan jukut atawa ngagali taneuh saeutik

Koréd nyaéta parabot paranti ngabérésihan kebon nu jukutan, bangunna méh saperti pacul leutik maké gagang pondok.[1] Carana ngoréd saperti nu ngoétan.[1] Koréd dipaké ku cara bari diuk atawa cingogo, fungsina pikeun ngabérésihan jukut (ngoréd) dina sela-sela pepelakan di kebon, huma, atawa buruan imah.[2]

Bahan sarta Wangun

[édit | édit sumber]

Koréd diwangun ku dua bagian utama:

Wilah: Dijieun tina beusi ipis tapi teuas sarta seukeut pisan. Wangunna aya nu lonjong aya ogé nu rada pasagi gumantung kana kabiasaan daérahna.

Perah (Gagang): Dijieun tina kai atawa awi anu pondok (kira-kira 15-20 cm), sangkan gampang dicepeng ku hiji leungeun bari cingogo.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Danadibrata, R.A. (1 Desember 2009). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. hlm. 364. ISBN 9793631937.
  2. Rigg, Jonathan. (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. Kaca 229.