Literariness
Literariness (Rusia, literaturnost, kasastraan) nyaéta téori anu diungkabkeun ku Roman Jakobson (1919), minangka obyék studi kelompok Formalis Rusia. Nurutkeun Jakobson (Fokkema jeung Kunne-Ibsch: 1977: 11-13) obyék studi sastra lain karya sastra tapi kasastraan'.[1] Kalawan kalimah nu séjén, literariness nyaéta fitur anu ngabédakeun antara karya sastra jeung karya nu séjénna sabab ajén ngan ukur nu aya dina basa. Basa éta méngpar tina basa anu biasa, saperti dijéntrékeun ngaliwatan konsep ostranenie, defamiliarisasi, jeung deotomatisasi.[1] literariness mupuskeun bébédaan antara wangun jeung eusi anu geus ngawarnaan paham ngeunaan hakékat sastra salila mangabad-abad saacana.[1] Sastra mah dinami, karya kalayan anu teu bisa di cangkem samata-mata kalawan pakakas basa.[1] Formalisme jeung struktrualisme digantikeun ku sistim tanda (sémiotika), diteruskeun kalawan interteks minangka paham postruktrualisme.[1]