Litosfer

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Lapisan Marcapada anu kasusun ku Litosfér, mantel jeung inti.

Litosfér nya éta lapisan kulit marcapada anu asal kecapna tina basa Yunani nyaéta litos (λίθος) anu hartina batu jeung sfeer atawa sphaira atawa sphere (σφαῖρα) anu hartina padet.[1]

Lapisan Litosfér[édit | édit sumber]

Kulit marcapada mibanda kandel anu teu sarua antara kulit marcapada di daratan jeung di handap samudra.[2] Litosfér mangrupa lapisan anu boga kandel kurang leuwih 1.200 km, kalawan beurat jenis rata-rata 2.8 gr/cm³. Dua bagéan panyusun litosfér kawengku ku dua lapisan nyaéta:[2]

  1. Lapisan Sial kandelna rata-rata ± 35 km, mangrupa lapisan kulit marcapada anu dibentuk ku logam silisium jeung alumunium, kalawan senyawana nyaéta SiO2 jeung A12O3. iwal ti éta, lapisan ieu ogé ngawengku rupa-rupa batuan métamorf, batuan sédimén, granit, andésit, jeung batuan séjén anu aya di daratan buana. Sabab sipatna anu padet jeung kaku, lapisan sial disebut ogé lapisan kerak. Lapisan kerak ieu kawengku ku dua bagéan nyaéta kerak samudra jeung kerak buana.[2]
    • Kerak samudra, kerak anu ayana di samudra ieu nyaéta benda padet anu dibentuk ku endapan di handap laut bagéan luhur, anu bagéan handapna aya batuan-batuan vulkanik. Lapisan panghandapna kasusun ku batuan beku gabro jeung peridotit.[2]
    • Kerak buana, mangrupa benda padet anu kawengku ku batuan beku granit di bagéan luhur jeung batuan beku basalt di bagéan handap. Kerak ieu anu disebut buana.[2]
  2. Lapisan Sima, nyaéta bahan anu sipatna élastis kalawan kandel ± 65 km. Lapisan ieu kasusun ku logam silisium jeung magnésium dina bentuk SiO2 jeung MgO. Lapisan sima mibanda beurat anu leuwih ti batan lapisan sial. Ieu dilantarankeun lapisan Sima kawengku ku beusi jeung magnésium, anu ngandung mineral féromagnésium jeung batuan basalt.[2]

Matéri Litosfér[édit | édit sumber]

Matéri anu nyusun litosfér nyaéta dibagi ku tilu golongan batuan, nyaéta batuan beku, batuan sédimén, jeung métamorf.[1]

Batuan Beku[édit | édit sumber]

Mangrupa batuan anu dibentuk ngaliwatan magma pijar anu beku jeung padet dilantarankeun prosés paniisan. Dumasar tempat bekuna bisa dikelompokkeun jadi tilu, nyaéta:[1]

  • Batuan tubir/batu beku jero, kasusun ku kristal anu ayana jauh di jero kulit marcapada. Kristal-kristal badag bisa kabentuk sabab prosés paniisan magmana lambat. Conto batuan ieu nyaéta granit.[1]
  • Batuan léléran/batu beku luar, bekuna di luar kulit marcapada ku kituna turuna suhu bisa lumangsung leuwih gancang.[1]
  • Batuan korok/batu beku gang, mangrupa batuan anu jadina di jero korok-korok atawa gang-gang. Prosés tiisna lumangsung leuwih gancang sabab ayana deukeut ti lapisan marcapada pangluhurna.[1]

Batuan Sédimén (Batuan endapan)[édit | édit sumber]

Lapukna batuan beku ngalantarankeun struktur batuan gampang leupas. Bagéan anu leupas bakal kabawa ku cai, angin atawa és. Bagéan anu nyangkut ieu bakal ngagunduk di hiji tempat. Bagéan anu ngagunduk ieu kalilaan heuras ngabentuk batuan sédimén. Heurasna batu ieu disebut pembaruan.[1]

Lamun ditilik tina tempat ngagundukna, batuan sédimén bisa dibédakeun jadi tilu kelompok, nyaéta:

  • Batuan sédimén kontinental[1]
  • Batuan sédimén marine[1]
  • Batuan sédimén lakustre[1]

Lamun ditilik tina perantara atawa mediumna, batuan sédimén dibagi tilu golongan, nyaéta:

  • Batuan sédimén aquatis[1]
  • Batuan sédimén glasial[1]
  • Batuan sédimén aeris atawa aeclis[1]

Batuan Métamorf[édit | édit sumber]

Batuan asalna bisa ti batuan beku atawa batuan sédimén anu geus ngalaman parobahan. Parobahan bisa dilantarankeun ku sababaraha hal nyaéta:[1]

  • Tekanan anu luhur
  • Suhu anu luhur
  • Tekanan jeung suhu anu luhur[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Sulistyanto, Iwan Gatot. 2009. Geografi 1. Jakarta: Balai Pustaka
  2. a b c d e f Soegimo., Ruswanto. 2009. Geografi. Jakarta: CV Mefi Caraka