Lodong
Pidangan
Barudak nuju maén bebeledugan tina awi | |
| Ngaran séjén | Bedil Lodu, Meriam Awi |
|---|---|
| Bahan Utama | Awi gombong atawa awi surat |
| Bahan Beuleum | Karbit atawa Minyak Tanah |
| Wanci Maén | Bulan Puasa (Ramadan) |
| Status Budaya | Kaulinan Urang Lembur Sunda |

Lodong, mariem lodong atawa mariem awi disebut ogé Bedil Lodu nyaéta hiji kaulinan tradisional nu dijieun tina awi.[1] Ieu kaulinan téh dipaénkeunna ku cara diseungeut sangkan ngahasilkeun sora ngabeledug anu tarik. Dina tradisi masarakat Sunda, ieu lodong téh dijieun sarta dipaénkeun nalika bulan puasa, rék lebaran ogé dina kagiatan 17 Agustusan.[2]
Cara Nyieun
[édit | édit sumber]Bebeledugan dijieun tina awi anu geus kolot sarta badag, biasana maké awi gombong.
- Watang awi dikaureut kira-kira 1,5 nepi ka 2 méter (sababaraha buku).
- Sadaya buku di jero awi dibolongan (disogrog) sangkan jadi solobong, iwal buku anu pangtungtungna (bagian handap) anu dipaké pikeun wadah bahan beuleum.
- Di deukeut buku panghandapna, dijieun liang leutik paranti nyundut (ngahurungkeun).[3]
Cara Maén
[édit | édit sumber]Ieu kaulinan ngagunakeun prinsip tekanan hawa. Bahan anu biasa dipaké nyaéta karbit anu dicampur cai, atawa minyak tanah anu dipanaskeun. Sanggeus saabna kumpul di jero solobong awi, liang leutik tadi disundut ku suluh seuneu, nepi ka ngaluarkeun sora "duuug!" anu kacida tarikna.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Sumarsono, Tatang (1995). Mahér basa Sunda: pangdeudeul pangajaran basa Sunda. University California: Geger Sunten. hlm. 70. Disungsi26 Maret 2021
- ↑ Danadibrata, R.A (1862). Kamus Basa Sunda. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 171. Diaksés tanggal (disungsi) 26 Maret 2021. Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - ↑ Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda. ISBN 9793631910.
- ↑ Pertiwi, A. C., dkk. (2019). "Kearifan Lokal Kaulinan Tradisional". Jurnal Budaya Nusantara.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |