Lorazepam

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Lorazepam


Lorazepam
Ngaran sistimatik (IUPAC)
7-Chloro-5-(2-chlorophenyl)-3-hydroxy-1,3-dihydro-1,4-benzodiazepin-2-one
Identifiers
Nomer CAS 846-49-1
Sandi ATC N05BA06
PubChem 3958
DrugBank DB00186
ChemSpider 3821
Data kimia
Rumus C15H10Cl2N2O2 
Mass. mol. 321.2 g/mol
SMILES eMolecules & PubChem
Synonyms O-Chloroxazepam, L-Lorazepam Acetate
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 85% wanci diinum ngaliwatan baham
Metabolisme Liver glucuronidation
Waktu paruh 10–20 jam[1][2][3]
Eksresi Ginjal
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

C(AU) D(US)

Legal status

Prescription Only (S4)(AU) Schedule IV(CA) ?(UK) Schedule IV(US)

Dependence Liability Low to moderate[4]
Jalur Ngaliwatan baham, intramuskuler, intravena, di handapeun létah, jeung transdermal

Lorazepam nu miboga ngaran dagang Ativan nyaéta obat nu miboga fungsi keur ngubaran gangguan kecemasan. Obat ieu kaasup kana kelas nu dipiwanoh salaku benzodiazepine, gawé dina otak jeung saraf pikeun ngahasilkeun éfék nu nenangkeun. Obat ieu gawé kucara ningkatkeun éfék tina zat kimia alami (nu tangtu) dina jero awak (GABA).[5][6] Salian ti ativan, lorazepam miboga ngaran dagang kayaning Almazine, Anxiedin, Anxira, Anzepam, Aplacasse, Aplacassee, Apo-Lorazepam, Aripax, Azurogen, Lorazepam Lannacher.[7]

Lorazepam dipaké pikeun ngungkulan gejala kecemasan, insomnia (hésé saré) sarta status epilepticus (sajinis kejang nu parna), lorazepam ogé bisa dipaké pikeun nyarékeun pasén nu rék dioperasi. Bentukna aya dua jinis, nu mangrupa tablet jeung Ativan pikeun diinjéksi (disuntikeun) intravena (IV), mun dipaké kucara diinjéksi atawa disuntikeun ka véna, éfékna bakal karasa diantara samenit nepi ka tilu puluh menit sanggeus disuntik. Éfék ieu bakal karasa nepi ka sapoé jeput.[6] Lorazepam sadia dina tablet, Oral: 0,5 mg, 1 mg, jeung 2 mg.[8] Salian ti éta lorazepam ogé biasa dipake pikeun obat sanggeus kemoterapi, pikeun ngurangan éfék lieur sarta supaya teu ngaluga.[8]

Sok sanajan miboga mangpaat nu loba, obat ieu sakapeung mah bisa nyababkeun kacanduan. Résiko ieu bakal leuwih gedé mun anjeun miboga gangguan pamakéan narkoba (kacanduan obat-obatan atawa alcohol). Ku kituna, anjeun kudu nginum ieu obat saluyu jeung paréntah dokter.[6]

Ngaran dagang[édit | édit sumber]

ieu di handap sababaraha ngaran dagang lorezepam:[9]

  • Ativan,
  • Lorazepam,
  • Loxipaz,
  • Merlopam,
  • Renaquil

Aturan jeung cara nyimpen lorazepam[édit | édit sumber]

Aturan maké[édit | édit sumber]

Obat ieu bisa nyababkeun réaksi mun ngadadak eureun dipaké, utamana mun geus dipaké sacara rutin pikeun waktu nu geus lila atawa dina dosis nu luhur (leuwih ti 1-4 minggu) atawa mun anjeun miboga riwayat kacanduan alkohol, panyalahgunaan obat, atawa gangguan kapribadian. Gejala sakau kayaning kejang, hésé saré, parobahan mental/suasana hate, ngaluga, diaré, leungit kahayang pikeun dahar, nyeri beuteung, halusinasi, teu bias ngarasakeun nanaon/singsireumeun ti leungeun jeung suku, nyeri otot, ratug jantung, poho ingetan jangka waktu nu pondok, panas awak, sarta ningkatna réaksi kana sora, jeung cahaya bisa kaalaman mun anjeun eureun ngadadak make ieu obat, salian ti éta eureun ngadadak ogé bias nyababkeun kondisi urang leuwih parna tibatan saacaanna, ku kituna saacan ngeureunan ieu obat, leuwih hadé dikonsultasikeun heula ka dokter. Pikeun nyingkahan éta, dokter bisa ngurangan dosis sacara saeutik-saeutik.[6][8]

Sok sanajan miboga manfaat nu loba, obat ieu gé bias nyababkeun kacanduan, sanajan jarang. Résiko ieu bisa ningkat mun urang nginum alkohol atawa obat-obatan saacanna. Inum obat ieu saluyu jeung dosis nu geus ditangtukeun ku dokter pikeun ngurangan résiko kacanduan.Mun ieu obat dipaké pikeun waktu nu lila, aya kamungkinan ieu obat teu bisa maksimal deui gawéna. Larapkeun aturan nu geus ditangtukeun ku dokter atawa apotéker saacan ngonsumsi ieu obat.[8]

Mun kapohoan teu nginum alprazolam, buru-buru inum mun jarak jeung jadwal satuluyna jauh, mun geus samporét, ulah diinum komo nepi ka diinum dua kali dosis.[6]

Cara nyimpen[édit | édit sumber]

Obat ieu panghadéna disimpen disuhu ruangan, jauhkeun ti panonpoé langsung sarta ti tempat nu sakirana lembab. Ulah disimpen dicai, sarta ulah dibekukeun. Merk lian tina obat ieu bisa jadi miboga aturan nu béda deui. Perhatikeun intruksi nu aya dina bungkus obat atawa tanyakeun langsung ka apotéker. Ulah miceun obat-obatan ieu ka liang wc atawa kasaluran pamiceunan, kecuali mun diinstruksikeun. Piceun mun obat ieu geus beak masa berlakuna atawa mun geus teu dibutuhkeun deui.[6][8]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Ciri-ciri éfék samping atawa alérgi nu karasa kayaning sebel, ngaluga, késangan, rataeul, hésé rénghap, bareuh di bagéan beungeut, biwiwir sarta létah atwa tikoro. Eureunkeun ngonsumsi lorazepam mun anjeun ngarasakeun salah sahiji éfék parna ieu di handap, gera ka dokter pikeun konsultasi:[5][8]

  • Ngarasa linlung, déprési, pikiran hayang bunuh diri atawa nganyenyeri diri sorangan,
  • Hiperaktif, agitasi
  • Halusinasi; atawa
  •  Ngarasa lieur, sarta pingsan

Éfék samping nu teu pati serius kaasup:

  • Tunduh, lieur, carapé,
  • Titinggalian burem
  • Hésé saré (insomnia),
  • Kalemahan otot, kurangna kaseimbangan atawa koordinasi;
  • Amnesia atawa poho, hésé konséntrasi
  • Sebel, ngaluga, mules
  • Parobahan napsu keur dahar atawa
  • Ruam kulit

Teu sakabéh jalma ngalaman éfék samping ieu. Aya sababaraha jalma nu bisa jadi ngalaman éfék samping liana nu teu disebutkeun di luhur.

Interaksi sarta perhatian saacan ngonsumsi lorazepam[édit | édit sumber]

Interaksi Obat Lorazepam[édit | édit sumber]

Interaksi obat bisa ngarobah kinérja obat atawa ningkatkeun résiko éfék samping nu serius. [6][8]

  • Barbiturat kayaning amobarbital (Amytal), butabarbital (Butisol), mephobarbital (Mebaral), secobarbital (Seconal), atawa fenobarbital (Luminal, Solfoton);
  • Inhibitor MAO kayaning isocarboxazid (Marplan), phenelzine (Nardil), rasagiline (Azilect), selegiline (Eldepryl, Emsam), atawa tranylcypromine (Parnate);
  • Obat pikeun ngubaran gangguan kajiwaan kayaning klorpromazin (Thorazine), haloperidol (Haldol), mesoridazine (Serentil), pimozide (Orap), atawa thioridazine (Mellaril);
  •  Obat narkotika kayaning butorfanol (Stadol), kodein, hydrocodone (Lortab, Vicodin), antalgin (Levo-Dromoran), meperidine (Demerol), methadone (Dolophine, Methadose), morfin (Kadian, MS Contin, Oramorph), nalokson ( Narcan), oxycodone (OxyContin), propoxyphene (Darvon, Darvocet); atawa
  • Antidéprésan kayaning amitriptyline (Elavil, Etrafon), amoxapine (Asendin), citalopram (Celexa), clomipramine (Anafranil), desipramine (Norpramin), doxepin (Sinequan), escitalopram (Lexapro), fluoxetine (Prozac, Sarafem), fluvoxamine ( Luvox), imipramine (Janimine, Tofranil), nortriptyline (Pamelor), paroxetine (Paxil), protriptyline (Vivactil), sertraline (Zoloft), atawa trimipramine (Surmontil)

Interaksi lorazepam jeung alkohol[édit | édit sumber]

Obat-obatan nu tantu teu meunang dikonsumsi mun urang keur dahar kadaharan nu tangtu kusabab bisa ngaronjatkeun résiko nu aya. Ngonsumsi alkohol atawa tembakau jeung obat-obatan nu tangtu bisa nyababkeun ayana interaksi. Bisa nyababkeun hésé rénghap, gagal napas, masalah ingetan, tunduh atawa bisa nepi ka koma.[6]

Kondisi kasehatan nu interaksi jeung lorazepam[édit | édit sumber]

Ayana masalah kasehatan lain dina awak anjeun bisa mangaruhan pamakéan obat ieiu. Konsultasikeun ka dokter mun anjeun miboba masalah kaséhatan lianna utamana:[7][8]

  • Glaukoma, sudut sempit akut atawa
  • Penyakit paru-paru, parna atawa
  • Gangguan saré (eureun rénghap wanci saré), obat ieu teu meunang dipaké keur pasén nu miboga kondisi ieu,
  • Panyakit ginjal kudu maké sing ati-ati kusabab éfék sampingna bisa leuwih luhur lantaran panghapusan obat nu leuwih lambat tina awak,
  • Panyakit paru-paru, ringan nepi ka sedeng, kudu maké sing ati-ati kusabab bisa nyababkeun leuwih parna.

Kondisi nu kudu diperhatikeun[édit | édit sumber]

Saacan make lorazepam:[8]

  • Jelaskeun ka dokter sarta apotéker muun anjeun aya alérgi ka Lorazepam, alprazolam (Xanax), chlordiazepoxide (Librium, Librax), clonazepam (Klonopin), clorazepate (Tranxene), diazepam (Valium), estazolam (ProSom), flurazepam (Dalmane), oxazepam (Serax), prazepam (Centrax), temazepam (Restoril), triazolam (Halcion), obat lain, atawa salah sahiji bahan dina tablét Lorazepam. Tanyakeun ka dokter atawa apotéker pikeun daftar bahan panyusunna,
  • Jelaskeun ka dokter sarta apotéker ngeunaan obat resép jeung obat lain resép, vitamin, suplemen gizi, jeung produk hérbal nu ku anjeun dipaké atawa rék dipaké. Pastikeun pikeun nyebutkeun hal ieu: antihistamin; digoxin (Lanoxin); levodopa (Larodopa, Sinemet); obat pikeun déprési, kejang, nyeri, panyakit Parkinson, asma, pilek, atawa alérgi; relaksan otot; kontrasépsi oral; probenesid (Benemid); rifampin (Rifadin); obat panenang; obat saré; teofilin (Theo-Dur); panenang; jeung asam valproik dokter (Depakene),
  • Jelaskeun ka dokter mun anjeun ngabogaan atawa pernah katarajang panyakit glaukoma; kejang; atawa paru-paru, jantung, atawa panyakit haté.
  • Jelaskeun ka dokter sarta apotéker mun anjeun keur hamil, aya rencana rék hamil atawa keur nyusuan.
  • Konsultasikeun ka dokter ngeunaan résiko jeung mangpaat obat ieu mun anjeun geus leuwih ti 65 taun, ilaharna nu geus kolot kudu nyokot dosis nu leuwih saeutik pikeun nyingkahan résiko.
  • Mun anjeun geus operasi, kaasup operasi huntu, jelaskeun ka dokter atawa ka dokter gigi ngeunaan pamakéan Lorazepam.
  •  Anjeun kudu nyaho yén obat ieu bisa nyababkeun tunduh, ulah mawa kandaraan atawa ngoprasikeun mesin mun geus ngonsumsi obat ieu nepi ka anjeun appal sajauh naon éfék tunduh ti obat ieu.
  • Diskusikeun jeung dokter ngeunaan pamakéan alkohol nu aman salila ngonsumsi lorazepam, kusabab alcohol miboga pangaruh éfék samping nu leuwih parna.


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Pharmacokinetics and bioavailability of intravenous, intramuscular, and oral lorazepam in humans". Journal of Pharmaceutical Sciences 68 (1): 57–63. 1991. doi:10.1002/jps.2600680119. PMID 31453. 
  2. "Kinetics and dynamics of lorazepam during and after continuous intravenous infusion". Critical Care Medicine 28 (8): 2750–2757. 2000. doi:10.1097/00003246-200008000-00011. PMID 10966246. 
  3. "Kinetic disposition of lorazepam with a focus on the glucuronidation capacity, transplacental transfer in parturients and racemization in biological samples". Journal of Pharmaceutical and Biomedical Analysis 40 (2): 397–403. 2006. doi:10.1016/j.jpba.2005.07.021. PMID 16143486. 
  4. Legal and Ethical Issues for Health Professions E-Book. Elsevier Health Sciences. 2018. p. 90. ISBN 9780323550338. 
  5. a b "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-04-28. 
  6. a b c d e f g h "Ativan: Side effects, dosage, uses, and more". www.medicalnewstoday.com. Diakses tanggal 2020-04-28. 
  7. a b "Drug Information Portal - Mobile - U.S. National Library of Medicine - Drug Search Results". druginfo.nlm.nih.gov. Diakses tanggal 2020-04-28. 
  8. a b c d e f g h i "Lorazepam : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-04-28. 
  9. "Lorazepam". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-10.