Masjid Salman ITB

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Masjid Salman ITB nyaéta salah sahiji masjid di Bandung anu aya dina kampus Institut Teknologi Bandung (ITB) di Jalan Ganesa Nomor 7, Kecamatan Coblong.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Masjid ieu dingaranan Masjid Salman dumasar kana usul ti Soekarno salaku Présidén jeung mantan alumnus ITB. Basa éta, Soekarno tumaros ka Menteri Agama RI, Saifudin Zuhri, “Saha sobat Baginda Nabi anu ngagali parit dina Perang Khandaq?” Teras dijawab ku Menteri “Salman”. Ku sabab éta, Soekarno mutuskeun ngaran Masjid Salman. Saangeus éta, Prof. TM Soelaiman jeung tilu sobatna nyaéta Achmad Noeman, Achmad Sadali jeung Ajat Sudrajat ngusulkeun ka Rektor ITB, Prof. Ir. Otong Kosasih pikeun ngadiriken hiji masjid dina sabudeureunan ITB. Basa éta, Rektor ITB teu satuju dumasar kana alasan: lamun umat Islam hoyong ngawangun masjid, engké jalma-jalma komunis hoyong ogé diwangun lapangan beureum dina sabudeureun ITB. Prof TM Soelaiman jeung sobat-sobatna teu nyerah. Soekarno masihan restu dina kaping 28 Mei 1964 pikeun ngadirikeun masjid.[2] Aranjeunna ngumpulkeun rojongan supados panwangunan masjid geura dilaksanakeun. Salah sahiji dosen Planologi anu Kristen, Woworuntu oge ngadukung pangwangunan masjid. Katua jurusan arsitektur, Roemond, urang Walanda oge ngadukung.[3] T.M Soelaiman, Ahmad Noe’man jeung dua urang sobatna nganjang ka Istana Nagara nyuhunkeun rojongan ti Soekarno. Aranjeunna ngondang Jenderal Abdul Haris Nasution jeung Alamsjah Ratu Perwiranegara pikeun shalat jumat dina aula ITB.[4]

Dina kaping 5 Mei 1972, Masjid Salman ITB diresmikeun ku Rektor ITB, Prof. Dr. Ir. Doddy Tisna Amidjaja. Basa éta ogé, masjid pikeun masarakat umum, teu saukur pikeun jalma-jalma anu aya dina jero ITB waé.[2]

Arsitéktur[édit | édit sumber]

Hateup Masjid Salman ITB dijieun tina beton anu wujudna cekung, ngagambarkeun leungen anu keur manjatkeun doa ka Gusti Alloh. Aya ogé pola garis-garis anu aya dina dinding masjid anu nyiratkeun harti habluminallah nyaéta hubungan anu kabentuk antawis manusa jeung Gusti Alloh, sedengkeun garis anu ngalébar ka sisi hartina habluminannas anu hartina hubungan manusia jeung babaturan, dulur, sarta jalma-jalma anu sanés.[5] Masjid dijieun tina kayu jati, ku sabab éta jamaah masjid ngarasa adem saangeus asup ka masjid. Ieu masjid tiasa nampi 1.500 jamaah. Aya ogé menara anu ngajulang ka luhur anu aya di luar Masjid Salman. Menara ieu boga harti simbolik yén unggal jalma kudu boga prinsip anu kuat jeung iman ka Gusti Alloh.[2]

Gaya arsitéktur masjid ngagabungkeun unsur modern jeung tradisional. Dingding, lantai jeung langit-langit lolobana dijieun ku kayu jati anu cocog jeung iklim tropis. Cahaya ti lampu masjid dijieun teu pati terang supados jamaah ngarasa khusyuk dina ibadahna. Desain dina jero rohangan dijieun pikeun ngaredam cahaya panonpoe anu asup supados adem. Ku sabab éta, rohangan teu kudu dipasang kipas angin atawa AC. Rohangan di luar Masjid Salman husus pikeun kagiatan-kagiatan komunitas jeung organisasi anu mawa mangpaat, teu saukur pikeun mahasiswa ITB waé.[3]

Aya hiji hal anu ngabedakeun masjid ieu jeung masjid-masjid au sanes, nyaeta Masjid Salman teu miboga kubah dina luhureunana. Dumasar kana pamikiran ti Ahmad Noe’man, anu penting ti masjid nyaeta sumanget dina ibadah ka Gusti Alloh.[4]

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

https://www.itb.ac.id/berita/masjid-salman-itb-rumah-ibadah-dengan-segudang-sejarah-dan-keunikan/4765

https://salmanitb.com/sejarah Archived 2023-12-02 di Wayback Machine

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. AyoBandung.Com, Redaksi. "Filosofi Arsitektur dan Sejarah Masjid Salman ITB - Ayo Bandung". Filosofi Arsitektur dan Sejarah Masjid Salman ITB - Ayo Bandung (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-14. 
  2. a b c AyoBandung.Com, Redaksi. "Sejarah Masjid Salman ITB - Ayo Bandung". Sejarah Masjid Salman ITB - Ayo Bandung (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  3. a b Anugrah, Feri. "Menengok Masjid Salman ITB Yang Didirikan Penuh Rintangan". bandungmu.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  4. a b jejakislam1. "Ir. Ahmad Noe’man: Perancang Masjid Kampus Pertama di Indonesia". Jejak Islam untuk Bangsa (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-12-02. 
  5. Sopian, Ipan (Citakan:ISO date/fr1). "Sejarah Pembangunan Masjid Salman ITB, Perjuangan Prof. TM Soelaiman dan Kawan-kawan". https://matabandung.pikiran-rakyat.com/pendidikan/pr-1825211580/sejarah-pembangunan-masjid-salman-itb-perjuangan-prof-tm-soelaiman-dan-kawan-kawan?page=2. Diakses pada 14 Desember 2023