Max Planck

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Max Planck

Max Karl Ernst Ludwig Planck, (23 April, 1858-4 Oktober, 1947)[1] nyaéta saurang fisikawan Jerman anu ngalarapkeun fisika kuantum, naratas kana révolusi élmu pangaweruh alam jeung falsafah. Anjeunna dilélér minangka panimu mékanika kuantum, anu ahirna narima layang pangajén Nobel dina widang fisika taun 1918.[2]

Planck lahir ti kulawarga inteléktual tradisional. Uyut ti bapa anjeunna nyaéta profésor téologi di Göttingen. Bapana nyaéta saurang profésor hukum di Kiel jeung Munich, jeung amang ti bapana nyaéta saurang hakim.

Planck lahir di Kiel, Holstein, anak ti Johann Julis Wilhelm Planck jeung istri kaduana, Emma Patziig. Anjeunna dibaptis dina ngaran Karl Ernst Ludwig Marx Planck; ngeunaan ngaran anu dibérékeun, Marx (kiwari mangrupa varian tina Markus atawa mungkin kasalaha saeutik tina Max, anu sabenerna mah mangrupa pondokna tina Maximilian) ngaindikasikeun ngaran anu utama[3] . Tuluy, nalika umur 10 taun anjeunna dijeujeuhkeun ku ngaran Max jeung maké éta ngaran salila sésa hirupna.[4]

Sumber[édit | édit sumber]

  1. (en)Born, M. (1948). "Max Karl Ernst Ludwig Planck. 1858-1947". Obituary Notices of Fellows of the Royal Society 6 (17): 161–126. doi:10.1098/rsbm.1948.0024
  2. (en)The Nobel Prize in Physics 1918. Nobelprize.org. Retrieved on 2011-07-05.
  3. Christoph Seidler, Gestatten, Marx Planck, Spiegel Online, 24 April 2008
  4. Press release Archived 2009-10-18 di Wayback Machine of the Max Planck Society about Max Planck's name.