Lompat ke isi

Munggahan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Munggahan nyaéta tradisi masarakat sunda pikeun ngabagéakeun bulan Ramadhan anu dilaksanakeun dina ahir bulan Sya’ban (hiji atawa dua poé saméméh bulan Ramadhan). Bentuk palaksanaanana rupa-rupa, umumna ngumpul jeung kulawarga jeung baraya, dahar babarengan (botram), silih hampura, jeung solat babarengan. Salian ti éta, aya ogé nu nganjang ka tempat wisata jeung kulawargana, ziarah ka makam kolot atawa jalma soleh, atawa ngalaksanakeun sedekah (sedekah dina poé saméméh bulan puasa). [1]

Étimologi

[édit | édit sumber]

Munggahan asalna tina basa Sunda unggah anu hartina naék, anu hartina naék kana bulan suci atawa luhur darajat. [2] Tradisi munggahan miboga tujuan pikeun muji sukur ka Alloh, pikeun ngabersihkeun diri tina hal-hal anu goréng dina taun-taun saméméhna sarta ngajauhan kalakuan-kalakuan anu goréng nalika puasa di bulan Ramadhan.

Babandingan Munggahan sareng Papajar

[édit | édit sumber]
Bédana Munggahan sareng Papajar
AspékMunggahanPapajar
WewengkonUmum (Priangan)Cianjur, Sukabumi, Bogor
Akar KecapUnggah (Naék Darajat)Mapag Pajar (Mapag Caang)
Sipat KagiatanKulawarga & SpiritualRekreasi & Sosial
Lokasi UtamaBumi atanapi MasjidTempat Wisata / Alam

Ajén Filosofis

[édit | édit sumber]

Dina budaya Sunda, Munggahan sarta Papajar téh mangrupikeun larapan tina ajén Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh. Ieu tradisi nguatkeun tali silaturahmi sarta solidaritas sosial sangkan masarakat asup ka bulan puasa dina kaayaan haté anu beresih (langgeng) sarta rukun sareng sasama.

Catatan

[édit | édit sumber]
  1. Rohmah, hlm. 10.
  2. "Menyambut Ramadhan dengan Tradisi Munggahan". Diaksés tanggal 28 November 2017. Archived 1 Désémber 2017 di Wayback Machine

Referensi

[édit | édit sumber]
  • Yusuf; Toet (2012). Indonesia Punya Cerita: Kebudayaan dan Kebiasaan Unik di Indonesia. Penebar Swadaya. ISBN 978-979-788-346-1.
  • Rohmah, Siti (2014). Makna Ritual Munggahan Bulan Ramadhan (Studi Kasus Di Masyarakat Kampung Cipinang Rt. 03 Rw. 02 Desa Gandasari Kecamatan Katapang Kabupaten Bandung) (Diploma). UIN Sunan Gunung Djati Bandung. 

Pranala luar

[édit | édit sumber]

Citakan:Budaya-stub

Tingali ogé

[édit | édit sumber]