Pager
Pager nu dijieun tina kai (Duk. Westtown) | |
| Bahan Utama | Kai atawa Awi |
|---|---|
| Fungsi Utama | Pamatas lahan, kaamanan, jeung hiasan |
| Perenahna | Sakuriling imah atawa kabon |
| Status Budaya | Arsitéktur Tradisional |
Pager nyaéta jajaran awi, kai atawa beusi jeung salianna ti éta anu disaruakeun luhurna dina wates pakarangan, kebon atawa taman pikeun ciri jeung supaya ulah aya anu arasup kitu baé.[1]
Harti kata pager kapanggih ogé dina terjemahan kecap “suk” (nu disusun ku huruf-huruf jeung rarangken aksara swara Ibrani: Sin-Sureq-Kaf), anu diturunkeun tina akar kecap indung SK (Samekh-Kaf).Hufur Samekh dina piktografi Ibrani kuno nyaéta gambar cucuk anu ngalambangkeun ide panyalindungan, ana pon huruf Kaf nyaéta gambar dampal leungeun anu ngalambangkeun ide pikeun nutup.[2] Gabungan éta dua gambar téh ngandung harti “pikeun nutupan anu sifatna jadi panyalindungan”.[2]
Cara Ngarawat Pager
[édit | édit sumber]Palakiah Nyingkahkeun Panarajang Rinyuh
[édit | édit sumber]pikeun nyingkahan panarajang rinyuh, pager bisa dilapisan ku cét anti rinyuh atawa ku cara nyemprotkeun zat anti rinyuh sahenteuna genep bulan sakali.[3]
Sangkan Pager teu Bulukan
[édit | édit sumber]Pikeun nyingkahan panarajang jamur, nalika rék mulaskeun cét, hadéna mah kai téh dilapisan heula ku teka oil anu warnana natural.[3] Éta lapisan téh diulaskeun sabada kaina dihampelas. Iwal ti bisa ngingkahkeun panarajang jamur, ieu lapisan téak oil téh boga mangpaat pikeun ngawétkeun warna kai sangkan teu robah.[3]
Sangkan Henteu Kucel
[édit | édit sumber]Ieu hal téh alatan pger teu kaurus.[3] Tarékahna nyaéta pager kudu dipulas deui ku pulas anyat. Pikeun hasil anu sampurna mah kudu maké cara mulas anu bener.[3]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Salian ti keur pamatas lahan, pager ogé boga fungsi séjén:
- Kaamanan: Nangtayungan taneman ti sato kawas hayam, embé, atawa babi leuweung.
- Estetika: Pager anu disusun rapih bisa nambahan kageulisan buruan imah.
- Privasi: Sangkan kagiatan di jero buruan teu pati katingali ku jalma anu ngaliwat di jalan.

Réferénsi
[édit | édit sumber]- ↑ LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten
- 1 2 (id) Pagar, Gali kata alkitab dalam tinjauan tulisan ibrani kuno (diakses 24 oktober 2011)
- 1 2 3 4 5 (id) Rawat Pagar Kayu Agar Tetap Cantik!! Archived 2011-11-11 di Wayback Machine (diakses tanggal 24 Oktober 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |