Pamass Unpad
Singketan | Pamass Unpad |
---|---|
Slogan | Sunda Janaraya Marganing Utama |
Pawangunan | 16 Séptémber 1964 |
Rupa | Organisasi mahasiswa |
Kantor puseur | Jatinangor, Jawa Kulon |
Lokasi | Student Center, FIB Unpad |
Pupuhu | Dian Fahri |
Loka wéb | pamass.fib.unpad.ac.id |
Pamass (Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda)[1] mangrupa hiji organisasi mahasiswa nu tumuwuh di Program Studi Sastra Sunda, Fakultas Sastra –kiwari Fakultas Ilmu Budaya– Universitas Padjadjaran. Pamass ngadeg di Bandung, ping 16 Séptémber 1964.
Pamass miboga suluk, nyaéta “Sunda Janaraya Marganing Utama” anu miboga harti: unggal jalma nu bisa ngamalkeun sagala kamampuan dina dirina, tangtu bakal leuwih unggul ti nu lianna, sarta kasampurnaan hirup bisa kahontal.
Maksud jeung tujuan diadegkeunana Pamass, pikeun ngabeungkeut mahasiswa nu keur nyuprih élmu di Program Studi Sastra Sunda, dina hiji beungkeutan organisasi, kalayan ngarojong jeung nanjeurkeun basa, sastra, katut budaya Sunda.
Salian ti éta, Pamass diadegkeun pikeun ngatik anggotana sangkan jadi insan akademis anu miboga ajén diri, watek, sarta budi anu luhung.
Pamass miboga struktur Ais Pangampih di jerona. Pamass miboga sipat kakulawargaan anu tujuanana, ngaraketkeun unggal anggota sangkan euweuh sekat antara mahasiswa entragan anyar jeung mahasiswa entragan saheulaeunana.
Nalika Pamass ngajalankeun hiji kagiatan, éta hal tara leupas tina sisi sosial jeung kabudayaan. Éta kagiatan saluyu jeung unit-unit nu aya dina widang minat jeung bakat mahasiswa, saperti Tépass (Téater Pamass), Majalah Tangara, Usép (Unit Sépak Bola Pamass), Kaagamaan (Rohis), Pamass Ngamumulé, jrrd.
Di Fakultas, Pamass katelah salah sahiji himpunan mahasiswa anu motékar. Boh dina widang pendidikan, dina widang olah raga, komo dina hal nanjeurkeun basa, sastra, katut budaya Sunda.
- - -
Alamat Pamass Unpad: Lantai 1, Puseur Kagiatan Mahasiswa, FIB Unpad Jatinangor.
Pupuhu Pamass ti Ngawitan Ngadeg[2]
[édit | édit sumber]- ...-1976 Ruswara Hadisomantri
- 1977-1981 Wawan Darmawan
- 1981- .. Maryadi Aminuddin
- 1991-1992 Yuda Farid
- 1992-1993 Dédih Supriadi
- 1993-1994 Tédi Permadi
- 1994-1995 Endang Dédih
- 1995-1996 Bambang Supena
- 1996-1997 Yadi Suryadi
- 1997-1998 Éris Risnandar
- 1998-1999 Ujang Sudrajat
- 1999-2000 Yoga Yogaswara
- 2000-2001 Soni Cucup Sarwono
- 2001-2002 Djasépudin
- 2003-2004 Rahmat Sopian
- 2004-2005 Yuli Sani
- 2005-2006 Suci Andari
- 2006-2007 Alam Bow
- 2007-2008 Dédé Nurjaman
- 2008-2009 Agus Mahardika
- 2009-2010 Asép Supriadi
- 2010-2011 Faza Fauzan Azhima
- 2011-2012 Taufik Rahayu
- 2012-2013 Oki Muhamad Taopik
- 2013-2014 Rizki Rochman
- 2014-2015 Ahmad Rijal Nasrullah
- 2015-2016 Hérdianto
- 2016-2017 Ahmad Soléh
- 2017-2018 Séna Dipayana Supena
- 2018-2019 Yoga Maulana Sidik
- 2019-2020 Yayan Taryana
- 2020-2021 Alan Santoso Putra
- 2021-2022 Bagus Ahmad Fajar
- 2022-2023 Wildan Soléhudin
- 2023-2024 Dian Fahri
Rumpaka Karatagan Pamass [3]
[édit | édit sumber]Pamass: "Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda"
obor tatar Pasundan
seuweu-siwi Siliwangi
di Universitas Padjadjaran
ngolah daya
nganggit pangarti
miara ajén budaya
ngarumat jagat Pasundan
Wiwaha Ajeg Digjaya!
(Dijieun ku: Edi Wahyu & Dédén Guntari)
Rumpaka Pamass Rancagé [4]
[édit | édit sumber]saréréa urang téh Sastra Sunda
sok ngacaprak balukar ayana
tandeus kecap hadé
kalakuan teu siga congcorang
wanian jeung teu borangan
Pamass. Pamass rancagé.
Pamass. Pamass gawé rancagé.
(Dijieun ku: Hidayat Mukti & Bangun Perméidi)
Tangara[5]
[édit | édit sumber]Média citak anu digelarkeun ku Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda Unpad taun 1982 (édisi munggaran, Méi 1984), kalayan maksud pikeun média informasi, komunikasi, forum ngaguar basa, sastra, jeung budaya Sunda.
Tangara nampi rupa-rupa tulisan ti anggota jeung alumni Pamass, utamina dina wangun tulisan ilmiah populér, hipotésis, pamadegan, sawangan, sajak, karikatur, jeung humor. Ngadegna Tangara, ditaratas ku Asép Idjudin.
"Puguh ogé lain pagawéan anu gampang-gampang madukeun ide anu sakitu lobana téh. Komo deui lamun saukur ide bari henteu jeung prakna. Leuwih parna pisan lamun geus leungiteun kadariaan dina tarékah ngaréalisasikeunana. / Tapi Tangara mah henteu kitu. Tangara mah lain "Dunia Ide", tapi sabalikna, Tangara téh "Dunia Nyata" anu boga kawani pikeun ngalakonan prosés sangkan tetep jadi Dunia Ide téa, diwuwuh ku kadariaan awak-awakna. Sok sanajan bari seuseut-seuat. / Ayeuna ieu hasil prosés téh aya di payuneun, wilujeng ngagalihan. Pangrojongkeun lamun aya kaonjoyanana. Pangeuyeubkeun lamun loba kénéh kakuranganana. Ulah ukur dipoyokan, ngarah ngaronjat ajénna. Kapan Tangara téh anu urang, kapan Tangara téh nya...urang"[5] (Ahdiat Hidayatulloh, dicutat ti Tangara No 12, Taun 12, Nopémber 1994)
Buku Antologi Anggota Pamass
[édit | édit sumber]- (1995) Nyurup Lambak: Tujuh Puluh Hiji Sajak Sunda (Pamedal Pamass Unpad)
- (2014) Antologi Sajak: Ti Urang keur Urang (Pamedal Pamass Unpad)
- (2015) Mungkir: Antologi Sajak Sunda[6] (Pamedal Pamass Unpad)[7]
- (2017) Mapag: Kumpulan Sajak Obor Tatar Pasundan[8] (Pamedal Pamass Unpad)[9]
- (2019) Kembang Gadung: Kumpulan Monolog Basa Sunda[10] (Pamedal Unpad Press)
- (2021) Kumpulan 18 Carpon Rumaja (Pamedal Unpad Press)[11]
- (2021) Abu-Abu: Kumpulan Monolog Basa Sunda (Pamedal An-Nur Media)
Tumbu Luar
[édit | édit sumber]- Ramatloka Pamass Archived 2021-11-10 di Wayback Machine
- Facebook Pamass
- Twitter Pamass
- Instagram Pamass
- YouTube Pamass
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ "Official Website | Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda -". Official Website | Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-11-08. Archived 2021-11-10 di Wayback Machine
- ↑ Sanjaya, Rizki; Ali Abdulloh; Taofik Nugraha (2015). Tim Riset Media Sosial. Puseur Kagiatan Mahasiswa, FIB Unpad: Pamass Unpad.
- ↑ KARATAGAN PAMASS UNPAD, diakses tanggal 2021-11-08
- ↑ Pamass Rancage, diakses tanggal 2021-11-08
- ↑ a b Sanjaya, Rizki; Kholid Abidin; Medya Barkah Aulia (2023). Risét Obor Tatar Pasundan.
- ↑ "MUNGKIR - Antologi Sajak Sunda" (PDF). MediaFire (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-11-08.
- ↑ MUNGKIR: Antologi Sajak Sunda. Pamass Unpad. 2015. ISBN 9786027405912.
- ↑ "MAPAG - Kumpulan Sajak Obor Tatar Pasundan" (PDF). MediaFire (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-11-08.
- ↑ MAPAG: Kumpulan Sajak Obor Tatar Pasundan. Pamass Unpad. 2017. ISBN 9786027405905.
- ↑ Budaya, Redaksi Pena. "Ketika Budaya Sunda Bersemi dengan Monolog". Pena Budaya (dalam en-GB). Diakses tanggal 2021-11-08.
- ↑ Kumpulan 18 Carpon Rumaja. Unpad Press. 2021. ISBN 9786024399344.