Pandu Kartawiguna

Pandu Kartawiguna (gumelar di Cirebon, Jawa Kulon 13 Februari 1913) nyaéta Pajoang Angkatan 45. Salian éta anjeunna ogé mangrupa salah sahiji tokoh Pers Indonesia nu jadi pelopor Lembaga Kantor Berita Nasional Antara dina taun 1937 kantorna di JI. Pinangsia 38 Jakarta Kota.[1]
Biografi
[édit | édit sumber]Pandu Kertawiguna mangrupa salah sahiji tinu 4 orang Pajoang Kemerdekaan di Banten. Anjeunna jeung babaturanna mangrupa nu munggaran kali nyiarkeun berita Kemerdekaan Indonesia di daérah Serang, Banten. Sabérésna éta, anjeunna ogé nu ngaleupaskeun simbol kekuasaan Jepang basa harita. dina masa kaayaan Kemerdekaan Indonesia nu masih acan stabil, anjeunnna jeung rengrenganna ngadirikeun Angkatan Pemuda Indonesia (API) di Banten.[2]
Pandu Kertaguna jeung babaturanana nyaéta Adam Malik, Soemanang, A.M. Sipahoetar ngadirikeun kantor berita nu dipasih nami kantor berita ANTARA. Kantor ieu awalna mangrupa kantor berita nu ditujukeun kanggo para pemuda pajoang kemerdekaan Indonesia. Namun dina lanjutanna kantor ieu robah jadi kantor berita nu ngabewarakan ngeunaan peristiwa anu mutakhir di sakuliah dunya.
Dina taun 1962, Pandu Kertawiguna dipilih jadi ketua ANTARA nu anggotana di antarana nyaéta : Djawoto, Moh. Nahar, Subanto Taif, Adinegoro, Mashud Sosrojudho, Suhandar, Subakir, R. Moeljono dan Zein Effendi. DIna taun ieu ogé, kantor berita ANTARA resmi jadi lembaga kantor berita nasional nu didasarkeun ka Surat Keputusan Presiden Republik Indonesia No 307 taun 1962.[1]
Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 "Sejarah Singkat : ANTARA". korporat.antaranews.com. Diaksés tanggal 2022-04-29.
- ↑ Rifa'i, Bahtiar. "Kisah Perjuangan 4 Pemuda Pemberi Kabar Proklamasi Kemerdekaan di Banten". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2022-04-29. Archived 2021-12-08 di Wayback Machine