Paraji
Paraji atawa Ma Beurang nyaéta saurang anggahota masarakat anu umumna mah awéwé nu meunang kapercayaan sarta miboga kaparigelan dina nulungan nu babar.[1] Ari ngalampahanna sacara tradisional sarta meunangkeun éta kaparigelan téh ku cara turun-tumurun, diajar sacara praktis atawa ku cara lianna nu ngajurus kana paningkatan kaparigelan bidan sarta liwat patugas kaséhatan.[1] Paraji mah jalma nu dianggap bisaan sarta dipercaya ku masarakat pikeun nulungan sarta ngawulaan nu babar boh indungna boh anakna luyu jeung kabutuhan masarakat.[1]
Paraji jeung bidan[édit | édit sumber]
Ari di pilemburan masarakat téh masih kénéh percaya ka paraji pikeun nulungan prosés babar.[2] Masarakat ngarasa leuwih genah mun dibaturan ku paraji tibatan dibaturan ku tanaga kaséhatan.[2] Fénomena ieu téh lantaran paraji mah leuwih bisa nenangkeun ibu-ibu nu rék babar, ogé leuwih sabar dina maturanana, teu cara tanaga kaséhatan atawa bidan nu kawilang gurung gusuh.[2] Lian ti kitu, tina biayana ogé béda, babar dibaturan ku paraji mah kawilang leuwih murah sarta bisa leuwih katéang tibatan babar ku bidan.[2] Ngan hanjakalna, kiwari loba anggapan yén mun babar dibaturan ku paraji téh bisa ngakibatkeun kamatian.[2] Padahal panyebabna kamatian téh gegedéna mah ku ayana pandarahan, pré-éklamsi sarta inféksi, ieu teu karandapan ku nu babar dibaturan ku paraji waé, dibaturan ku bidan gé bisa waé kajadian.[2] Sok sanajan aya waé kajadian ibu hamil anu ditulungan ku paraji téh antukna mah dirujuk ka bidan dina kayaan geus pandarahan abor-aboran sangkan teu bisa disalametkeun deui.[2]
Di sawatara wewengkon mah malah geus nyieun kasupakatan yén paraji teu dimeunangkeun pikeun nanganan nu babar.[3] Ari sababna mah nyaéta dina prosés babar téh kudu stéril cenah sarta dilakukeun ku tanaga kaséhatan jiga bidan atawa dokter.[3] Teu kitueun, paraji diheugbaékeun ari dina ngawula nu bérés babaran mah.[3] Sabab kaahlian paraji nu punjul mah éstu ngurut nalika qobla jeung ba'da babar sarta ngurut orokna ogé.[3] Sawatara kajadian kamatian mindengna mah karandapan ka ibu ngora di handapeun umur 17 taun nu can boga KTP sarta teu bisa némbongkeun surat nikah sahingga teu bisa dirujuk ka puskésmas.[3]
Rujukan[édit | édit sumber]
- ↑ a b c Manggu, Makmur Tanjung Lestari Publishing & Printing. Pengertian Dukun Bayi (Paraji) Archived 2017-05-24 di Wayback Machine. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
- ↑ a b c d e f g Kompasiana. Bidan Desa vs Mak Paraji , Siapa yang Disalahkan ?. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.
- ↑ a b c d e Pemerintah Kota Bogor. Kurangi Angka Kematian Ibu dan Anak, Paraji Tidak Lagi Tangani Persalinan Ibu Hamil. Ditempona tanggal 14 Mei 2017.