Prasasti Kebonkopi I

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Prasasti Kebon Kopi)
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Prasasti Kebon Kopi atawa prasasti Tapak Gajah, mangrupa salah sahiji prasasti titinggal Purnawarman, raja Tarumanagara.

Perenah[édit | édit sumber]

Prasasti Kebonkopi kapanggih di kampung Muara dina abad ke-19 sabot Jonathan Rig muka leuweung pikeun lahan kebon kopi. Saprak ti harita prasasti ieu disebut Prasasti Kebonkopi; nepi ka ayeuna masih aya di tempatna (insitu).

Panimuan[édit | édit sumber]

Prasasti Kebonkopi mimiti dilaporkeun ku N.W.Hoepermans dina taun 1864 anu saterusna disusul ku J.F.G.Brumun (1868), A.B.Cohen Stuart (l875), P.J.Veth (l878, 1896), H.Kern (1884, 1885, 1910), R.D.M.Verbeek (1891) sarta J.Ph.Vogel (1925).

Rupa bahan[édit | édit sumber]

Prasasti Kebonkopi dipahat dina beungeut batu alam nu cukup badag maké aksara Pallawa sarta basa Sansakerta anu disusun dina wangun siloka métrum Anustubh anu dihapit sapasang pahatan gambar tapak suku gajah.

Eusi[édit | édit sumber]

Dina prasasti nu dijieun kira abad ka-5 ieu aya tulisan jeung ukiran mangrupa tapak gajah.

Tulisan:

"jayavis halasya tarumendrsaya hastinah airavatabhasya vibhatidam padadavayam"

Harti:

"Ieu dua tapak suku teh sarupa jeung Airawata, gajah bogana raja Taruma nu agung jeung wijaksana"

Nurutkeun mitologi Hindu, Airawata téh gajah tunggangan Batara Indra, déwa perang jeung nu ngawasa kilat. Nurutkeun Pustaka Parawatwan I Bhumi Jawadwipa, parwa I, sarga 1, gajah perang Purnawarman dingaranan Airawata nurutan tunggangan Batara Indra. Dicaritakeun ogé yén bandéra karajaan Tarumanagara téh dibéré gambar hulu gajah nu dipapaés ku kembang taraté.

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Richadiana Kartakusuma (1991), Anekaragam Bahasa Prasastidi Jawa Barat Pada Abad Ke-5 Masehi sampai Ke-16 Masehi: Suatu Kajian Tentang Munculnya Bahasa Sunda. Tesis (nu diajéngkeun salaku sarat pikeun meunangkeun gelar Magister dina widang Arkéologi). Fakultas Pasca Sarjana Universitas Indonésia.
  2. H.P.Hoepermans “Hindoe-oudheden va Java (1864)” ROD 1913:74
  3. J.F.G.Brumund “Bijdragen tot de kennis va het Hindoeisme op Java” VBG.XXXIII 1868:63-64
  4. A.B.Cohen Stuart “Heilige Voetsporen op Java” BKI 3(X) 1875:163-168. Ogé dina basa Inggris nu judulna: “Sacred Footprints in Java” Indian Antiquary IV. 1875:355-dst
  5. H. Kern “Eenige Oude Sanskrit-opschrifte n van ‘t Maleische-schiereil and” VMKAWL 3(1).1884:9
  6. P.J.Veth, Java II. 1878:46; I.1896:27
  7. R.D.M.Verbeek “Oudheden van Java” VBG. XLVI. 1891:30-31.
  8. J.Ph.Vogel “the Earliest Sanskrit Inscription opsachriften of Java” POD. I. l925:27-28. Plate 32,33.
  9. Bambang Soemadio (et.al. editor) Sejarah Nasional Indonésia II, Jaman Kuna. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan l975:39-40; l984:40