Psikoterapi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Prosés Psikoterapi.
Conto Sési Psikoterapi.

Psikoterapi mangrupa salah sahiji layanan psikologis anu dilaksanakeun ku para ahli ka pasien anu butuh ubar diri sacara psikologis. Ahli dina widang psikoterapi nyaéta psikolog jeung konselor atawa pangaping. [1] Psikoterapi kaasup wangun intervensi klinis.[2] Wanda panyakit anu bisa diubaran ku psikoterapi nyaéta gangguan jiwa. [3] Ubar dina psikoterapi aya patalina jeung pikiran, rasa jeung paripolah. [4] Psikoterapi kaasup salah sahiji metode rumawat sacara klinis utamana pikeun jalma anu ngalaman déprési atawa setrés alatan pasualan beurat anu kaalaman.[5]

Wangenan[édit | édit sumber]

Istilah psikoterapi asalna tina basa Yunani Kuna, nyaéta psyche (jiwa) jeung therapeia (rumawat, ngubaran jeung nyageurkeun). Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia, psikoterapi dihartikeun salaku cara ngubaran ngagunakeun kakuatan batin dokter kana jiwa (spiritual) pasien kalawan teu ngagunakeun narkoba, tapi makét metode sugésti, papatah, hiburan, hipnotis jeung sajabana. [6]

Dina udaganana, psikoterapi béda jeung konseling. Udagab konseling leuwih heureut upama dibandingkeun jeung psikoterapi. Konseling ukur boga tujuan pikeun mangaruhan kamekaran hiji jalma kalayan ngalibatkeun diri pribadi. Hasil anu dihontal tina konseling nyaéta mulangkeun fungsi hiji jalma luyu jeung kalungguhanana. Psikoterapi miboga udagan anu leuwih loba sabab bisa ngahasilkeun parobahan dasar dina struktur kapribadianana sacara aktual ogé keur mangsa datang. Jadi, psikoterapi miboga tilu udagan, nyaéta terapi, kasaluyuan jeung rémédiasi. [7]

Psikoterapi, pangaping jeung konseling mangrupa metode intervénsi. Bédana antara Psikoterapi jeung konseling nyaéta tina segi tingkat pasualan pasien anu disanghareupanana. Psikoterapi lolobana ukur ngubaran pasualan anu parna. Psikoterapi jeung konseling dilaksanakeun lamun aya pamétnta sacara husus ti pasién. Ari bimbingan mah bisa dilakukeun sanajan euweuh pamétnta ti pasién. [8]

Ngahijina konseling jeung psikoterapi dimimitian ku Federasi Konseling jeung Psikoterapi Federation Australia dina taun 1998. Ngan, Féderasi Konseling jeung Psikoterapi Australia masih aya bédana antara konseling jeung psikoterapi. Tuluy di Inggris aya anggapan ti konselor yén maranéhna ogé kaasup psychotherapists. Ku alatan éta, dina taun 2000, British Association for Counseling ngaganti ngaran organisasina jadi British Association for Counseling and Psychotherapy. [9]

Wanda[édit | édit sumber]

Konsep Psikoterapi Positif.

Psikoterapi jiwa[édit | édit sumber]

Psikoterapi jiwa kaasup wanda terapi holistik anu udaganana pikeun mulangkeun kapercayaan pasien. Udagan séjén tina psikoterapi psikiatri nyaéta pikeun ngaronjatkeun fungsi égo pasien. [10]

Psikoterapi transpersonal[édit | édit sumber]

Psikoterapi transpersonal boga udagan pikeun ngaronjatkeun transendensi kasadaran pikiran sangkan bisa ngajajah kasadaran. Hasil anu dihontal tina psikoterapi transpersonal nyaéta kasadaran transpersonal anu nyababkeun sikep diri anu bener. Téhnik psikoterapi transpersonal téh méditasi jeung du'a. [11]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Kasmuri dan Dasril (2014). Psikoterapi Pendekatan Sufistik (PDF). Batusangkar: STAIN Batusangkar Press. pp. 4–5. ISBN 978-602-8887-91-5. 
  2. Susanto, N., dan Ulfa, E. A. (2016). "Pengembangan Model Intervensi Kognitif untuk Meningkatkan Indeks Kesiapsiagaan Warga Menghadapi Bencana Longsor". Prosiding SNST ke-7 (Fakultas Teknik Universitas Wahid Hasyim Semarang): 12. ISBN 978-602-99334-5-1. https://publikasiilmiah.unwahas.ac.id/index.php/PROSIDING_SNST_FT/article/viewFile/1491/1575. 
  3. Diponegoro, Ahmad Muhammad (2014). Psikologi dan Konseling Qur’ani (PDF). Bantul: Multi Presindo. p. 101. ISBN 978-602-1227-07-7. 
  4. Mufidah, Luluk Indarinul (2015). "Pentingnya Psikoterapi Agama Dalam Kehidupan Di Era Modern". Jurnal Lentera: Kajian Keagamaan, Keilmuan dan Teknologi 1 (2): 183. ISSN 1693-6922. https://media.neliti.com/media/publications/177265-ID-pentingnya-psikoterapi-agama-dalam-kehid.pdf. 
  5. Hairina, Yulia (2018). "Konseling Qur'ani: Suatu Model Pendekatan Konseling untuk Mengatasi Gangguan Depresi". Seminar Nasional dan Workshop Bimbingan dan Konseling 2018: 162. ISBN 978-602-5498-30-5. https://www.academia.edu/37274723/Prosiding_Online_e_ISBN_978_602_5498_30_5_Seminar_Nasional_dan_Workshop_Bimbingan_dan_Konseling_2018_Yulia_Hairina. 
  6. Setiawan, Ebta. "Arti kata psikoterapi - Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) Online". kbbi.web.id. Diakses tanggal 2018-04-03. 
  7. Farida (2018). "Psikoterapi Islam Anak Berkebutuhan Khusus: Upaya Menumbuhkan Perilaku Sosial Keagamaan". Esoterik: Jurnal Akhlak dan Tasawuf 4 (2): 303. https://journal.iainkudus.ac.id/index.php/esoterik/article/download/4824/pdf. 
  8. Riskasari, W. dkk. (2016). Psikologi Klinis Kelautan: Kasus-Kasus dalam Bidang Klinis (PDF). Surabaya: Hang Tuah University Press. pp. 158–159. ISBN 978-979-3153-92-6. 
  9. Wibowo, Mungin Eddy (2018). Profesi Konseling Abad 21 (PDF). Semarang: Unnes Press. p. 72. ISBN 978-602-285-121-9. 
  10. Udin, MS (2021). Saladin, Bustami, ed. Konsep Dzikir dalam Al-Quran dan Implikasinya Terhadap Kesehatan (PDF). Mataram: Sanabil. p. 57. ISBN 978-623-317-128-1. 
  11. Ubayatun, S., dan Diponegoro, A. M. (2015). "Terapan Ajaran dalam Serat Wadhatama untuk Mengatasi Problem Psikologis pada Ibu-Ibu di Wilayah Cangkringan, Sleman Pasca Erupsi Merapi 2010". Proceeding Seminar Nasional: Selamatkan Generasi Bangsa dengan Membentuk Karakter Berbasis Kearifan Lokal: 255-256. ISBN 978-602-71716-3-3. https://publikasiilmiah.ums.ac.id/bitstream/handle/11617/6540/29-Siti%20Urbayatun.pdf?sequence=1.