Lompat ke isi

Narkoba

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Wangenan Narkoba

[édit | édit sumber]

Narkoba atawa napza nyaéta obat/ bahan/ zat anu henteu kakolomkeun kana dahareun anu lamun diinum, diangseu, ditelen atawa disuntikkeun bakal aya pangaruhna, utamana kana uteuk (susunan saraf puseur) jeung bakal ngalantarankeun kagumantungan (ketergantungan).[1] Akibatna uteuk robah daya kerjana, boh naék boh turun, kitu deui fungsi vital organ awak nu séjén (jantung, getih, pernapasan, jlté).[1]

Narkoba wancahan tina Narkotika, Psikotropika, dan Obat Terlarang nyaéta istilah anu digunakeun ku penegak hokum jeung masarakat umum.[1] Napza wancahan tina Narkotika, Psikotropika, Zat Adiktif lain nyaéta istilah anu digunakeun dina dunya kedokteran.[1] Lian ti istilah narkoba jeung napza, aya deui istilah Naza, wancahan tina Narkotika, Alkohol dan Zat Adiktif lainnya, ngarujuk kana hal anu sarua jeung narkoba katut napza[2]

Sajarah Narkoba

[édit | édit sumber]
Friedrich Wilhelm Adam Sertürner, dokter ti Westphalia anu nimukeun morfin

Narkoba anu munggaran dipikawanoh nyaéta sari kembang opion kurang leuwih taun 2000 SM di Samaria.[3] Ieu sari kembang opion satuluyna disebut opium atawa candu.[3] Ngaran Laténna papavor somniferum.[3] Saterusna ieu kembang sumebar ka India, Cina, jeung wilayah Asia séjénna.[3] Sanggeus sumebar ka Cina, kamekaran candu téh ngabelesat.[3] Masalah candu geus jadi masalah nasional pikeun Cina dina abad ka XVII.[3] Ahirna timbul perang candu dina abad ka XIX.[3] Akibatna, Cina ditaklukkeun ku Inggris jeung kudu ngaihlaskeun Hongkong.[3] Dina taun 1806 kapanggih jenis narkoba anyar, nyaéta morfin.[3] Nu nimuna nyaéta dokter ti Westphalia, ngaranna Friedrich Wilhelm Adam Sertürner.[3] Morfin mangrupa campuran antara candu jeung amoniak.[3] Éta ngaran téh ngindung kana ngaran déwa ngimpi di Yunani nyaéta Morphius.[3]

Taun 1856 nalika lumangsung peperangan sadulur di Amerika Serikat, morfin digunakeun pikeun ngilangkeun rasa nyeri tina tatu akibat perang.[4] Tapi tétéla ngalantarankeun katagihan.[3] Harita katagihan disebut ogé panyakit tentara.[3] Taun 1874, ahli kimia ngaranna Alder Wright ti London ngagodog morfin maké asam anhidrat.[4] Ieu cairan dingaranan héroin.[3] Ieu cairan nalaika diujicoba kana anjing nimbulkeun éfék réaksi ngudupung, katingali sieun pisan, tunduh, jeung utah-utahan.[4] Taun 1898 pabrik ubar Bayer nyieun héroin, ubar resmi pikeun ngilangkeun nyeri.[4] Kiwari heroin geus teu dipaké deui pikeun ubar.[4] Kamekaran satuluyna, dina taun 60-an tepi ka 70-an, sumebarna candu di dunya museur di Myanmar, Thailand, jeung Laos anu disebut Golden Triangle.[3] Lian ti éta candu sumebar ka daérah Golden Crescent nyaéta Pakistan, Iran, jeung Afganistan. Satuluyna sumebar ka Afrika jeung Amérika.[3] Taun 70-an katompérnakeun, candu mimiti diproduksi maké campuran husus nepi ka jadi ubar-ubaran.[3] Mekar tepi ka ayeuna , disebut narkoba.[3] Kamekaran téknologi teu bisa dibendung, nepi ka candu diolah ku rupaning bahan campuran husus, nepi ka jenisna gé nambahan, saperti ékstasi, putaw, jsb.[4]

Golongan-golongan Narkoba

[édit | édit sumber]
Pél Ékstasi, kaasup Psikotropika Golongan I

Ku lantaran ayana bahaya kagumantungan, digunakeunana jeung sumebarna narkoba diatur dina undang-undang nyaéta Undang-undang Nomer 22 Taun 1997 ngeunan narkotika jeung undang-undang nomer 5 Taun 1997 ngeunaan psikotropika:[1]

Narkotika Narkotika nyaéta zat atawa obat anu asalna tina tutuwuhan atawa lain tina tutuwuhan boh sintétis boh semi anu bias ngalantarankeun turun jeung robahna kasadaran, ngaleungitkeun atawa ngurangan rasa nyeri. Golongan-golongan narkotika téh ieu:[1]

  • Narkotika Golongan I: poténsial pisan ngalantarankeun kagumantungan. Henteu digunakeun pikeun terapi (ngubaran). Contona heroin, kokain, jeung ganja. Sedenghkeun putaw mangrupa heroin bubuk anu henteu murni.[1]
  • Narkotika Golongan II: Poténsial pisan ngalantarankeun kagumantungan, digunakeun pikeun terapi salaku pilihan pamungkas. Contona morfin, pétidin, jeung [métadon]].[1]
  • Narkotika Golongan III: Poténsial ngalantarankeun kagumantungan, loba digunakeun pikeun terapi, contona kodéin.[1]

Psikotropika Psikotropika nyaéta zat atawa obat, boh alamiah boh sintétis anu lain narkotika, hasiatna psikoaktif, ngaliwatan pangaruh séléktif kana susunan saraf puseur jeung ngalantarankeun parobahan has kana aktivitas mental jeung perilaku, digolong-golongkeun dumasar kana poténsina ngalantarankeun kagumantungan:[1]

Zat Psikoaktif Lianna Zat psikoaktif lianna nyaéta zat/ bahan séjén lain narkotika jeung psikotropika anu mangaruhan kana gawé uteuk.[1] Henteu kaunggel dina aturan perundang-undangan ngeunaan narkotika jeung psikotropika.[1] Anu sering disalahgunakeun nyaéta:

  • Alkohol, aya dina rupaning inuman keras.[1]
  • Inhalansia/ solven, gas atawa zat anu gampang menguap anu aya dina rupaning kaperluan pabrik, kantor, jeung rumah tangga.[1]
  • Nikotin, aya dina bako.[1]
  • Kaféin, aya dina kopi, inuman pikeun nambahan énérji, jeung sawatara ubar rieut[1]

Golongan Narkoba Nurutkeun Organisasi Kaséhatan Sadunya (WHO)

[édit | édit sumber]
Daun Ganja

Golongan narkoba dumasar kana pangaruhna kana awak manusa, nurutkeun WHO nyaéta

  1. Opioda, ngurangan kanyeri jeung nimbulkeun tunduh atawa turunna kasadaran.[1] Conto: opium, morfin, héroin, pétidin.[1]
  2. Ganja (mariyuana/ hasis), ngalantarankeun rarasaan bungah-bagja, ngaronjatkeun daya hayal, jeung ngarobah rarasaan ngeunaan waktu.[1]
  3. kokain jeung daun koka, kagolong stimulansia (ngaronjatkeun aktivitas uteuk/ fungsi organ awak lianna).[1]
  4. Golongan Amfétamin (stimulansia) conto: amfétamin, ékstasi, sabu.[1]
  5. Alkohol, aya dina inuman keras.[1]
  6. Halusinogén, nimbulkeun halusinasi (hayal) conto LSD.[1]
  7. Sedativa jeung Hipnotika (obat penenang/ obat tidur, saperti pél BK, MG).[1]
  8. PCP (fénsiklidin)[1]
  9. Solven jeung Inhalansi, gas atawa uap anu diangseu, conto tiner jeung elém.[1]
  10. Nikotin, aya dina bako.[1]
  11. Kaféin, aya dina kopi, rupaning ubar pikeun ngilangkeun kanyeri, jeung inuman kola.[1]

Akibat Nyalahgunakeun Narkoba

[édit | édit sumber]

Akibat disalahgunakeunana narkoba lain baé pikeun dirina pribadi, tapi tumiba ogé ka kulawarga, sakola, masarakat, bangsa, katut nagara.[1] Akibat pikeun dirina pribadi ditéték ieu di handap:

  1. Kagangguna fungsi uteuk jeung kamekaran rumaja anu normal: jadi pohoan, hésé konséntrasi, perasaan impulsif, persépsi semu (hayal), jeung mangaruhan motivasi[1]
  2. Intoksikasi (karacunan), istilah anu sering dipaké ku nu nyandu nyaéta pedauw, fly, mabok, télér, high, jsb.[1]
  3. Overdosis (OD), bisa ngalantarankeun maut, lantaran eureunna napas (akibat héroin) jeung pendarahan uteuk (akibat amfétamin/ sabu)[1]
  4. Gejala putus zat, gejala nalika dosis anu dipaké ngurangan atawa dieureunan.[1]
  5. Kanceuhan, nyaéta kagumantungan anu ngalantarankeun craving (rasa sono kana knarkoba), sok sanajan geus eureun maké.[1]
  6. Gangguan prilaku méntal/ sosial, sikep teu paduli, sulit ngadalian diri, gampang kasigeung, gampang ambek, nyingkurkeun diri, hubungan jeung kulawarga/ sasama kaganggu.[1] Ayana parobahan méntal nyaéta gangguan konséntrasi, motivasi diajar jeung digawé héngkér, idé paranoid, jeung gejala parkinson.[1]
  7. Gangguan kaséhatan, nyaéta ruksakna/ gangguan fungsi organ awak saperti haté, jantung, paru-paru, ginjel, kelénjar éndoktrin, alat réproduksi, inféksi, HIV/ AIDS, panyakit kulit jeung kelamin, kurang gizi, huntu koropok.[1]
  8. Kendorna ajén, ajén-ajén kahirupan agama-sosial-budaya saperti perilaku séks bébas katut akibat-akibatna, ilangna sopan santun, asosial, teu miduli batur.[1]
  9. Masalah ékonomi jeung hukum, nu nyandu kalibet hutang lantaran kudu meulian narkoba.[1] Maling duit, ngajual barang-barang milik pribadi/ kulawarga pikeun meuli narkoba, anu sakola kénéh kaancam drop out, anu digawe kaancam PHK, mungkin waé tepi ka ditahan pulisi.[1]

Kagumantungan (Ketergantungan)

[édit | édit sumber]
Anu keur nyeuseup kokain

Kagumantungan mangrupa sajumlahing gejala (sindroma) panyakit.[1] Sacara umum, singsaha anu nyalahgunakeun naza (narkoba) bisa dibagi kana tilu golongan gedé[2]:

  1. Kagumantungan Primér, dicirian ku ayana kahariwang jeung déprési, umumna kaalaman ku jalma anu kapribadianana henteu stabil.[2]
  2. Kagumantungan simtomatis, nyaéta nyalahgunakeun naza (narkoba) minangka salah sahiji gejala tina tipeu kapribadian anu ngadadasaranana, umumna tumiba ka jalma anu kapribadianana psikopatik, (antisosial), kriminal, jeung maké naza téh samata-mata pikeun kasenangan.[2]
  3. Kagumantungan Réaktif, nyaéta (utamana) tumiba ka rumaja lantaran ku hayang nyaho, panasaran, pangaruh lingkungan jeung diteken ku babaturan sapantarna (peer group pressure)[2]

Peraturan Perundang-undangan Ngeunaan Narkoba di Indonésia

[édit | édit sumber]

Mabok/ Nginum Inuman Keras

  • Meuli inuman keras piokeun diinum ku sorangan atawa dibikeun ka batur sacara dihaja, kalawan atawa tanpa ancaman kekerasan jeung ngalantarankeun mabok, éta ngalagar KUHP Pasal 300 tur bisa dieurad ku pidana panjara salila-lilana sataun.[5]
  • Mabok di tempat umum, ngaganggu patalimarga, ngaganggu katartiban/ ngancam kasalametan batur, éta ngalagar pasal 492 KUHP, dieurad pidana kurungan genep (6) poé atawa dengda.[5]

Ngagunakeun Narkoba pikeun Diri Sorangan atawa Batur

  • Narkotika jeung psikotropika ngan ukur bisa digunakeun pikeun kapentingan layanan kaséhatan jeung/ atawa élmu pangaweruh (Undang-undang Narkotika pasal 4; Undang-undang Psikotropika pasal 4).[5]
  • Sing saha anu tanpa hak jeung ngalawan hukum ngagunakeun narkotika pikeun diri sorangan, Golongan I dipidana panjara panglilana opat (4) taun, Golongan II dua (2) taun, Golongan III sataun (1) taun (Undang-undang Narkotika pasal 85).[5]
  • Sing saha anu ngagunakeun (iwal pikeun tujuan élmu pangaweruh) psikotropika Golongan I di luar katangtuan hukum, bisa dipidana 4-15 taun panjara jeung dengda 15 juta tepi ka 750 juta rupia (Undang-undang psikotropika Pasal 59).[5]
  • Sing saha anu tanpa hak jeung ngalawan hukum ngagunakeun narkotika pikeun jalma lian atawa mikeun narkotika pikeun digunakeun ku jalma lian, Golongan I dipidana panjara panglila 15 taun jeung dengda panglobana 750 jura rupia, Golongan II 10 taun panjara, jeung dengda 500 juta rupia, Golongan III 5 taun panjara jeung dengda 250 juta rupia (undang-undang Narkotika pasal 84).[5]
  • Anu ngagunakeun psikotropika, ngamilik atawa nyimpen psikotropika pikeun kapentingan ngubaran atawa ngarawat nu gering, kudu mibanda bukti yén éta téh sah (Undang-undang Psikotropika Pasal 36.[5]
  • 'Sing saha anu henteu ngalaporkeun ayana kajadian nyalahgunakeun atawa ngamilik psikotropika sacara henteu sah, dipidana panjara panglilana sataun (1) taun jeung atawa dipidana dengda panglobana 20 juta rupia (Undang-undang psikotropika Pasal 64.[5]

Kawajiban Uubar jeung/ atawa Dirawat pikeun nu Nyandu Narkotika (UU no 22 taun 1997 ngeunaan Narkotika)

  • Nu nyandu geus cukup umur jeung kolot/ waliu nu nyandu can cukup umur wajib ngalaporkeun diri/ dilaporkeun ku kulawargana ka pajabat anu dipeto ku pamaréntah pikeun diubaran atawa dirawat (pasal 88 ayat 1)[5]
  • Nu nyandu narkotika geus cukup umur jeung kulawargana anu ngahaja henteu ngalaporkeun diri sangkan diubaran atawa dirawat, bisa dijiret hukuman pidana kurungan panglilana genep bulan atawa dengda panglobana 2 juta rupia pikeun nu nyandu, jeung pidana kurungan panglilana tilu bulan atawa dengda panglobana sajuta rupia pikeun kulawargana (Pasal 88 ayat 2) [5]
  • Kolot/ wali nu nyandu nu can cukup umur anu ngahaja henteu dilaporkeun, dipidana panglilana genep bulan atawa dengda panglobana sajuta rupia (Pasal 86 ayat 1).[5]

Mroduksi Memproduksi jeung Ngédarkeun Narkoba

  • Mroduksi atawa ngagunakeun dina produksi, ngédarkeun, ngimpor, ngamilik, nyimpen psikotropika Golongan I bisa dipidana panjara 4-15 taun jeung dengda 150-750 juta rupia (UU Psikotropika pasal 59)[5]
  • Sing saha waé anu tanpa hak jeung ngalawan hukum melak, miara, ngamilik, nyimpen atawa ngawasa narkotika dina wujud pepelakan atawa lain pepelakan, mroduksi, ngolah, ngaékstraksi, ngonvérsi, ngarakit, atawa nyadiakeun, ngirim, ngangkut, nga-transito, ngimpor, ngékspor, atawa nawarkeun pikeun dijual, nyalurkeun, ngajual, meuli, masrahkeun, narima, jadi perantara dina jual-beuli, atawa nukeuran narkotika Golongan I diancam hukuman panjara 4 taun tepi ka hukuman pati atawa panjara saumur hirup hirup jeung dengda 100 juta tepi ka 5 milyar rupia (UU narkotika pasal 78, 80, 81, 82)[5]

Kawajiban Masarakat Ngeunaan Narkoba

Masarakat wajib lapor ka pihak anu boga wewenang lamun nganyahokeun psikotropika anu disalahgunakeun jeung atawa ngamilik sacara henteu sah (UU no 5 taun 1997 ngeunaan psikotropika pasal 54)[5]

Lamun aya anu (1) henteu laporan, (2) Nu nyandu henteu laporan, (3)kulawarga nu nyandu henteu laporan, éta kabéh bakal dijiret sangsi pidana jeung dengda.[5]

Partisipasi jeung panangtayungan pikeun nu laporan natrat dina UU no 2 taun 1997 Pasal 57 jeung UU no 5 taun 1997 Pasal 54.[5]

Istilah-istilah Gaul pikeun Narkoba

[édit | édit sumber]

Sawatara istilah anu biasa digunakeun dina pergaulan di kalangan nu nyandu narkoba:

No Istilah Harti
1 Abses Bénjolan lantaran héroin anu disuntikkeun teu asup kana urat[3]
2 Alfo Aluminieum foil, tempat pikeun meuleum sabu[3]
3 Ampét Amfétamin, cairan disuntikkeun[3]
4 Badai/ pedaw/ high Luhur tinggi[3]
5 Bajing Kembang ganja[3]
6 Bakaydu Dibeuleum heula, meuleum ganja[3]
7 Barcon Téster, barang conto, gratis[3]
8 Berhitung Papatungan/ Iuran keur meuli ganja[3]
9 BK, Bung Karno Pél koplo pangmurahna[3]
10 BI, Blue Ice salah sahiji jenis sabu nu pangalusna (nomer 1)[3]
11 Bokul, bok's beuli, meuli[3]
12 BT, Bad trip Rasa keuheul, kesel sabab kaganggu nalika fly/ mabok[3]
13 Camp's Campuran bako pikeun ganja nalika ngalinting[3]
14 Chimenk, gélé, jayus, grass, rumput Ganja/ kanabis[3]
15 CMD Cuaca ngarojong mendukung pikeun ngaganja[3]
16 CS Sobat, sasama anu sok maké narkoba[3]
17 Gaw Gram[3]
18 Giberway, giting berat way Mabok ganja[3]
19 Gocapan, gocip Pakét 50 rébu per 0,1 gram[3]
20 Jackpot, tumbang Utah[3]
21 Jokul Jual[3]
22 Kentang, kena tanggung, gantung Kurang mabok[3]
23 Ngejél Mangpet, beku nalika ngepam/ ngompa[3]
24 Ngepam, pamping Ngompa insulin sababara balikan[3]
25 Nugi, numpang giting Mabok teu maké duit[3]
26 OD, ogah ngedrop Rasa hayang tuluy mabok[3]
27 OD, Over Dosis, Ngeblénk Takeran maké putaw anu kaleuleuwihi[3]
28 On, naék Prosés nalika fly, mabok pikeun nu maké ékstasi/ sabu[3]
29 Pahé Pakét hémat, paké 20 rébu atawa 10 rébu[3]
30 Pakétan, tekapan Pakét, bungkusan pikeun putaw[3]
31 Parno Paranoid, rasa sieun anu kaleuleuwihi lantaran maké sabu loba teuing[3]
32 Pasang badan Nahan sakaw tanpa ubar/ tanpa diubaran ku dokter[3]
33 Pél Koplo, bo'at, boti, dados, kancing Ubar daftar G[3]
34 PS Pasén, anu meuli narkoba[3]
35 R, Rohip Rohypnol[3]
36 Se'émpel Saamplop pikeun ganja[3]
37 Selap Dua kali bulak-balik, dua kali nyeuseup[3]
38 Semata Cai sakeclak anu geus dicampur héroin[3]
39 Sepapan, setrip Sabaris dina jajaran ubar[3]
40 Separdu Sapakét pikeun dua urang[3]
41 Seperempi Saparapat gram[3]
42 Sepoték Satablét dibagi dua[3]
43 Set-du, seting dua Dibagi keur dua urang[3]
44 Se-track Sakali nyeuseup, meuleum[3]
45 Sabu-sabu, ubas, SS, basu Métamfétamin[3]
46 Stock, STB, Stock badai Sésa héroin anu disimpen nalika katagihan[3]
47 Stone, stokun, giting, fly, bélér, bahlul mabok[3]
48 Sugest, Sugesti Rarasaan hayang maké narkoba[3]
49 TKW Inuman anu ngandung alkohol buatan lokal[1]
50 Wakap Maké narkoba[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av Martono, Lydia Harlina jeung Satya Joewana. 2002. Pencegahan dan Penanggulangan Penyalahgunaan Narkoba Berbasis Sekolah. Jakarta: Balai Pustaka.
  2. a b c d e Hawari, Dadang. 1999. Konsép Islam Memerangi Aids dan Naza. Yogyakarta: Dana Bhakti Prima Yasa Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "Hawari" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf bg bh bi bj bk bl bm bn bo Rahayu, Weni. 2009. Mengenal jenis dan Bahaya Narkoba. Klaten: Insan Sejati.
  4. a b c d e f http://www.polreskotacimahi.com/index.php?option=com_content&view=article&id=525&Itemid=129 Archived 2011-09-19 di Wayback Machine diakses tanggal 24 oktober 2011
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p Joko.P. 2007.Hindari Napza.Surakarta: Mediatama.