R.E. Martadinata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Raden Eddy Martadinata
Kepala Staf Angkatan Laut ka-ke-4
Masa jabatan
1959 – 1966
Présidén Soekarno
Saméméhna R. Soebijakto
Sanggeusna Moeljadi
Katerangan lian
Gumelar 29 Maret 1921
Citakan:Country data Hindia Belanda Bandung, Jawa Barat, Hindia Belanda
Pupus 06 Oktober 1966 (yuswa 45)
Indonésia Riung Gunung, Pangalengan, Indonesia
Kabangsaan Indonesia
Pameget/istri Soetiarsih Soeraputra
Murangkalih 7
Profési Tentara
Ageman Islam
Pangabdian militér
Kasatiaan Bandéra Indonésia Indonesia
Layanan/cabang 25px TNI Angkatan Laut
Lila ngabdi 1945 - 1966
Réngking 25px Laksamana TNI
Patempuran/perang Revolusi Nasional Indonesia
Kerusuhan Makassar

Laksamana (Anumerta) Raden Eddy Martadinata (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 29 Maret 1921 – tilar dunya di Riung Gunung, Jawa Barat, 6 Oktober 1966 dina umur 45 taun) atawa nu leuwih dipikawanoh R.E. Martadinata nyaéta salah saurang inohong ALRI jeung pahlawan nasional Indonésia. Anjeunna tilar dunya kusabab kacilakaan helikopter di Riung Gunung sarta dikurebkeun di TMP Kalibata, Jakarta.[1][2]

Kahirupan awal[édit | édit sumber]

Gumelar ti pasangan Raden Ruchi­jat Martadinata jeung Raden Soehaeni, Martadinata ti bubudak geus kairut kana séktor kalautan. R.E. Martadinata nikah jeung Soetiarsih Soeraputra sarta miboga 5 urang budak awéwé jeung 2 urang budak lalaki. Diantarana Soehaeny Martadinata, Siti Khadijah Martadinata, Siti Judiati Martadinata, Irzansyah Martadinata, Siti Mariam Martadinata, Vittorio Kuntadi Martadinata, jeung Roswita Riyanti Martadinata. Anjeunna mangrupakeun salah sahiji inohong nu kalibat dina pambentukan BKR (Badan Keamanan Rakyat) Laut Jawa Kulon dihandapeun pimpinan Aruji Kartawinata nu tuluy ganti ngaran jadi ALRI (Angkatan Laut Republik Indonesia).Salila karirna, RE Martadinata kungsi jadi Kepala Staff Operasi di Markas Besar ALRI di Yogyakarta, anjeunna ogé kungsi ngajabat salaku Kepala Staff Komando Daerah Maritim Surabaya. Martadinata ogé kungsi nyiar atikan di United States Navy Post Graduate School di Amérika Serikat dina taun 1953.[3][4]

Riwayat atikan[édit | édit sumber]

DIna taun 1934 R.E. Martadinata munggaran asup sakola ka Hollandsch Inlandsche School (HIS) di Lahat (1927-1934), nuluykeun ka Meer Uitgebreid Lager Onderwijs bagian B (MULO-B) Bandung taun (1934- 1938) jeung Algemene Middelbare School (AMS) Jakarta (1938-1941) jeung sakola pelayaran, tapi kulantaran Jepang datang ngajajah, anjeunna teu bisa namatkeun sakola ieu. Sanggeus tamat ti Algemene Middelbare School (AMS), kahayang pikeun nuluykeun sakola saluhur-luhurna dilakukeun kucara asup ka Paguron Luhur Zeevaart Technische School Jakarta dina 1942, tapi kulantaran Jepang datang ngajajah, ngagantikeun Walanda, anjeunna teu bisa namatkeun sakola ieu, sarta ieu hal téh jadi tonggak mimiti gerakan fasisme di Indonésia.Taun 1943, wanci pamaréntahan Jepang ngabuka kasempetan keur para pamuda Indonésia pikeun asup ka Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT), anjeunna ngilu ngadaftar sarta bisa bisa nganggeuskeun atikanna kalawan nilai panghadéna, nu tuluy di angkat jadi guru di Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT) Jakarta. Dina taun 1953 R. E. Martadinata miboga kasempetan pikeun nuluykeun atikanna United States Navy Post Graduate School di Amérika Serikat (AS).[1][2]

Perjuangan[édit | édit sumber]

Wanci rék ngayakeun Proklamasi 17 Agustus 1945, para palaut kayaning Eddy Martadinata, R. Suryadi, Adam, , Daryaatmaka, Suparlan, Achmad Hadi, Untoro Kusmardjo jeung Jasanatakusumah ngayakeun panggalangan kasatuan pikeun nyongsong kamerdékaan, dina waktuna para pelaut ieu geus siap ngarojong. Maranéhna ngayakeun hubungan jeung kelompok pamuda pajoang lianna.diantarana jeung kelompok pamuda Sukarni jeung Chaerul Saleh.Wanci Walanda ngalakukeun Agresi Militer I dina bulan Juli 1947, pangkalan-pangkalan ALRI nu aya di Pulo Jawa ogé diserang. Kusabab hal ieu, anjeunna ngaluarkeun paréntah ka para guru jeung siswa Pendidikan Latihan Opsir Kalibakung pikeun ngabentuk kesatuan pertahanan. Pasukan ieu langsung dipimpin ku R.E. Martadinata. Walanda nyerangKalibakung dina tanggal 25 Juli 1947 nu tuluy nyababkeun patempuran nu panas. Dina titimpuran ieu aya dua urang siswa ti pihak ALRI nu gugur. Dina tanggal 3 September 1947 Walanda nyerang ti udara. Ku kituna kaayaan geus teu aman deui, Eddy Martadinata ngungsikeun kulawargana ka Yogyakarta. Anjeunna jeung anak buahna cicing di tengah pikeun nuluykeun titipmuran. Salila Agresi Militer I Belanda, R.E. Martadinata tuluy geriliya didaérah sabudeureun Tegal jeung Pekalongan. Wonosobo dijadikeun s daealaku daérah keur konsolidasi.[1][3]

Riwayat karir[édit | édit sumber]

Sanggeus lulus ti Amérika, anjeunna jeung M. Pardi sarta Adam diangkat jadi guru di Sekolah Pelayaran Tinggi (STP) Jakarta mimiti tanggal 01 Agustus 1943. Dina tanggal 1 Septémber 1944, anjeunna eureun jadi guru tetep disakola ieu kusabab meunang kapercayaan pikeun jadi Nahkoda Kapal Latih Dai 28 Sakura Maru. Salaku palatiih, di kapal anjeunna bisa ngabimbing langsung para pamuda, sarta salaku Komandan kapal, anjeunna nunjukeun disipkin sarta sumanget gawé nu luhur. Pagawéan ieu dilakonan ku anjeunna nepi ka Jepang nyerah ka Amérika Serikat.[1]

Dina tanggal 10 Séptémber 1945, Badan Keamanan Rakyat (BKR) Laut Pusat, kabentuk di Jakarta. Numutkeun kaputusanna, M. Pardi dipilih salaku pimpinan BKR-Laut Pusat. R.E. Martadinata dipilih jadi pamimpin BKR-Laut Banten, pancénna nyaéta ngabendung tantara Amérika Serikat ka Jawa Kulon ngaliwatan laut. Wanci tantara AS ngadarat di Jakarta, R.E. Martadinata maréntahkeun pikeun kapal-kapal di Palabuan Ikan dipindahkeun ka Cirebon jeung Lampung.

Tanggal 5 Oktober 1945 munggaran lahirna Tentara Keamanan Rakyat (TKR), ku kituna sacara otomatis organisasi BKR-Laut jadi TKR-Laut. Kusabab kaayan di Jakarta geus teu aman deui, anjeunna diparéntahkeun supaya pindah ka Yogyakarta pikeun nulungan pimpinan MBU TKR-Laut. Salian ti éta, meunang pancén salaku Perwira Pendidikan MBU TKR-Laut. Nu tuly dina tanggal 25 Januari 1946, TKR-Laut jadi TRI-Laut, sarta sabulan sanggeusna jadi Angkatan Laut Republik Indonesia (ALRI). Laksamana III M. Pardi salaku Kepala Stafna. Sarta R.E. Martadinata salakku Perwira Pendidikan anjeunna boga kahayang pikeun ngawangun ALRI. ANjeunna ngusulkeun gagasan pendidikan profesional pikeun ALRI. Jabatan Eddy di MBU ALRI ti bulan Maret 1946 nyaéta salaku Kepala Staf Operasi V (KSO V). Ti bulan Maret 1947 R.E. Martadinata mingpin langsung Pendidikan Latihan Kilat Opsir di Kalibakung, deukeut Tegal. Pelajaran nu di bagikeun ku R.E. Martadinata nyaéta ngeunaan matra laut jeung pendidikan budi pekerti.[1]

Nu tuluy R.E. Martadinata ditarik balik ka MBU-ALRI di Yogyakarta. Teu kungsi lila, anjeunna diganti ku R. Soebijakto. R.E. Martadinata diparéntahkeun balik ka Kalibakung nuluykeun mingpin Sakola nu eureun kusabab agresi Walanda.. Paguron éta lain deyu Pendidikan Opsir tapi jadi Basic Special Operation (BSO). Tempatna gé teu di Kalibakung tapi pindah ka Sarangan.Dina taun 1949, anjeunna kungsi mingpin kapal Hang Tuah salila lima bulan, kusabab R.E. Martadinata meunagkeun pancén anyar salaku Kepala Staf Daerah Militer Surabaya salila tilu bulan, jeung satuluyna ditempatkeun salaku Kepala Staf Operasi ALRI.[1]

Panunjukan R.E. Martadinata dumasar kana pertimbangan, yén R.E. Martadinata nyaéta salah sahiji perwira nu miboga pangalaman jeung pangaweruh nu loba ngeunaan mingpin kapal perang.

Dina tanggal 29 Februari 1951 R.E. Martadinata dilantik salaku komandan kapal ieu., nu tuluy dina bulan Agustus 1952 RE. Martadinata ngajabat deui salaku Kepala Staf Operasi IV (KSO IV) ngarangkap salaku Perwira Perencana.

Tanggal 1 Januari 1955, R.E. Martadinata jeung perwira-perwira lianna nu di antarana Yos Sudarso meunang pancén khusus salila tilu taun di Italia. Tugasna nyaéta ngawaskeun nyieun kapal perang pesenan ALRI. Pamaréntah Italia méré Bintang Commedatore ka R.E. Martadinata salaku tanda kahormatan, sarta salila di Italia, diangkat salaku Komandan Kesatuan “Angkatan Laut Italia” (Kalita). Dina waktu nu sarua anjeunna ogé diangkat jadi Hakim Perwira di Pengadilan Tinggi Tentara di Medan, Jakarta, jeung Surabaya.[1]

Dina tanggal 17 Juli 1959, Kolonel R.E. Martadinata diangkat jadi Kepala Staf AL (KSAL). Upacara serah terima jabatan dilaksanakeun dina tanggal 20 Juli 1959. Anjeunna diangkat jadi KSAL dina yuswa tilu puluh dalapan taun, dina wanci harita anjeunn jadi salah sahiji pamingpin AL pang ngorana disakuliah dunya.[1]

Dina bulan April 1960, KSAL R.E. Martadinata naék pangkatna jadi Laksamana Muda, nu tuluy dina taun 1961 dinaékkeun deui jadi Laksamana Madya.

Wanci Menteri Pertahanan dijabat ku Ir. Djuanda dina taun 1962 pamikiran ka arah integrasi ABRI geus ditaratas. Pangal R.E. Martadinata ogé ngilu bagéan dina proses pambentukan integrasi ieu. Tapi kaayaan politik dina wanci harita ngamungkinkeun rencana ieu bisa lumangsung. Sikapna nu anti komunisme teu ngamungkinkeun PKI bisa mangaruhan anjeunna. Kusabab Eddy Martadinata teu nyatujuan kabijaksanaan Presiden dina nganggeuskeun kajadian G 30S/PKI, manéhna eureun salaku Men Pangal dina bulan Februari 1966. Dina bulan September 1966 R.E. Martadinata diangkat jadi Duta Besar RI nu miboga kuasa di negara Pakistan. Dina Poé Ulang Taun Angkatan Bersenjata Republik Indonésia nu ka-21 pangkatna dinaékkeun jadi Laksamana.[1][2][4]

Tilar dunya[édit | édit sumber]

Dina tanggal 6 Oktober 1966 Laksamana R.E. Martadinata gugur  dina paristiwa kacilakaan helikopter nu dibawana di daérah Puncak, Jawa Kulon. Anjeunna tuluy dikurebkeun di Taman Makam Pahlawan Kalibata, Jakarta. Salaku bukti yén hirupna bener-bener diabdikeun ka bangsa jeung negara, anjeunna geus ditetepkeun ku Pamaréntah salaku Pahlawan Nasional, kalawan Surat Keputusan Presiden RI No. 220 Tahun 1966 tanggal 7 Oktober 1966. Selian tanda jasa nu dibéré ti jero nagri,anjeuna ogé meunang tanda jasa ti sababaraha nagara asing kayaning Yugoslavia, Italia, Amérika Serikat, jeung Philipina.[1][2][3][4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j "Laksamana R.E. Martadinata KSAL termuda, Konseptor ALRI Profesional dan Modern – Pusat Sejarah TNI" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-06-26. 
  2. a b c d "17 AGUSTUS - Serial Pahlawan Nasional: R E Martadinata". Tribunnewswiki.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-26. 
  3. a b c Cek&Ricek. "R.E Martadinata, Panglima Angkatan Laut yang Tewas di Udara". Cek&Ricek (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-26. 
  4. a b c Raditya, Iswara N. "Jejak Tragis Sang Nakhoda R.E. Martadinata". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-26. 
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan