Salak minyak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Salak minyak
Elaeis guineensis0.jpg
Salak minyak Afrika (Elaeis guineensis)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Elaeis

Species

Elaeis guineensis
Elaeis oleifera

Salak minyak; kalapa sawit; Elaeis guineensis nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Arecaceae. Ieu tutuwuhan ngahaja dipelak dina jumlah anu pohara lobana, anu umumna dimangpaatkeun salaku bahan baku nyieun minyak goréng. Genus ieu mibanda dua spésiés : (Elaeis guineensis) pituin ti Afrika, kadua (Elaeis oleifera) pituin ti Amérika. [1] aslina ti Amerika Kidul jeung Tengah tropis,[2] ogé dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun minyak.


Perkebunan[édit | édit sumber]

Salak minyak mangrupikeun pepelakan industri salaku bahan baku pikeun ngahasilkeun minyak paranti masak, minyak industri, sareng bahan bakar. Minyak sawit ngagaduhan peran penting dina industri minyak, nyaéta ngagentos kalapa salaku sumber bahan baku.

Perkebunan ngahasilkeun kauntungan anu gedé pisan seueur leuweung sareng perkebunan lami dirobih janten kebon salak minyak.

Indonésia mangrupikeun nagara anu ngahasilkeun minyak sawit panggedéna di dunya, kebon salak minyak sumebar ti daérah Aceh, basisir wétan Sumatra, Jawa, Kalimantan, sareng Sulawesi.

Aya sababaraha spésiés salak minyak, nyaéta "E. guineensis Jacq. , E. oleifera , sareng E. odora .

Jinis salak minyak atanapi tipe digolongkeun dumasar kana dua ciri, nyaéta kandel endokarp sareng kelir buahna.

Dumasar kana kandel endokarp, salak minyak digolongkeun kana tilu rupa, tayalian : Dura, Pisifera, sareng Tenera. Sedengkeun numutkeun kelir buahna, salak minyak digolongkeun kana tilu rupa oge, kayaning : Nigrescens, Virescens, sareng Albescens. Sacara umum, salak minyak diwangun ku sababaraha bagéan , tayalian: akar, tangkal, daun, kembang sareng buah. Bagian tina salak minyak anu diolah janten minyak nyaéta buahna. [3][4]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Arecaceae déwasa tangkalna nunggal, sareng tiasa tumuh jangkungna langkung ti 20 m (66 ft). Daunna menyirip, sareng panjangna ngahontal antara 3–5 m (10–16 ft). Kembang dihasilkeun dina wujud padet; masing-masing kembang leutik, kalayan tilu sepal sareng tilu kelopak.

Buahna mibanda kelir semu beureum, gedena sagedé plum ageung, sareng tumuh dina tandan/pendul ageung. Unggal buah diwangun ku lapisan luar anu aya minyakan (pericarp), kalayan hiji siki (kernel palem)/inti, anu loba ngandung minyak.

Kayaning spésiés palm séjén, daun ngéntép majemuk. Daun héjo poék sareng palapahna mibanda kelir anu leuwih ngora. Dedegannama meh sarimbang jeung salak biasa, Pedah cucukna teupati heuras jeung seukeut. Urut palapah anu katembong dina tangkalna nepika umur 12 tahun. Sabada umur na nepik ka 12 tahun urut barangbang hente katembong, malahan meh sarimbang jeung tangkal kalapa.

Kembang jalu jeung bikangna misah nga masih keneh aya dina tangkal anau sarua (monoecious diclin) kalawan mibanda waktu asak anu beda kukituna jarang kajadian aya penyerbukan. Kembang jalu ngagaduhan bentuk mencos panjang sedengkeun kembang bikang katingalina langkung ageung sareng mekar.

Tangkal salak minyak tina tipe cangkang pisifera mibanda sifat female steril matakna langka ngahasilkeun, tandan buah dina produksi binih unggul dimangpaatkeu pikeun tetua jantan.

Buahna diwangun ku tilu lapisan::

  • Eksoskarp, bagéan kulit buah anu kelirna semu beurreum .
  • Mesoskarp, Tapas buahna
  • Endoskarp, Batok, anu ngajaga inti buahna

Inti sawit; salak minyak (kernel, anu sabenerna tayalian ti sikina mangrupakeun endosperma jeung embrio anu mangrupikeun bahan pikeun nyieun minyak sawit anu pang hadena.

Salak minyak direkahkeun make cara generatif. Buah sawit anu asak lamun ditunda dina pabinihan bakal sirungan tuluy pucukan (plumula) sarta baris akaran (radikula).

Habitat aslina nyaéta daérah anu ngararungkun. Sawit tiasa tumuh saé di daérah tropis (15° LU - 15° LS)

Spésiés[édit | édit sumber]

Kedua spesies, E. guineensis jeung E. oleifera bisa ngahasilkeun hibrida subur. Genom E. guineensis geus diurutkan, anu ngagaduhan implikasi penting pikeun ngarintahkeun pepelakan anu langkung saé.[5]

Gambar Nama Nama umum Habitat asal
Elaeis guineensis - Fruit and Spice Park - Homestead, Florida - DSC09011.jpg Elaeis guineensis Jacq. Salak minyak (Afrika) Afrika Kulon jeung barat daya, hususnya antara wilayah Angola dan Gambia
Oilpalmmagdalenacolombia-2.jpg Elaeis oleifera (Kunth) Cortés Salak minyak Amérika Amérika Kidul jeung Tengah, ti Honduras nepika Brasil beulah kalér

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Gledhill, David (2008). The Name of Plants (4 ed.). Cambridge: University Press. p. 279. 
  2. Collins Guide to Tropical Plants, Galat skrip: tidak ada modul tersebut "Catalog lookup link".Galat skrip: tidak ada modul tersebut "check isxn".
  3. Sastrosayono, S., 2003. Budidaya Kelapa Sawit. Jakarta: Agromedia Pustaka
  4. Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. p. 125. Diakses tanggal (disungsi) 10 Mei 2021. 
  5. Singh, R.; Ong-Abdullah, M.; Low, E.-T.L.; Manaf, M.A.A.; Rosli, R.; Nookiah, R.; Ooi, L.C.-L.; Ooi, S.-E. et al. (2013). "Oil palm genome sequence reveals divergence of interfertile species in Old and New worlds". Nature 500: 335–339. doi:10.1038/nature12309. PMC 3929164. PMID 23883927. http://www.nature.com/nature/journal/vaop/ncurrent/abs/nature12309.html#supplementary-information.