Lompat ke isi

Silia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Silium
Hasil nitenan ngagunakeun Scanning Electron Microscope nuduhkeun silia sel epitel bayah.
Rincian
Pengenal
LatinCilium
CodeCitakan:TerminologiaHistologica
THCitakan:Str mid.html H1.00.01.1.01014
FMACitakan:FMA
Terminologi anatomi

Silium (loba disebut silia) nyaéta organél sél anu miboga fungsi salaku alat gerak sababaraha sél anu diaméterna kurang leuwih 0,25 μm jeung panjangna 2 nepi ka 20 μm. [1] Bentuk silia téh manjang jeung dibulen ku hiji mémbran sél anu lincah. Jumlah silia dina unggal sél aya kana 200 siki. [2] Silia béda jeung flagéla (loba disebut flagelum ) anu diaméterna leuwih panjang kira-kira kana 10 nepi ka 200 μm. [3] Lian ti éta, jumlah flagéla biasana kawatesanan, ukur hiji atawa sababaraha hiji wungkul dina unggal sél. Loba organisme eukariotik unisélular bisa gerak dina cai kalayan peran ti silia jeung flagéla. Bentuk silia téh menjul semu ipis anu fungsina keur mindahkeun leuleugeut anu bisa meungkeut kokotor laleutik sangkan kaluar tina bayah jeung mindahkeun zigot di sapanjang tuba utérina. [4]

Pinding silia miboga cincin luar kalayan jumlah doublét salapan mikrotubula (ukur hiji tubula asésori anu napel) jeung 2 fibril panengah anu kontruksina sarua jeung mikrotubula. Unggal doublét dihubungkeun ku protéin anu ngandung néksin. Dina sub-doublet aya sapasang molekul protéin anu disebut dinein . Dinein miboga gugus salaku ATPase (Adenosine Tri Phospat) keur ngarojong prosés hidrolisis ATP. [5]

Dina lumangsungna sistem panganmbeu, silia miboga reséptor sénsorik anu disebut protéin. Ieu variasi dina runtuyan asam amino ngabalukarkeun reséptor sénsitif kana sagala rupa bau. Unggal neuron sénsorik miboga hiji reséptor husus dina silia keur nyungsi bau anu tangtu. Waktu bau patali jeung reséptor keur nyungsi éta bau, neuron sénsorik bakal kaiket jeung reséptor anu karangsang. Indra pangambeu téh mangrupa hiji-hijina informasi indrawi anu dikirim langsung ka korteks serebrum, ari sénsasi anu séjén mah ngaliwatan thalamus. [6] Sajaba ti éta, keur meresihan rasa bau mah aya mémbran mukosa nu nyieuhkeun saliter leuleugeut dina unggal poéna ditambah jutaan silia anu napel babarengan. Silia tuluy tumuluy mindahkeun mukosa anu fungsina meresihan mukus 12-15 per detik jeung nyurung lendir kana tikoro . Ieu hal miboga udagan keur nahan polusi anu bakal asup kana awak manusa. [7]

Pola gerak

[édit | édit sumber]

Pola gerak silia téh gancang jeung dadak dumadakan kalayan tujulna ka arah anu tangtu (stroke aktif ). Cara gerakna tungtung silia napel kana lapisan mukoid, tuluy silia gerak lalaunan nepi ka tungtung lapisan anu tadi geus kaliwatan ( recovery stroke). Babandingan durasi gerak anu dilakukeun ku silia kurang leuwih kana 1: 3. Dumasar kana ieu katerangan, gerakan silia bakal sarua jeung ngayunna leungeun waktu keur ngojay. Silia henteu ngalakukeun gerakan sakaligus, tapi gerakan ngaruntuy saperti éfék domino (metachronical waves) anu tujulna ngan ka saarah wungkul. Ieu hal ngabalukarkeun pola gerak silia boga hiji frékuénsi kedut (ciliary beat frequency)1000 geteran per menit. Gerakan silia téh bisa jadi balukar ayana mikrotubulus anu silih gésér anu sumber énergina ATP anu asalna tina mitokondria . ATP asalna tina karuksakan ADP ku ATPase. ATP aya dina leungeun dinein anu ngahubungkeun mikrotubulus jeung pasanganna. Sawatara ti éta, pasangan tadi téh dipatalikeun kana bahan élastis anu ceuk sangkaan mah disebut nexine. [2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Campbell NA, Reece JB, Mitchell LG. 2002. Biologi, Edisi Kelima, Jilid I. Jakarta: Erlangga. Hal:130-132, 126 ISBN 979-688-468-2
  2. a b Puji Kurniawan, Dwi Reno Pawarti (Januari-April 2012). "TRANSPORT MUKOSILIAR HIDUNG PADA RINITIS ALERGI". Jurnal THT-KL 5 (5): 65-64. ISSN 23378417. http://journal.unair.ac.id/download-fullpapers-thtkl6f03634336full.pdf. 
  3. Haimo LT, Rosenbaum JL. 1981.Cilia, flagella, and microtubule. J. Cell Biol. 91 (3 Pt 2): 125s–130s. doi:10.1083/jcb.91.3.125s. PMID 6459327.
  4. Gibson, John (2003). Fisiologi & Anatomi Modern Untuk Perawat (dalam Indonesian). Jakarta: EGC. p. 4. ISBN 978-979-448-596-5. 
  5. Setiawan, Samhis. "Silia Dan Flagela – Pengertian, Struktur, Fungsi, Perbedaan, Gerakan, Peranan". GuruPendidikan.Com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-11-27. 
  6. Nugrahaeni, Ardhina (2020-01-01). Pengantar Anatomi Fisiologi Manusia (dalam Indonesian). Jakarta: Anak Hebat Indonesia. p. 142. ISBN 978-623-244-355-6. 
  7. Q-Anees, Bambang (2004-12-01). Awas, Ada Yang Ngincer Bodimu! (dalam Indonesian). Bandung: DAR! Mizan. p. 100. ISBN 978-979-752-171-4.