Simpanseu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Simpanseu (sering disingget dina basa Inggris, chimp), nyaéta ngaran umum pikeun dua spésiés anu masih hirup tina monyét dina genus pan.[1] Walungan Kongo ngawangun wates tempat cicing alamiah tina dua spésiés:

Simpanseu nyaéta anggota ti kulawarga Hominidae, sarua jeung gorila, manusa ogé orangutan.[1]

Simpanseu keur Ngasuh anakna

Simpanseu mangrupa salah sahiji jenis primata anu teu boga buntut.[2] Ukuran awakna gedé, anu jalu jangkungna 77–92 cm, sedengkeun dantenna kira-kira 70–85 cm.[2] Beuratna maksimal 50 kg, awakna katutup ku mantel bulu anu panjang jeung kandel, warnana hideung semu abu-abu.[2] Bentuk beungeut jeung gado rada ngagantung, biwir ipis, jeung bagian halisna nonjol kalawan jelas.[2] Sato ieu ngabogaan ceuli anu ukuranna rélatip gedé, dadana lega, anggota badanna katingali paranjang, sanajan ari ramona mah parondok.[2] Leungeunna kuat, beungeut anak simpanseu mirip jeung indungna dibédakeunna ceuli anak simpanseu mah katingali semu beureum jeung buluna teu kandel, carang kénéh.[2]

Klasifikasi Simpanseu[édit | édit sumber]

Klasifikasi simpanseu nyaéta:

Ordo: Primates[3]

Subordo : Catharhinien[3]

Simpanseu

Family : Pongidae[3]

Kingdom: Animalia[4]

Phylum: Chordata[4]

Class: Mammalia[4]

Tribe: Hominini[4]

Genus: Homo[3]

Species: Homo sapiens[4]

Tempat Cicing (Habitat)[édit | édit sumber]

Simpanseu sumebar di Aprika Barat jeung Aprika Tengah anu ngawengku Zaire, Sinegal, jeung Tasmania.[2] Primata ieu biasana cicing d leuweung tropis, tapi kapanggih ogé di leuweung awi, rawa, jeung sakapeung di tegalan jukut.[5] Simpanseu biasana cicing dina tatangkalan sarta ngagunakeun daun pikeun sayangna.[5]

Sistem Réproduksi[édit | édit sumber]

Asakna Séksualitas simpanseu dina umur 5-6 taun, usum perkawinana sapanjang taun.[3] Simpanseu bikang ngalaman siklus ménsturasi salila 35 poé, kalayan mangsa évolusina 6 poé.[3] Mangsa reuneuhna 200-260 poé, kalayan anakna rata-rata hiji maksimalna dua.[3] Simpanseu bikang bakal ngalayanan sababraha hiji simpanseu jalu, sarta bakal ngasuh anakna nepi ka umur 4 taun.[2]

Kadaharan[édit | édit sumber]

Di tempat hirupna, simpanseu ngadahar rupa-rupa bungbuahan jeung dangdaunan.[2] Dina usum halodo simpanseu bakal ngadahar sisikian, kembang jeung bagian tatangkalan anu hipu, karesepna kana tonjolan kai anu tapak supa.[2] Sajaba ti ngadahar bagian tina tutuwuhan, simpanseu ogé ngadahar sababaraha rupa sasatoan.[2]

Pola Hirup Simpanseu[édit | édit sumber]

Kadaharan simpanseu umumna vegetarian, sanajan sakapeung sok nyerang ka sasatoan laleutik, atawa ngadahar seranga.[3] Musuh hiji-hijina anu sok sering nyerang simpanseu nyaéta oray.[3] Kahirupan sosialna, simpanseu hirup babarengan ngawangun kulawarga, sarta dibandingkeun jeung sato séjénna simpanseu ngabogaan hubungan sosial anu kaitung maju.[3]

Simpanseu mangrupa sato sosialis, hirupna ngagorombol nepi ka 50 anggota.[5] Sakelompokna mangrupa gabungan 3-6 kulawarga anu cicing babarengan.[5] Simpanseu nuturkeun sistem hirarki dina gorombolanna, jalu anu pangkuatna jadi kapalana, bikang déwasa dianggap bagian tina gorombolan anu béda.[5] Simpanseu ngabogaan aturan ketat patali jeung wilayahna, bakal timbul huru-hara gedé saupama gorombolan séjén nyerang ka wilayah nu séjénna.[5]

Panangtayungan Simpanseu[édit | édit sumber]

Simpanseu nyaéta sato anu rawan, deukdeut kana musnah sarta ngabutuhkeun panangtayungan anu total.[3] DIna danget ieu kira-kira aya 250.000 simpanseu, tapi jumlahna condong ka turun.[3] Conto tempat panangtayungan simpanseu nyaéta di pulo Ngamba di dano Victoria.[6] Pulo Ngamba dianggap hadé pikeun cicing simpanseu lantaran tempatna mencil jauh tina jangkowan manusa.[6] Pulo simpanseu Liberia, ogé salah sajiji pulo anu dikawasa ku simpanseu.[7]

Sajarah Sacara Evolusi[édit | édit sumber]

Génus Pan dianggap bagian tina sub-kulawarga Homininae di mana manusa ogé kaasup salah sahijina.[1] Dua spésiés ieu mangrupa sadulur pangdeukeutna jeung manusa sacara évolusi anu masih kénéh hirup[1] Panalungtikan Mary-Claire King dina taun 1973 manggihan 99% sasaruaan DNA antara manusa jeung simpanseu, sanajan kitu ieu panalungtikan geus diralat jadi 94% sasaruaanna, kalayan sababaraha bébédaan aya dina non-coding DNA.[1]

Geus diajukeun yén troglodytes jeung panscus bareng jeung sapiens aya dina génus homo, daripada dina pan.[1] Salah sahiji alesanna ngeunaan ieu hal nyaéta spésiés diklarifikasi deui jadi génus anu sarua dumasar sasaruaan génétis, upamana anu aya dina manusa jeung simpanseu.[1]

Pakta Unik Simpanseu[édit | édit sumber]

1. Simpanseu mangrupa sato anu asalna ti Aprika.[8]

2. Manusa jeung léopard mangrupa ancaman pikeun lumangsuna hirup simpanseu.[8]

3. Simpanseu resep hirup ngagorombol.[8]

4. Normalna simpanseu ngagunaleun dua leungeun jeung dua sukuna, tapi simpanseu ogé bisa leumpang ajeg ngagunakeun dua sukuna.[8]

5. Simpanseu méakeun waktuna pikeun dahar jeung saré dina tatangkaleun.[8]

6. Simpanseu bikang mangsa réproduktifna nepi ka umur 13 taun.[8]

7. Umur simpanseu 50-60 taun.[8]

8. Simpanseu mangrupa sato nu mampuh ngagunakeun alat dina kagiatan sapopona, conto nalika néngan kadaharan, nyieun sayangna, mesék kacang ku batu, ngagunakeun daun jang nginum, jrrd.[8]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h (dalam bahasa id) Simpanse. 2018-02-10. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Simpanse&oldid=13690821. 
  2. a b c d e f g h i j k Zoo, Gembiraloka. "Gembira Loka Zoo". gembiralokazoo.com. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  3. a b c d e f g h i j k l Atlas binatang: Mamalia (dalam Indonesian). Tiga Serangkai. 2007. ISBN 9789793307930. 
  4. a b c d e "apa saja taksonomi simpanse, orangutan dan lutung?" (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-11. 
  5. a b c d e f "6 Fakta Menarik tentang Simpanse yang Perlu Anda Ketahui" (dalam bahasa en-US). Amazine.co. 2014-05-06. https://www.amazine.co/31969/6-fakta-menarik-tentang-simpanse-yang-perlu-anda-ketahui/. Diakses pada 2018-02-11 
  6. a b Liputan6.com. "Perlindungan Simpanse di Pulau Ngamba". liputan6.com. http://global.liputan6.com/read/70475/perlindungan-simpanse-di-pulau-ngamba. Diakses pada 2018-02-11 
  7. "9 Pulau yang Dikuasai Hewan, dari Babi sampai Ular Berbisa". CNN Indonesia. Diakses tanggal 2018-02-11. 
  8. a b c d e f g h "Fakta-fakta Tentang Simpanse". infohewan.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-13.