Strukturalisme

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Ferdinand de Saussure nu Naratas Strukturalisme

Strukturalisme, asal kecapna tina struktur, anu hartina nyaéta ayana hubungan anu tetep antara unsur nu hiji jeung unsur séjénna.[1]. Dina ulikan sastra, strukturalisme nyaéta pamarekan anu nyawang karya sastra sacara objektif hartina anu diajénna téh mangrupa unsur-unsur nu nyangkaruk dina éta karya sastra (intérn atawa ékstern).[2]. Tokoh nu naratas strukturalisme nyaéta Ferdinand de Saussure.[3]

Istilah struktural dihartikeun salaku cara atawa prosedur nu dilaksakeun ku kaum strukturalis (golongan kaum strukturalisma) dina ngalarapkeun paham strukturalisme.[4] Ari strukturalisme mangrupa cabang atawa modél pamikiran dina widang filsafat anu ngébréhkeun struktur pangjerona (batin) dina hiji realitas anu rupa-rupa sacara ilmiah, hartina ngalakukeun métodeu sacara objéktif.[4]

Struktural sacara definitive nyaéta paham ngeunaan unsur-unsur anu aya di jerona, mékanisme antara hubungan, patalina hiji unsur jeung unsur séjén, jeung antara unsur jeung totalitasna. [5] Wangenan ciri-ciri struktur sok disaruakeun jeung ciri-ciri sistem. Sacara étimologis, struktur asal kecapna tina structura (Latin) anu hartina cara. [5] Ku kituna, struktur némbongkeun kecap barang, ari sistem némbongkeun kecap pagawéan.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Salim, Peter.spk.2002.Kamus Bahasa Indonesia Kontemporer.Jakarta:Modern English Press]
  2. Koswara, Dedi.2011.Diktat Perkuliahan:Racikan Sastra.JPBD-UPI]
  3. Kutha, N. R. (2013). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. 
  4. a b Susanto, D. (2014). Pengantar Teori Sastra. Jakarta: PT. Buku Seru. 
  5. a b c Kutha, N. R. (2013). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. 
Nulis.jpg