Témbok Gedé Cina

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Lokasi Tembok Besar

Témbok Gedé Cina (Citakan:Zh-tspl) nyaéta témbok pertahanan Cina nu diwangun ti mimiti abad ka-3 SM nepi ka awal abad ka-17, dina raraga nyalametkeun sababaraha dinasti Cina tina serangan urang Hun, Mongol, Turki, jeung suku pengembara nu datang di wewengkon Mongolia jeung Manchuria ayeuna. Sababaraha bagéan diwangun saprak abad katilu SM, nu kawentar ngeunaan Tembok Besar Cina ieu diwangun antara 220 BC nepi 200 BC ku Kaisar Cina munggaran, Qin Shi Huangdi (tempatna leuwih ka kaler tinimbang Tembok Besar Cina ayeuna nu diwangun salila Dinasti Ming, sarta masih keneh aya sesana saeutik).

Tembok ieu mangrupa struktur wangunan jieunan manusa pangpanjanngna di dunya, manjang ampir 6,352 km (3,948 mile), ti Shanhai Pass beulah kulon nepi ka Laut Bohai wetan, watesan antara "China proper" jeung Manchuria, ti Lop Nur di beulah kidul wetan bagéan ti Wewengkon Otonomi Xinjiang Uygur [1]. Sapanjang satengah lingkaran eta, ngajadikeun wates antara Cina Kaler jeung Inner Mongolia.

Tembok Besar dina usum tiris, deukeut Beijing

Sajarah Tembok Besar Cina[édit | édit sumber]

Bagean jero menara awas

Tembok pertahanan di wates beulah kaler diwangun jeung diropéa ku sababaraha dinasti nu béda dina Sajarah Cina. Kaperluanna keur benteng Cina tina serang pengembara Hunnic, Mongol jeung Turkic. Aya lima tembok utama:

  1. 208 BCE (Qin Dynasty)
  2. 1st century BCE (Han Dynasty)
  3. 7th century CE (Sui Dynasty)
  4. 11381198 (Five Dynasties and Ten Kingdoms Period)
  5. 13681640 (from Hongwu Emperor until Wanli Emperor of the Ming Dynasty)

Tembok utama mimiti diwangun salila kakuasaan Kasisar Cina, Qin Shi Huang. Tembok ieu teu diwangun salaku hiji bagéan, tapi dihasilkeun ku ngahijikeun sababaraha bagéan tembok nu diwangun ku Nagara Perang. Tembok nu dihijijeun dina waktu ieu dijieun tina taneuh kalayan maké menara pengawas dina interval nu sarua. Tempatna leuwih kaler tinimbang Tembok Besar ayeuna nu tunggtung di beulah wetan aya di Korea Utara ayeuna. Ngan saeutik nu nyesa tina tembok mimiti ieu, dina photo ngan katembong mangrupa gundukan taneuh nu handap.

Pamaréntah nitah rakyatna keur nyieun tembok, sarta nu digawe aya dina kaayaan bahaya diserang ku begal. Sabab loba masarakat nu maot waktu ngawangun tembok, aya nu nyebut ogé "makan pangpanjang di dunya" atawa "kuburan panjang". Kurang leuwih ti sajuta pagawe nu maot salila ngawangun tembok, sanajan jumlah nu sabenerna taya nu nyaho nepi ka kiwari. Pagawe nu maot teu di kubur dina tembok, sabab jasadna bisa ngaruksak kana struktur tembok.

Saterusna tembok diwangun ku périodeu Han, Sui, jeung and Sapuluh Raja maké disain nu sarua. Tembok diwangun tina taneuh sarta menara pengawas diwangun unggal sababaraha mil. Tembok ieu ogé leungit, sabab ku erosi angin jeung hujan.

Gudang jeung barak deukeut Beijing

Dina watesan militer, tembok ieu leuwih mangrupa garis demarkasi tinimbang benteng pertahanan. Strategi militer Cina teu ngurung manéh ku tembok, keur gantina kota sorangan mangrupa pertahanan.

Tembok Besar nu loba didatangan ku wisatawan ayeuna diwangun salila Dinasti Ming, mimiti kira-kira taun 1368 sarta nepi ka taun 1640. Tembok mimiti dijieun sanggeus Ming ngawasa Cina, sanajan mimitina lain pilihan nu dipikaresep ku Ming keur ngalawan serangan ti kaler. Pikiran Ming robah sanggeus gagal perang jeung Oirat pingpinan Esen Taiji dina périodeu 1449 nepi ka 1454. Tangtara Dinasti Ming dipingpin ku Kaisar Zhengtong loba nu gugur dina perang sarta Kaisar sorangan ditawan dina taun 1449.

Pamikiran tur terus prak keur ngawangun tembok dimimitian sanggeus Altan Khan ngepung Beijing sarta ngawasa dina sababaraha ratus taun sanggeus taun 1550. Ming, nyanghareupan sababara pilihan keur nyerang Mongol sacara langsung, milih nyieun tembok pertahanan keur "ngalindungi" Cina. Hasilna, loba Tembok Besar Ming diwangun dina périodeu 1560 nepi ka 1640. Tembok anyar ieu diwangun dina skala nu leuwih gedé tur maké bahan nu leuwih kuat (batu padet dipaké keur sisi jeung puncak tembok) tinimbang tembok nu diwangun saméméhna.

Tembok Besar Cina

Tembok Besar Dinasti Ming mimiti ti beulah wetan sarta tungtungna di Shanhai Pass, deukeut Qinhuangdao, di Propinsi Hebei Province, nepi ka Teluk Bohai. Manjang di salapan propinsi tur 100 wilayah, ahirna 500 km (~300 mi) tapi loba nu rubuh, sarta tungtung di kulon ayeuna aya di tempat bersejarah Jiayuguan Pass (disebut ogé Jiayu Pass) (嘉峪关), ayana di kaler-kulon Propinsi Gansu watesan jeung Gurun Gobi sarta oase Jalan Sutra. Jiayuguan Pass mangrupa wilujeng sumping keur padagang sapanjang Jalan Sutra. Sanajan Tembok Besar ngan nepi ka Jiayu Pass, aya sababaraha menara pengawas (烽火台 fēng huǒ tái) diteruskeun ti Jiayu Pass sapanjang Jalan Sutra. Tower ieu komunkasi make haseup keur tanda aya serangan.

Dina 1644, the Kokes Manchu meuntas tembok keur ngayakin jenderal Wu Sangui sangkan muka Gerbang Shanhai sarta ngidinan Manchus meuntas. Dina legenda, keur nyebrang ieu tentara Manchu perlu waktu tilu poe. Sanggeus Manchu ngawasa Cina, Tembok Besar teu boga nilai strategis, utamana sabab Manchu ngalegaan kontrol politikna leuwih ka kaler. Tempo dina Dinasti Manchu.

saméméh Perang Sino-Jepang Kadua, ku sabab gagalna mertahankeun Tembok Besar, Tembok Besar jadi wates sacara de facto antara Republik Cina jeung Manchukuo.

Kondisi[édit | édit sumber]

Tembok Besar di Mutianyu, deukeut Beijing

Sababaraha tempat deukeut pusat turis geus diropéa tur dirawat, di sababaraha bagéan Tembok teu diropéa, dipaké keur tempat ulin di sababaraha tempat ogé sumber batu keur nyieun imah sarta jalan. Bagéan tembok ogé dipaké keur graffiti. Bagéan nu rusak sabab Tembok jadi tempat konstruksi. Bagéan Tembok Besar nu utuh atawa diropéa deukeut ka pusat wisata remen diganggu ku padagang barang antik. Gurun Gobi ogé nabrak tembok dina sababaraha tempat. Kira-kira ngan aya 20% tembok nu dina kondisi alus. Dina taun 2005, photo partey di Tembok Besar aya dina media massa Cina [2]. Ti harita, mimiti ngumpulkeun dana keur Tembok Besar, H.J.P Arnold nalungtik ngeunaan kaayaan tembok. Hasilna "Tembok nu masih keneh alus tur ngan saeutik kaerosi sapanjang 22%. Tembok nu katembong ruksak tapi teu sakabehna ruksak/kaerosi 41%, sarta nu bener-bener ruksak 37%."

Menara Pengawas jeung Barak[édit | édit sumber]

Menara Pengawas

Tembok dilengkepan ku stasion pertahananan, nu mana tembok pertahanan ieu bisa dipaké benteng keur mundur. Unggal menara unik jeung sarta tangga asupna matak ngabingungkeun nu nyerang. Pusat barak jeung administrasi aya dina interval nu leuwih gedé.

Material[édit | édit sumber]

Material nu dipaké nyaéta material nu aya deukeut kana tembok. Tembok deukeut Beijing diwangun tina blok tambang batu kapur. Di tempat séjén bisa ogé tina granite atawa batubata. Sababaraha material dipaké, tungtung dua tembok ditangtungkeun saterusna dieusi ku taneuh sarta dipadetkeun jadi "lantai". Di sababaraha blok tempat disemen maké campuran "sekam" pare jeung endog bobodasna.

Di gurun pangkulonna, di mana material hadé kawilang jarang, tembok diwangun tina taneuh kasar nu dieusikan kana tihang kai nu dianyam.

Pangakuan[édit | édit sumber]

Tembok Besar Cina dina taun 1907, dipoto ku Herbert Ponting. Dina sababaraha abad, aya sababaraha usaha keur nyieun runtuyan benteng sapanjang rute ieu, tapi tembok ieu diwangun salila Dinasti Ming (1368-1644).

Tembok ieu kaasup kana runtuyan "Tujuh Kaajaiban Abad Pertengahan di Dunya" tapi tangtu taya hiji ogé "Tujuh Kaajaiban Dunya" klasih nu dipikawanoh ku Yunani Kuno.

Tembok Besar kaasup kana World Heritage Site UNESCO dina taun 1987.

Tembok Besar Cina katempo di luar angkasa dina warna-palsu radar ti Pesawat Angkasa Luar, dipoto dina April 1994

Mao Zedong nyebutkeun , 不到长城非好汉 Bú dào Chángchéng fēi hǎo hàn, hartina "anjeun can jadi jalma laun can naek ka Tembok Cina".

Ti luar angkasa[édit | édit sumber]

Aya waktu nu lila ngeunaan kateusatujuan yén kumaha tembok bisa katempo ti angkasa luar.

Richard Halliburton 1938 dina bukuna Second Book of Marvels nyebutkeun yén Tembok Besar Cina hiji-hijina obyek jieunan manusa nu bisa katempo ti bulan, sarta kartun Ripley's Believe It or Not! dina sababaraha dekade nyebutkeun nu sarua. Kaperyaan ieu geus kuat, asumsina status urban legend, kadangkala geus asup kana buku teks di sakola. Arthur Waldron, pangarang nu loba nulis sajarah Tembok Besar Cina di sababaraha basa, ngabogaan spekulasi yén percaya ngeunaan Tembok Besar Cina bisa katempo ti luar angka saperti percayana bisa nempo "walungan" di Mars. (Logika gampangna: Lamun urang Bumi bisa nempo walungan di Mars, mangka urang Mars ogé bisa nempo Tembok Besar.)

Kanyataanna, Tembok Besar ngan sababaraha méter lebarna, sarua jeung jalan tol jeung landasan pacu pesawat sarta warnana sarua jeung warna taneuh di sakurilingna. Teu mungkin katempo ku panon langsung ti bulan, komo deui ti Mars. Jarak ka Bumi ti bulan kira-kira sarebu kali leuwih gedé dibandingkeun ti Bumi ka pesawat ruang angkasa di deukeut orbit bumi. Lamun Tembok Besar katempo ti bulan, mangka gampang keur nempo orbit deukeut Bumi. Kanyataana, ti orbit deukeut Bumi teu bisa katempo sarta ngan dina kaayaan nu sampurna, sarta taya obyek lain nu matak ngaburkeun kana obyek nu ditempo.

Astronot William Pogue nyebutkeun manéhna nempo Tembok Besar ti Skylab tapi pamanggihna nyebutkeun nempo Walungan gede Cina deukeut Beijing. manéhna nempo Tembok Besar maké binoculars, tapi nyebutkeun "teu katempo lamun teu make alat." sénator Amerika Jake Garn nyebutkeun yén mungkin keur nempo Tembok Besar langsung tina orbit space shuttle dina awal taun 1980, tapi ieu ogé dibantah ku sababaraha astronot Amerika. Astronot Cina Yang Liwei nyebutkeun teu nempo sakabéhna.

Astronot Amerika séjénna Gene Cernan nyebutkeun: "Di orebit Bumi 160 km nepi ka 320 km luhurna, Tembok Besar Cina bisa katempo." Ed Lu, Expedition 7 ti Kantor Ilmuwan International Space Station, nambahan, "saeutik katempo tinimbang obyek sejenna. Sarta anjeun kudu apal kamana anjeun nempo."

Neil Armstrong nyebutkeun:

(TinaApollo 11), kuring teu percaya, dumasar kana kamampu panon kuring, bisa nempo obyek jieunan manusa. Kuring can manggih nu nyebutkeun yen manehna nempo Tembok Cina di orbit Bumi. Kuring teu nyebutkeun taya jalma nu nempo, tapi sacara pribadi kuring can ngobrol jeung maranehna. Kuring geus ngobrol jeung sabaraha kali ngobrol jeung awak luar angkasa, tur sababaraha kali dina sapoe orbit sabudeureun Cina, sarta taya saurang oge nu nyebutkeun pernah nempo. [3]

Leroy Chiao, astronot Chinese-American, nyokot photo ti International Space Station nu nembongkeun tembok. Sanajan teu bisa dibédakeun tu bagéan mana diphotona. Dumasa kana éta photo, koran China Daily nyimpulkeun yén Tembok Besar Cina bisa katempo ti luar angkasa ku panon langsung, lamun kaayaan keur cangra tur nyaho di mana bisa ditempo [4].

Hasil ieu teu konsisten nu nyebutkeun yén nembok Tembok Besar gumantung kana kaayaan waktu nempo sarta arah cahaya (oblique cahaya nyababkeun kalangkang). Kaayaan bulan bisa katempo teu bisa dideteksi dina kaayaan robahna cahaya, dina kaayan nu sarua keur nempo Tembok Cina. ku sabab kitu, diperlukeun panempo nu hadé keur nempo tembok ti pesawat ruang angkasa dina unggal kaayaan.

Great Wall of China.jpeg

Tempo oge[édit | édit sumber]

Bacaan saterusna[édit | édit sumber]

  • Roland Michaud (Photographer), Sabrina Michaud (Photographer), Michel Jan, The Great Wall of China (2001) ISBN 0-7892-0736-2
  • Arthur Waldron, The Gréat Wall of China: From History to Myth. Cambridge: Cambridge University Press. 1990.
  • H.J.P Arnold, The Gréat Wall: is it or isn't it? Astronomy Now, 1995.

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Catetan[édit | édit sumber]

¹ 10,000 li = 5,760 km (3,580 miles). In Chinese, 10,000 figuratively méans "infinite", and the number should not be interpreted for its actual value, but rather as méaning the "infinitely long wall".

Photo sejenna[édit | édit sumber]

Citakan:World Heritage Sites in China

Zhongwen.svg Artikel ieu ngandung téks basa Cina.
Tanpa rojongan rendering nu luyu, anjeun meureun ukur bisa ningali tanda tanya, kotak, atawa lambang liana, lain karakter basa Cina.