Tajwid
Tajwīd (تجويد) sacara harfiah miboga ma'na ngaaluskeun atawa ngaéndahkeun.[1] Tajwid asalna tina kecap Jawwada (جوّد-يجوّد-تجويدا) dina basa Arab. Dina élmu Qiraah, tajwid hartina ngaluarkeun huruf tina tempatna kalawan merhatikeun sipat-sipat anu dipibogana. Jadi élmu tajwid nyaéta élmu anu niténan kumaha carana ngedalkeun huruf-huruf anu aya dina kitab suci al-Quran.
Aya ogé pasualan anu diébréhkeun dina ieu élmu nyaéta makharijul huruf (tempat kaluar-asup huruf) [2], shifatul huruf (cara ngedalkeun huruf), ahkamul huruf (hubungan antara huruf), ahkamul maddi wal qasr (panjang jeung pondokna kekedalan), ahkamul waqaf wal ibtida’ (ngamimitian jeung ngeureunkeun bacaan), jeung al-Khat al-Utsmani.
Para ulama yakin yén hukum neuleuman tajwid téh fardhu kifayah, tapi ngamalkeun tajwid waktu maca al-Quran mah fardhu ain atawa wajib ka lalaki jeung awéwé mukallaf atawa nu geus sawawa.
Dalil
[édit | édit sumber]Dalil anu ngawajibkeun maca al-Quran maké tajwid téh kieu unggelna.
- Dalil nu munggaran dicokot tina al-Quran. Allah swt ngadawuh nu hartina “Jeung baca Al-Qur’an kalawan halon/tartil (maké tajwid)”[QS:Al-Muzzammil (73): 4]. Ieu ayat jéntré yén Allah swt maréntahkeun Nabi Muhammad keur maca al-Quran anu diturunkeun kalawan tartil, nyaéta ngaéndahkeun maca unggal huruf-hurufna (maké tajwid).
- Dalil nu kadua as sunah (hadist). Dina hadits anu dicaritakeun ku Ummu Salamah r.a.(istri Nabi saw.), waktu anjeunna ditanya ngeunaan kumaha bacaan jeung solat Rasulullah saw., anjeunna ngajawab: ”Baginda saw. solat tuluy saré anu lilana sarua jeung solat, tuluy Baginda solat deui salila saré tadi, tuluy saré deui salila solat nepi ka waktu subuh. Tuluy anjeunna (Ummu Salamah) nyontokeun cara maca Rasulullah saw. kalayan nuduhkeun (hiji) bacaan anu ngajéntrékun (kekedalan) huruf-hurufna hiji-hiji.” (Hadits 2847 Jamik At-Tirmizi).
- Dalil katilu mah ijma ulama. geus sapuk sakabéh ulama ti jaman rasulullah nepi ka jaman ayeuna, yén maca alqur’an maké tajwid téh fardhu jeunghttps://su.wikipedia.org/wiki/Tajwid#cite_note-2 wajib.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Khazanah tajwid
- ↑ Makhorijul Huruf Arab Hijaiyyah Archived 2012-07-24 di Wayback Machine