Teater Romawi
Sanggeus taun 200 SM, kagiatan seni pindah ti Yunani ka Roma, kitu ogé jeung drama.[1] Drama-drama Romawi kacida pentingna dina kamekaran sajarah lantaran gedé pangaruhna ka jaman Renaissance.[1] Loba panulis Renaissance nu tatapakanana tina drama-drama Yunani nu disadur kana drama Romawi, misalna waé William Shakespeare.[1]
Téater Roma mangrupa hasil adaptasi tina téater Yunani, bédana téh dina scene ditambahan témbok nu jangkung nu disebut FaÇade. Panggung mibanda pungsi minangka jalan.[2]
Pamaréntah ngan saukur méré bantuan dina pintonan-pintonan, sedengkeun waragadna mah jadi tanggung jawab jalma nu baleunghar.[2]
Wangun drama di Teater Romawi
[édit | édit sumber]Tragédi
[édit | édit sumber]Wangun drama ieu diwanohkeun ka Roma taun 240 SM ku Livius Andronicus (ngaliwatan saduran tragédi-tragédi Yunani).[2] Panulis tragédi nu kasohor nyaéta Lucius Annaeus Seneca (4 SM-65 SM).[2] Seneca nyaéta inohong politik jeung sasta sarta sauranf filsuf nu nganut mazhab STOA.[2] Tulisan-tulisanana leuwih museur kana filsafat, sawatara surat, esei, sarta hiji satyr jeung 9 tragédi.[2]
Komédi
[édit | édit sumber]Ampir sarua jeung komédi anyar Yunani.[2] Lakon koor dileungitkeun sarta ditambahan ku musik jeung lagu.[2] Panulis-panulisna nyaéta Terence jeung Plautus.[2]
Drama minor
[édit | édit sumber]Ieu drama dibagi jadi tilu nyaéta farce péndék, mime (drama péndék nu faktual), jeung pantomim.[3]
Jenis drama nu dipikaresep di Roma nyaéta komédi, farce péndék, pantomime, jeung pintonan-pintonan sénsasional.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |