Lompat ke isi

Teddy Heri Setiawan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Teddy Heri Setiawan
Informasi pribados
Nami lengkep Teddy Heri Setiawan
Lahir 21 April 1991 (1991-04-21) (yuswa 34)[1]
Tempat lahir Kediri, Indonesia
Luhur 1.83 m (6 ft 0 in)
Posisi Kiper
Informasi klub
Klub ayeuna Aceh United
Nomor 91
Karir sénior*
Taun Tim Midang (Gol)
2014–2016 Persik Kediri 9 (0)
2016–2017 Bhayangkara
2017–2018 Arema FC 0 (0)
2019 Persiba Balikpapan 1 (0)
2019 Aceh United 0 (0)
2019 Babel United 2 (0)
  • Midang jeung gol di klub sénior ngan diétang ti liga doméstik .

Teddy Heri Setiawan (lahir di Kediri, 21 April 1991) nyaéta saurang pamaén bola profésional Indonésia anu kiwari jadi kiper di klub Babel United di Liga 2.[2][3]

Kiprah jadi Kiper

[édit | édit sumber]

Teddy ngamimitian kiprahna minangka kiper profésional di Persik Kediri taun 2013, nepi ka ngawal éta klub ka semifinal Divisi Utama (2012-2013). Ngan hanjakal dina adu hareupan semifinal jeung klub Perseru, Teddy teu mampuh nangkis sepakan bola hiji-hiji acan dina drama adu pinalti. Antukna Persik Kediri teu bisa lolos kana babak final.[4] Dina laga bubuka Piala Kemerdekaan 15 Agustus 2015, Teddy maén keur Persekap Pasuruan.[5] Dina éta laga tanding, manéhna boga ambisi pikeun ngabuktikeun kamampuhna ka Madiun Putra FC nu harita jadi lawanna, lantaran kungsi nguciwakeun manéhna waktu ngagabung jeung MPFC di Divisi Utama 2015, lantaran merenahkeun manéhna ngan dina bangku cadangan.[5] Per tanggal 1 Februari 2016, manéhna pindah ka klub Bhayangkara FC.[6]

Dina usum Liga 1 2017-2018 Teddy ditargétkeun ku Yanwar Hermansyah, palatih kiper Arema FC pikeun diseléksi jadi salah sahiji kiperna.[7][8] Waktu maén pikeun Arema FC, Teddy diperenahkeun minangka kiper cadangan.[9] Tina 13 kali Arema maén dina Liga 1 taun 2018, Teddy mah teu kungsi diturunkeun pikeun ngiperan.[10] Alatan tinimbangan manajemen Arema, dina babak panungtungan Liga 1 2018, Teddy kaasup salah sahiji tina tujuh pamaén anu dileupaskeun tina posisi dina éta klub.[11][12]

Taun 2018 kénéh Teddy dikontak ku Martapura FC pikeun ngagabung jeung éta tim minangka nataharkeun Piala Indonesia 2018.[13] Manéhna némbongkeun minatna pikeun ngabéla Martapura FC, nu dianggapna minangka "imah kadua",[14] nepi ka ahirna tuluy ngagabung pikeun maén di éta klub.[15] Dina usum Liga 1 2019, manéhna ngagabung jeung klub Persiba Balikpapan nu dirékoméndasikeun langsung ku palatih Salahudin pikeun ngaganti kiper Fajar Setya.[16] Awal bulan Agustus 2019, manéhna maén pikeun Aceh United[17]. Lantaran éta klub ngagabung jeung klub PS Timah Babel, tuluy jadi klub anyar Babel United,[18][19] antukna Teddy jadi ponggawa éta tim nepi ka kiwari.

Kajadian Hémeng

[édit | édit sumber]

Dina laga tanding Persekap Pasuruan jeung MPFS aya kajadian pikahémengeun waktu Teddy kapaksa kudu maké kaos kiper nomer 20, tapi ari ngaranna kiper nu heubeul kénéh. Ieu téh lantaran kateusiapan manajemen Persekap dina nataharkeun kalengkepan raksukan tim. Éta kajadian téh teu kapanggih ku wasit dina babak kahiji, tapi ahirna kanyahoan ogé dina babak kadua mah. Antukna ngaran dina tonggongna ceuk wasit kudu dilakban.[20]

Klub nu Kungsi Diiluan

[édit | édit sumber]

Teddy kungsi maén di sababaraha klub sépak bola profésional di Indoneésia, antarana baé:

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Teddy Heri Setiawan - Player Profile - Football". Eurosport. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  2. "Resmi Babel United FC Rekrut Tujuh Pemain, Satu Pemain Lokal". Bangka Pos (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  3. "Pulangnya 'Si Anak Hilang' Risky Novriansyah - Page 2 of 2". babelpos.co (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30. Archived 2019-12-30 di Wayback Machine
  4. Okezone. "Drama Adu Penalti Bawa Perseru Lolos ke ISL : Okezone Bola". https://bola.okezone.com/ (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  5. 1 2 3 4 Bola.com. "Mantan Kiper Persik Ingin Permalukan Madiun Putra". bola.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  6. "Indonesia - T. Setiawan - Profile with news, career statistics and history - Soccerway". int.soccerway.com. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  7. INDOSPORT.com. "Incar Kiper Baru, Inikah Pengganti Kurnia Meiga di Arema FC?". INDOSPORT.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2019-12-30. Archived 2019-12-30 di Wayback Machine
  8. Bolasport.com. "Sosok Ini jadi Faktor Penting Dibalik Merapatnya Kiper Persik Kediri ke Arema FC - Semua Halaman - Bolasport.com". www.bolasport.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  9. "Dua Gol Dedik Setiawan Menangkan Arema FC". PSSI - Football Association of Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30. Archived 2019-12-30 di Wayback Machine
  10. "Pelatih Arema FC Inginkan Kiper Baru | Goal.com". www.goal.com. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  11. "Arema FC Lepas Tujuh Pemain Jelang Putaran Kedua Liga 1". Republika Online. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  12. antaranews.com. "Arema FC kontrak Makan Konate". Antara News. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  13. "Tedi Heri Siap Merapat ke Martapura FC". Banjarmasin Post (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  14. "Digoda Empat Tim Liga 2 2018, Mantan Kiper Arema FC Ini Justru Prioritaskan Martapura FC". Banjarmasin Post (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  15. Murtianto. "Ini Klub Liga 1 2018 yang Melepaskan Pemain Terbanyak pada Bursa Transfer Paruh Musim". Bolalob - Situsnya Anak Futsal!. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  16. prokal.co. "Tedi Lebih Pilih Persiba | Balikpapan Pos". balikpapan.prokal.co (Dina basa Indonesian). Diaksés tanggal 2019-12-30. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link) Archived 2019-12-30 di Wayback Machine
  17. 1 2 "Teddy Heri Setiawan - Player profile 2019". www.transfermarkt.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  18. 1 2 Bolasport.com. "Merger dengan Aceh United, Babel United Siap Hadapi Liga 2 2019 - Bolasport.com". www.bolasport.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  19. 1 2 Suryana, Iwan. "Babel United Nama Baru Mergernya Aceh United dengan PS Timah Babel, Ini Perjalanan Sejarah Kedua". KAMPIUN.ID (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2019-12-30. Archived 2019-05-16 di Wayback Machine
  20. Bola.com. "Wasit Tak Jeli, Pemain Ini Tak Ditegur Pakai Kostum Pemain Lama". bola.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  21. Bolasport.com. "Wajah 6 Kiper Arema FC Musim Depan, Tak Ada Nama Kurnia Meiga - Semua Halaman - Bolasport.com". www.bolasport.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  22. "Bhayangkara FC  2018". www.footballdatabase.eu. Diaksés tanggal 2019-12-30.
  23. Bola.com. "Kiper Persik Mengadu Nasib di Arema". bola.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30.
  24. Loket.com. "Susunan Pemain Persiba Balikpapan di Liga 2 2019!". www.loket.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2019-12-30. Archived 2019-12-30 di Wayback Machine