Urang Sunda jeung Basa Sunda
Urang Sunda jeung Basa Sunda, mangrupa salah sahiji buku karangan Ajip Rosidi anu medal taun 2007 (Januari).[1] Pamedalna Kiblat Buku Utama (Bandung) sarta kandel ieu buku 184 kaca.[1] Ajip Rosidi mangrupa pangarang anu produktif.[2] Ajip Rosidi lain ngan sakur pangarang basa Sunda tapi ogé sastrawan Indonésia, budayawan, dosén, ngadegkeun sarta redaktur sababaraha pamedal, nu ngadegkeun jeung ketua Yayasan Kebudayaan Rancagé.[2] Buku Urang Sunda jeung Basa Sunda, mangrupa hiji bukti tina réana préstasi jeung éksisténsi Ajip Rosidi di dunya litérasi.[1]
Buku Urang Sunda jeung Basa Sunda mangrupa kumpulan tulisan meunang Ajip Rosidi ngeunaan basa jeung urang Sunda anu medal dina majalah bulanan Cupumanik salila tilu taun.[1] Disusunna ieu buku ku lantaran pikeun ngumpulkeun réa-réa isu anu kudu dipikanyaho tur dipikiran ku urang Sunda.[1] Tujuanna sangkan sing saha baé anu kataji kana masalah-masalah ngeunaan basa Sunda kiwari bisa niténan tina ieu buku.[1]
Sinopsis
[édit | édit sumber]Ieu buku kawangun ku 38 subbab anu dibagi jadi opat bagéan.[1] Bagéan kahiji, muka paradigma ngajak sangkan urang Sunda reueus jadi urang Sunda.[1] Bagéan kadua, ngadadarkeun kaayaan tradisi maca buku Sunda.[1] Bagéan katilu, ngaguar ngeunaan undak-usuk Basa Sunda, sarta bagéan kaopat mérédih ngarah urang Sunda daék ngagunakeun basa Sunda di mana baé.[1]
Singgetna tulisan-tulisan anu aya dina buku Urang Sunda jeung Basa Sunda niténan kaayaan urang Sunda kiwari anu geus réa pada embung nyarita ku basa Sunda.[1] Kahudang ku sikep urang Sunda anu kanyaahna kana basa Sunda mingkin tumpur.[1] Utama pikeun barudak ngora anu baris jadi ahli waris manjangkeun umur basa Sunda sangkan waluya.[1]
Dina bagéan eusi ieu buku ngajak supaya urang Sunda miboga sikeup reueus jadi urang Sunda anu cageur, bener, pinter, tur parigel.[1] Ngabudayakeun urang Sunda sangkan jadi kaum literat, ku cara nyieun tradisi maca buku basa Sunda.[1] Masalah undak-usuk basa anu sok jadi kahariwang maké basa Sunda ogé dipedar.[1] Sarta dina ahir buku pangarang méré léngkah-léngkah praktis sangkan bisa ngagunakeun basa Sunda di mana baé.[1]