Lompat ke isi

Urang Trunyan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Sétu nu disawang minangka tempat cicingna Urang Trunyan (Bali Aga atawa Bali Mula)

Urang Trunyan nyaéta salah sahiji kelompok séké sélér nu aya di pulo Bali.[1] Urang Trunyan disawang kurang kapangaruhan ku kabudayaan Jawa Hindu Majapahit jeung agama Hindu Dharma.[1] Lokasi nu disawang salaku wewengkon asli urang Trunyan nyaéta di pasisian setu Batur.[1]

Déskripsi

[édit | édit sumber]

Urang Trunyan disawang minangka urang Bali nu kurang kapangaruhan kabudayaan Jawa Hindu zaman Majapahit jeung agama Hindu Dharma.[1] Sanajan saeutik pangaruh Hindu Dharma, dina prasasti nu aya di Trunyan, katempo yén urang Trunyan ngadopsi sababaraha sesebutan urang Hindu Dharma.[1] salah sahijina katempo tina prasasti nu aya di pelinggih nu ayana di kuil utama Trunyan minangka salah sahiji bukti pangaruh sumebarna agama Hindu abad ka-10 maséhi.[1] Di pulo Bali, urang Trunyan ieu dipikawanoh ogé ku sebutan Bali Aga atawa Bali Mula.[1]

Asal Kecap

[édit | édit sumber]

Urang Trunyan disebut ogé Bali Aga atawa Bali Mula.[1] Urang Trunyan sorangan nyoko kana désa panglinggihan urang Trunyanna sorangan nyaéta désa Trunyan.[1] Sebutan Bali Aga nyoko kana harti urang Bali ti pagunungan.[1] Sedengkeun Bali Mula boga harti Bali Asli.[1] Ngaran Bali Aga sorangan dijieun ku urang Bali nu ngagem agama Bali Hindu.[1] Sedengkeun urang Trunyana sorangan teu mikaresep kana sebutan Bali Aga, leuwih resep lamun disebut Bali Mula atawa Bali Turunan.[1] Ngaran Bali Turunan disebut minangka kapercayaan nu diagemna yén kokolotna turun ti langit ka buana Trunyan.[1] Urang Trunyan sorangan nyebut urang Bali Hindu kalawan sebutan Bali Suku sabab Bali Hindu disawang datang ka Bali ti Jawa kalawan leumpang.[1] Suku sorangan nyoko kana kecap dina basa Bali.[1]

Dina prasasti didésa Trunyan nu taunna 813 Caka jeung 833 Caka aya babandingan antara dua agama nyaéta agama nu disumebarkeun ku Brahmana jeung agama masarakat Trunyan.[2] Urang Trunyan boga kayakinan yén maranéhna nitis ti déwa pangluhurna nu disebut Betara Gedé Pancering Jagat jeung déwi Ratu Ayu Pingit Dalem Dasar.[3]

Agama Urang Trunyan

[édit | édit sumber]

Déwa Betara Gedé Pancering Jagat jeung déwi Ratu Ayu Pingit Dalem Dasar disebut ngumbara jeung linggih di désa Abang Dukuh jeung Kedisan.[3] Numutkeun prasasti di Trunyan, iwal ti ngébréhkeun ngeunaan agama, ogé ngajelaskeun ngeunaan kawajiban urang Trunyan lamun nyanghareupan acara-acara Brahmana.[2] Urang désa dipimeunang pikeun ngadegkeun pura pikeun Betara Datonta, déwa nu dipihormat ku masarakat désa Truntan.[2] Maranéhna dibébaskeun ti pajak nalika maranéhna ngayakeun hari raya Pamili nyaéta upacara Magha Mahanawami.[2] Di poé séjén maranéhna diwajibkeun pikeun mayar pajak salaku sumbangan ka Brahma Wangsa (Brahmana nu boga kulawarga).[2] Tuluy diwajibkeun pikeun ngariksa jeung mikahormat Goa Jala Lingga minangka hiji patapaan ti Bhiksu di Gunung Batur.[2] Salajengna diwajibkeun pikeun méré sumbangan ka Bhiksu Cudha Genitri nyaéta Brahmana nu teu boga kulawarga.[2]

Agama Brahmana

[édit | édit sumber]

Dina prasasti nu kapanggih di pura Kehen Bangli yén Brahmana dipimeunang pikeun ngadegkeun patapaan deukeut ka Hyang Kari Mama nu watesna Pura Hyang Api.[2] Dina prasasti Gobleg nu angka tauna 836 Caka jeung prasasti Anggasari ogé ngébréhkeun ngeunaan diadegkeuna patapaan di Indra Pura jeung pangwangunnan Pura Hyang Api.[2]

Kaayaan Lingkungan jeung Basa

[édit | édit sumber]

Désa Trunyan sorangan dibagi ku lima bagéan désa (tempek) nyaéta Trunyan, Madia-Pangkungan, Bunut, Puséh jeung Mukus.[2] Désa Trunyan sorangan ayana di sisi pasir salah sahiji pasisian sétu Batur.[2] Kalawan hawa nu sejuk temperatur 12-19 darajat celcius.[2] Basa Bali nu dipaké ku urang Trunyan disawang minangka dialék basa Bali nu dicap minangka basa Bali kasar.[2] Taun 1923 urang désa Trunyan 1.416 urang.[1]

Réferénsi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q Melalatoa, M. Junus. 1995. Ensiklopédia Suku Bangsa di Indonésia. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
  2. a b c d e f g h i j k l m Shastri, Narendra Dev Pandit. 1963. Sejarah Bali Dwipa. Bali: Bhuvana Saraswati Publishing
  3. a b Bunanta, Murti. 2003. Indonesian Folktales. United States of America: Libraries Unlimited.