Lompat ke isi

Utsman bin 'Affan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Utsman bin Affan nyaéta salah sahiji sahabat Nabi Muhammad anu paling éraan.[1] Anjeunna kaasup kana salah sahiji Khalifah (Khulafaur Rosyidin) katilu anu maréntah sabada Umar bin al-Khattab maot.[1] Utsman bin Affan maréntah ti taun 644 M (umur 69–70 taun) dugi ka 656 M (salila 11–12 tahun).[1] Salian éraan, Utsman bin Affan mangrupa ahli dina widang ekonomi, ogé saudagar anu beunghar tur dermawan.[1]

Loba bantuan ekonomi anu dibikeun ku Utsman ka umat Islam dina awal dakwah Islam.[2] Anjeunna meunang julukan Dzunnurain ynu hartina anu miboga dua cahaya.[2] Julukan ieu dibikeun ka Utsman ku sabab Utsman parantos nganikahan putri kadua jeung katilu ti Rasullah Saw nyaéta Ruqayah jeung Ummu Kaltsum.[2] Anjeunna ogé miboga jasa dina hal ngabukukeun Al Qur'an.[2]

Kalahiran jeung Nasab

[édit | édit sumber]

Utsman bin Affan miboga ngaran lengkep Utsman bin Affan Al-Amawi Al-Quarisyi, anu asalna ti Bani Umayyah.[1] Gumelar dina ahir taun 574 Masehi.[1] Indung nyaéta Arwa binti Kuriz bin Rabiah.[1] Anjeunna lebet Islam ku sabab diajakan ku Abu Bakar, nyaéta sabada Islamna Ali bin Abi Tolib jeung Zaid bin Haristah.[1] Anjeunna nyaéta salah sahiji sahabat utama Nabi Muhammad SAW, sarta kaasup kana golongan As-Sabiqun al-Awwalin, nyaéta jelma-jelma anu mimiti asup Islam tur iman.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Sumber 1 Archived 2012-04-21 di Wayback Machine
  2. a b c d Ochsenweld, William; Fisher, Sydney Nettleton (2004). The Middle East: a history (sixth ed.). New York: McGraw Hill. ISBN 0072442336.