Vitamin K

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Vitamin K1 (fillokuinon). Boga cingcin naftokuinon fungsional jeung ranté gigir alifatik. Fillokuinon boga ranté gigir fitil.

Vitamin K (K tina "Vitamin-Koagulasi" dina basa Jérman[1]) nujul ka sakumpulan vitamin lipofilik, hidrofobik nu dipikabutuh pikeun modifikasi posttranslasi sababaraha jenis protéin, utamana anu dipaké dina koagulasi getih. Sacara kimiawi mah nyaéta turunan 2-métil-1,4-naftokuinon.

Vitamin K1 ogé katelah fillokuinon atawa fitoménadion. Vitamin K2 (ménakuinon, ménatétrenon) biasana dihaslikeun ku baktéri dina jero peujit. Ku kituna, jarang pisan nepi ka kakurangan, iwal mun peujitna ruksak parna antukna teu bisa nyerep molekulna, atawa alatan produksina kaganggu balukar tina loba teuing antibiotik[rujukan?].

Aya tilu bentuk vitamin K sintétik: vitamin K3, K4 jeung K5; di antarana dipaké dina pikeun parab ingon (vitamin K3) jeung nginhibit tumuwuhna fungi (vitamin K5)[2].

Wangun kimia[édit | édit sumber]

Vitamin K2 (ménakuinon) nu cingcin gigirna diwangun ku sababaraha rupa résidu isoprénoid.

Sakabéh kulawarga vitamin K boga wangun cingcin naftokuinon dimétilan jeung rupa-rupa ranté gigir alifatik nu napel dina posisi-3 (tempo gambar 1). Béda ti nu séjén, fillokuinon (ogé katelah vitamin K1) dina ranté gigirna ngandung opat résidu isoprénoid, nu hiji di antarana henteu jenuh.

Ranté gigir ménakuinon diwangun ku sababaraha résidu isoprénoid teu jenuh; sacara umum dilambangkeun ku MK-n, nu n-na nunjukkeun jumlah isoprénoidna.

Sacara umum, naftokuinon dianggap gugus fungsi, antukna mékanismeu petana sarupa jeung sakabéh vitamin K.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Dam, Henrik (1935), "The Antihaemorrhagic Vitamin Of The Chick" (PDF), Biochemical Journal XXIX (82): 1273–1285 
  2. Medical Encyclopedia: Vitamin K. 2009. Tiasa dibuka di http://www.nlm.nih.gov/medlineplus/ency/article/002407.htm

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg