Wihara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Wihara di Chiang Mai, Thailand

Wihara nya éta tempat ibadah agama Budha. [1] Kecap wihara asalna ti basa Pali (basa India Kuno) anu hartina tempat cicing atawa tempat puja bhakti (Gunawan, 2000:1). [2] Wihara ogé bisa diartikeun minangka biara Budha atawa tempat pasamoan para biarawan Budha. [2]

Fungsi[édit | édit sumber]

Wihara miboga fungsi minangka tempat ngalakukeun puja bakti, tempat pembabaran, penghayatan sarta pangamalan dhamma (ajaran agama Budha), minangka tempat latihan meditasi dina usaha ngarealisasikeun pancén suci sarta minangka tempat cicingna para bhikku jeung samanera. [2]

Peran[édit | édit sumber]

Wihara miboga peran minangka puseur kagiatan kaagamaan anu diharepkeun bisa ngaronjatkeun moral sarta budi pekerti luhur dina kahirupan agama pikeun umat Budha, ngadidik, sarta ngabalukarkeun kasadaran dina neuleuman dhamma dina umat Budha sarta masarakat umum sangkan bisa leuwih alus dina bermasarakat (Gunawan, 2000:52). [2]

Fasilitas[édit | édit sumber]

Poé waisak di Wihara, Kuala lumpur

Fasilitas nu aya di jero Wihara nya éta: [2]

  1. Patung Budha, patung ieu miboga genep wangun jeung harti anu béda, diantarana: [2]
    • Vitarka Mudra hartina biantara.
    • Dharmacakra Mudra hartina muter roda ajaran Budha.
    • Dhyani Mudra hartina tapa.
    • Abhayana Mudra hartina teu sieun.
    • Bhumisparsa Mudrahartina ngahiji jeung alam atawa bumi.
    • Vara Mudra hartina béréhan (John, 1990 : 54-55). [2]
  2. Kitab Suci Tripitaka, diteundeun digigireun patung budha. [2]
  3. Lilin, nu miboga harti minangka lambang ti dhamma jeung vinaya (kitab nu eusina aturan para bhikku) nu nyaangan batin jeung ngusir kasieun. [2]
  4. Dupa, nu miboga harti minangka lambang seungitna kahadéan. [2]
  5. Kembang, miboga harti minangka lambang kaéndahan jeung teu kekalna ti sakabéh nu aya di alam dunya. [2]
  6. Cai, miboga harti minangka lambang soméah.[2]
  7. Genta nu fungsina pikeun tanda waktu kabaktian. [2]
  8. Bel nu fungsina pikeun ngabuka waktu kabaktian.[2]
  9. Bungbuahan minangka sasajén.[2]
Nulis.jpg



Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Definisi (Diakses tanggl 17 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o Arti Wihara (Diakses tanggal 17 November 2011)