Abdullah bin Nuh

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Abdullah bin Nuh (Cianjur, 30 Juni 1905-Bogor, 26 Oktober) nyaéta Ulama, panyair dina basa Arab, dosén, panyiar radio, pangarang buku dina basa Arab, Indonésia, jeung Sunda. Meunang atikan ti bapana, K.H. Radén Nuh nu ngawangun sakola I'Anat at-Talib al-Miskin, ku kituna manéhna bisa ngawasaan basa Arab dina yuswana nu anom kénéh. Salian ti éta manéhna ngatikan basa Walanda jeung Inggris sacara otodidak. Keur yuswana 17 taun (1922) manéhna ngajar di Hadramaut School di Surabaya bari jadi rédaktur minggonan basa Arab Hadramaut. Taun 1926 manéhna indit ka Mesir pikeun diajar di Fakultas Syari'ah Universitas Al-Azhar salila 2 taun. Nalika balik ka lemah cai, manéhna ngajar di Cianjur jeung Bogor. Keur jaman Jepang (1942-1945), manéhna jadi anggota PETA. Sanggeus proklamasi kamerdekaan mingpin BKR nu satuluyna jadi TNI. manéhna kapilih jadi anggota KNIP nu peranna jadi lembaga legislatif di Yogyakarta, bari jadi Pupuhu Séksi Siaran Basa Arab RRI Yogyakarta jeung dosén basa Arab di UI. Sanggeus Walanda ngaku ka kadaulatan RI jeung ibu kota pindah ka Jakarta deui. Abdullah pindah ka Jakarta jadi Pupuhu Séksi Siaran Basa Arab RRI (1950-1964). Tuluy jadi dosén basa Arab FSUI, Jakarta (1964-1967). Taun 1969, manéhna ngawangun Majelis Al-Ghazali jeung Pesantrén Al-Ihya di Bogor, tempat manéhna ngadidik calon-calon ulama. Salaku ulama manéhna dihormatan ku kalangan intéléktual. Abdullah nulis buku dina basa Arab, contona a.l Al'Alam al-Islami (Dunia Islam).[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Rosidi, Ajip (2000). Ensiklopedia Sunda. Indonesia: Pustaka Jaya. ISBN 9794192597.