Bakicot

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bakicot
Achatina fulica di Bali
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Mollusca
Class: Gastropoda
(unranked): clade Heterobranchia

informal group Pulmonata
clade Eupulmonata
clade Stylommatophora
informal group Sigmurethra

Superfamily: Achatinoidea
Family: Achatinidae
Subfamily: Achatininae
Genus: Achatina
Subgenus: Lissachatina
Species: A. fulica
Ngaran binomial
Achatina fulica
(Férussac, 1821)

Bakicot disebut ogé balakicot, blekecot atawa kéong racun; Achatina fulicia Bowdich.[1] Kéong gedé nu hirup di darat.[1] Wangun cangkangna kerucut tur buleud di handapna, panjangna kurang leuwih 13 cm kalawan garis tengah 5 cm.[1] Warnana coklat kabodas-bodasan atawa kakonéng-konéngan.[1] Kaasup kana sato mollusca ti kelas Gastropoda nu hartina leumpang maké beuteung.[2] Bakicot mangrupa sato nu asalna ti Afrika Timur. [2] Kulantaran gampang anakanana, bakicot sumebar ka sakabéh sakuliah dunya, kaasup ka Indonesia. [2] Di Indonesia mimiti aya di Bogor taun 1922.[1] Kadaharanana sabangsaning tutuwuhan leutik jeung sésa bahan organik.[1] Bakicot resep cicing di tempat nu miboga hawa tiis ogé lembab.[3] Kulantaran kitu, nalika usum ngijih datang, loba bakicot nu bisa ditingali ku urang naplok di sawatara tempat kayaning dina tangkal cau, paré, tangkal tomat, jeung tangkal-tangkal lianna.[3] Cara hirupna nu némpél dina tatangkalan ngabalukarkeun tangkal nu ditempatanna bakal rusak.[3] Alatan hal éta, bakicot dianggap salasahiji hama nu ngaruksak tatangkalan.[3] Salian ti éta bisa ogé ngabalukarkeun radang otak nu dibalukarkeun ku ayana cacing mata nematode parasit.[1]

Mangpaat Bakicot[édit | sunting sumber]

Protein nu aya dina bakicot kurang leuwih 12% per 100 gr dagingna.[3] Zat lainna nu aya dina bakicot diantarana waé lemak, hidrat arang, kalsium, phosphor, sarta vitamin B2.[3] Kulantaran éta salian ti bisa jadi kadaharan pikeun sato inguan kayaning lélé dumbo, ogé mangrupa sumber protein hewani nu miboga kualitas luhung lantaran miboga jumlah asam amino esensial nu lengkep.[2] Loba masarakat nu resep kana kadaharan nu diolahna tina bakicot kayaning saté bakicot, baso bakicot, rémpéyék bakicot jeung kiripik bakicot.[2] Kiwari bakicot loba dikumpulkeun pikeun dijadikeun komoditas ekspor. [3] Lantaran di nagara batur mah bakicot téh kaasup kana kadaharan élit.[2] Loba nagara nu mikahayang bakicot kayaning Prancis, Jerman, sarta Jepang pikeun dijadikeun olahan kadaharan.[2] Di Perancis, kadaharan olahan bakicot miboga ngaran escargots de bourguignonne nu hartina bakicot nu dibeuleum maké anggur jeung mantega bumbu (herb butter).[3] Di Indonesia geus aya sababaraha daérah nu ngamangpaatkeun bakicot jadi komoditi usaha, kayaning sawatara daérah di Jawa Timur, Jawa Barat, Sumatera, jeung Bali.[3] Salian ti éta, bakicot ogé bisa dijadikeun ubar tradisional, lantaran ekstra daging bakicot sarta lendirna nu guna pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit, diantarana waé abortus, radang selaput mata, sumilangeun, nyeri huntu, ararateul jeung sajabana.[2]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  2. a b c d e f g h Bekicot Juga Bisa Dibudidaya (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)
  3. a b c d e f g h i Bekicot (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)