Daur karbon

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Diagram daur karbon. Angka hideung nunjukkeun jumlah karbon anu disimpen (milyar ton, "GtC" wancahan tina GigaTons of Carbon; gambar taun 2004). Angka bungur nunjukkeun jumlah karbon nu pindah ti hiji reservior ka nu lianna per taun. Sédimén dina ieu diagram henteu ngawengku ~70 juta GtC batu jeung kerogén karbonat.

Daur atawa siklus karbon nujul ka daur biogéokimia silih tukeurna karbon di antara biosfir, géosfir, hidrosfir, jeung atmosfir Bumi. Ieu daur biasana dianggap salaku opat sumber utama karbon. Reserviorna nyaéta atmosfir, biosfir darat (biasana ngawengku sistem cidarat jeung bahan organik teu hirup sarupaning karbon taneuh), jaladri (nu ngawengku karbon anorganik puyar jeung biota laut), sarta sédimén (ngawengku suluh fosil). Gerak karbon taunan, silih tukeur karbon antarreservoir, lumangsung alatan ayana rupa-rupa kajadian kimiawi, fisik, géologis, jeung biologis. 'Balong' karbon pangbadagna nu deukeut ka beungeut Bumi aya di sagara, najan nu di sagara jero mah hésé silih tukeurna jeung atmosfir.

Anggaran karbon sajagat (global carbon budget) hartina kasaimbangan silih tukeur (asup jeung kaluar) karbon antara reservoir-reservoir atawa antara hiji jalur siklus. Uji anggaran karbon hiji balong atawa reservoir bisa ngukur naha éta balong téh sumber atawa pamiceunan karbon dioksida.

Di atmosfir[édit | sunting sumber]

Di atmosfir Bumi, karbon utamana aya dina wangun gas karbon dioksida (CO2). Najan kadarna di atmosfir saeutik pisan (kira 0,04% dina molar), karbon boga pancén penting pikeun ngadukung kahirupan. Gas lianna di atmosfir nu ngandung karbon di antarana métana jeung klorofluorokarbon. Kandungan gas rumah kaca nu beuki nérékél dina jangka sababaraha dékadeu, sacara téoritis milu nyumbang ka jagat nyongkab[1].

Karbon diala ti atmosfir maké sababaraha cara:

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. The Intergovernmental Panel on Climate Change (IPCC) which represents wide consensus of international scientific opinion.

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Appenzeller, Tim (2004). "The case of the missing carbon". National Geographic Magazine. - article about the missing carbon sink
  • Bolin, Bert, Degens, E. T.; Kempe, S.; Ketner, P. (1979). The global carbon cycle, Chichester ; New York: Published on behalf of the Scientific Committee on Problems of the Environment (SCOPE) of the International Council of Scientific Unions (ICSU) by Wiley. URL accessed 2007-10-07.
  • Houghton, R. A. (2005). "The contemporary carbon cycle" William H Schlesinger (editor) Biogeochemistry, 473-513, Amsterdam: Elsevier Science.
  • Janzen, H. H. (2004). "Carbon cycling in earth systems—a soil science perspective". Agriculture, ecosystems and environment 104 (3): 399-417.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg